Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:13

[1] Isa katut murid-murid-Na geus cunduk ka hiji tempat deukeut Betania jeung Betpage di suku Gunung Jetun, teu jauh deui ti Yerusalem. Anjeunna miwarang dua murid,

[2] saur-Na, «Teruskeun ka kampung itu. Sa-supna ka dinya, engke, maraneh bakal manggih kalde keur dicangcang. Eta kalde teh ngora keneh jeung can aya anu numpakan.

[3] Leupaskeun cangcangna, tuluy bawa ka dieu. Lamun aya anu negor, bejakeun: Diperlukeun ku Jungjunan, engke ge, dipulangkeun deui.»

[4] Dua murid arindit. Sa-supna ka dinya, maranehna manggihan eta kalde keur dicangcang di buruan hiji imah di sisi jalan. Tuluy cangcangna diudaran ku maranehna.

[5] Jelema-jelema anu keur narangtung di dinya, negor, «Rek dibawa ka mana?» Ku nu duaan tea, dijawab sakumaha papatah Isa.

[6] Anu negor henteu ngoretkeun.

[7] Terus eta kalde ditungtun, dibawa ka Isa; — eta tonggong kalde teh geus meunang nilaman ku baju masing-masing — tuluy ku Anjeunna ditunggangan.

[8] Jelema-jelema, loba anu ngalamparkeun papakeanana di jalan; ari anu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan anu saleger beunang ngala ti tegalan.

[9] Anu ngiring, beulah hareup jeung beulah tukang ger cumeluk, «Hosana! (hartina kira-kira: Dirgahayu). Wilujeng Anu sumping ngemban jenengan Pangeran!

[10] Wilujeng karajaan karuhun urang, karajaan Daud. Hosana di manggung!»

[11] Isa lebet ka jero kota Yerusalem. Terus Anjeunna lebet ka jero Bait Suci bari rarat-reret mariksa kaayaanana. Tapi ku sabab harita teh, geus burit; ti dinya, Anjeunna kaluar deui, mulih-Na ka Betania, diiring ku murid dua belas.

[12] Poe isukna, sanggeusna Isa samurid-murid-Na jengkar ti Betania, Anjeunna teh lapar.

[13] Ti kajauhan, Anjeunna ningali aya tangkal kondang keur meujeuhna gomplok daun. Lajeng dicaketan, panggalihna, sugan ayaan. Tapi Anjeunna teu mendak naon-naon, salian ti daun wungkul. Sabab can usumna buahan.

[14] Pok, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal kondang, «Moal aya deui jelema anu baris ngadahar buah maneh sapapanjangna.» Ku murid-murid oge sidik kadarenge.

[15] Sasumpingna Isa jeung murid-murid ka Yerusalem, langsung lebet ka Bait Allah. Jelema-jelema anu keur jualmeuli di emperna ku Anjeunna diusir.

[16] Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang japati, dibalik-balikkeun; anu sejenna ge dilarang, nya eta teu meunang balawiri bari ngakutan dagangan di emper Bait Allah.

[17] Terus Anjeunna ngawurukan, saur-Na, «Lain nyaraho, yen kauni dina Kitab Suci: Bait Kami bakal kaceluk tempat sembahyang sagala bangsa? Naha ku maraneh dijieun guha begal?»

[18] Barang eta kajadian kauninga ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, aranjeunna badami hayang ngabinasa ka Isa; bawaning ku risi sabab aranjeunna ningali rayat, kabeh, katarik ku pangajaran Anjeunna.

[19] Barang geus meh peuting, Anjeunna jeung murid-murid kaluar ti jero kota.

[20] Isukna, isuk-isuk keneh, waktu Isa jeung murid-murid ngalangkung ka urut kamari, kasampak tangkal kondang teh geus garing ka akar-akarna.

[21] Pok, Petrus unjukan, — pedah ingeteun keneh kana halna kamari — «Rabi, tingali, tangkal kondang anu kamari disapa teh dugi ka garing kitu.»

[22] Anjeunna ngawaler, «Nu matak ge sing percaya ka Allah.

[23] Kami mere nyaho: Saenyana, saha bae anu dina hatena boga kayakinan, — henteu hamham, yen saucapna pasti ngajadi — mun manehna nitah ka ieu gunung sina ngeser terus ngagejebur ka laut, pinasti tinekanan.

[24] Ku sabab eta, Kami ngabejaan deui: Naon bae anu ku maraneh dipenta disambat ka Pangeran, asal percaya yen saenyana mah ku maneh geus katarima, tinangtu dipaparinkeun.

[25] Jeung lamun arek sembahyang, bisi boga kateungeunah ka batur, maraneh kudu ngahampura heula manehna, supaya kasalahan maraneh dihampura ku Rama nu di sawarga.

[26] Sabab mun maraneh taya hampura, Rama maraneh nu di sawarga oge moal kersaeun ngahampura dosa maraneh.»

[27] Isa katut murid-murid-Na sumping ka Yerusalem deui. Waktu Anjeunna keur ngalangkung di palataran Bait Allah, disalampeurkeun ku imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung parakokolot.

[28] Aranjeunna mariksa kieu, «Boga hak naon Anjeun nyieun sarupa kitu? Dikawasakeun ku saha Anjeun kikituan teh?»

[29] Ku Isa diwaler, «Kaula rek nanya heula. Lamun kajawab, ku Kaula tangtu disebut hak naon anu dipake ku Kaula:

[30] Ari baptisan Nabi Yahya ti sawarga atawa ti manusa?»

[31] Aranjeunna tinggerendeng heula, salaurna, «Disebutkeun asal ti sawarga, tangtu ditanya ku naon teu dipercaya.

[32] Tapi piraku kudu disebutkeun asal ti manusa mah!» Teu warantuneun nyebutkeun kitu mah, sieuneun ku rayat. Sabab rayat mah, kabeh ge, nganggap Yahya teh nabi.

[33] Tungtungna, ngawalonna teh, «Duka teuing!» Waler Isa, «Kaula ge moal nerangkeun, make hak naon Kaula nyieun hal-hal anu sarupa kitu.»

Markus — Chapters