Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:27

[1] Hiji mangsa, Isa ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Nu kumpul kacida lobana, nepi ka Anjeunna kapaksa ngawulang-Na ngalih kana parahu, rada nengah.

[2] Pangajarana-Na rupa-rupa, nganggo ibarat. Kieu dawuhana-Na, «Raregepkeun!

[3] Aya hiji jelema indit tebar.

[4] Waktu tebar, binihna, aya nu katebarkeun ka jalan; eta binih teh, beak ku manuk.

[5] Aya oge binih anu katebarkeun kana tanah cadas, taneuhna keri. Ku sabab taneuhna ipis, binih teh tereh jadi.

[6] Tapi barang kapanasan, binih nu kakara jadi teh alum, malah terus garing, da ngakarna henteu jero.

[7] Sawarehna deui, aya nu katebarkeun kana rungkun cucuk. Cucukna ngagedean, binih tea mah boro-boro buahan, malah paeh kaelehkeun ku cucuk.

[8] Ari binih anu meneran kana tanah nu hade mah, jadina teh alus naker, nepi ka baruahanana; hasilna, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.»

[9] «Ayeuna,» dawuhan Isa, «lamun enya baroga ceuli, pek geura raregepkeun.»

[10] Sanggeus Isa nyalira, para pangiring jeung murid-murid nu dua welas ngadareuheusan. Maranehna menta diterangkeun maksudna eta carita.

[11] Dawuhan Anjeunna, «Ka maraneh mah, rasiah Karajaan Allah teh diguar, dibuka.

[12] Ka nu di luareun maraneh mah, dicaritakeunana teh ngan ku silokana bae, nepi ka maranehna mah: nenjo mah nenjo, tapi tetep teu awas; ngadenge mah ngadenge, tapi tetep teu ngarti, supaya teu babalik pikir sarta dihampura.»

[13] Anjeunna mariksakeun, «Maraneh ge teu ngarti deuih? Ana kitu kumaha rek ngartina kana misil-misil sejenna?

[14] Binih nu ditebarkeun teh, nya eta Sabda Allah.

[15] Binih anu katebarkeun ka jalan, nya eta Sabda teh ditarimana ngan saliwat; harita kadenge, harita keneh dipupus ku Iblis; teu kungsi ngendek dina hatena.

[16] Binih anu katebarkeun kana tanah cadas, nya eta Sabda teh gancang pisan ditarimana bari jeung gumbirana.

[17] Tapi teu nepi ka ngakar kana hate, jadi bisa teu tahan. Ana datang dodoja atawa disusahkeun pedah daek nyekel Sabda tea, imanna luntur, kapercayaanana lebur.

[18] Binih anu katebarkeun kana ruyuk cucuk, nya eta Sabda teh ditarima.

[19] Tapi sajeroning kitu, jelemana, teu weleh dikukuntit ku karisi; tur kagoda ku haliah dunya jeung rupa-rupa kahayang napsu, nepi ka Sabda tea mah kagencet, teu nepi ka bisa ngabukti.

[20] Panganggeusanana binih anu meneran kana taneuh anu lendo, nya eta Sabda teh didenge, ditarima, jeung diimankeun; hasilna kapetik buahna kaala, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.»

[21] Isa ngalahir deui, «Urang nyeungeut lampu teh, kapan lain rek dituruban ku baskom atawa diteundeun di kolong, tapi nya keur diteundeun di tempat parantina.

[22] Naon bae anu disumput-sumput, awal ahir mah kanyahoan. Naon bae anu dirasiahkeun, awal ahir pasti kabuka.

[23] Pake ceuli teh, pake ngadenge!»

[24] Dawuhana-Na deui, «Ayeuna ieu perhatikeun: Ukuran anu ku maneh dipake ngukur batur, ku Pangeran baris dianggo ngukur deui ka maneh kalawan leuwih ti kitu.

[25] Sabab sing saha anu geus boga, bakal ditambah. Sabalikna, nu teu boga naon-naon mah, milikna nu pang teu pirana ge, bakal dieuweuhkeun pisan.»

[26] Dawuhana-Na deui, «Karajaan Allah teh lir binih nu ditebarkeun ku hiji jelema.

[27] Geus kitu, peutingna mondok, beurangna hudang; binih jadi ku maneh. Eta jelema mah, teu nyahoeun kumaha petana binihna jadi.

[28] Da anu ngalantarankeun jadina nepi ka buahan mah taneuh. Mimitina sirungan mentik, tuluy morontod ngagedean, bijil ranggeuyanana, beuki beuneur-beuki beuneur, nepi ka asak.

[29] Eta anu melak teh sasadiaan, mun geus meujeuhna metik panen.»

[30] Dawuhan Isa, «Ayeuna, Karajaan Allah teh urang upamakeun naon deui? Kumaha ngupamakeunana, supaya bisa diterangkeun?

[31] Urang upamakeun bae siki sasawi, nya eta siki anu pangleutikna di antara sisikian.

[32] Tapi lamun eta siki dipelakkeun, — ari geus jadi — di antara palawija mah, tangkalna teh panggedena; dahanna ge, nepi ka sok dipake tempat nyayang manuk.» Kitu cariosana-Na.

[33] Geus baku ana nyarioskeun hal Karajaan Allah ka umum mah, Anjeunna nyarioskeunana teh sok nganggo upama bae; kawas bieu, diloyogkeun kana tahap pangarti maranehna.

[34] Anjeunna mah, tara teu nganggo upama atawa ibarat-ibarat nyarioskeunana teh. Tapi di mana geus leupas ti balarea, ka murid-murid mah, eta ibarat-ibarat teh eces diterangkeun pihartieunana.

[35] Poe eta keneh, sanggeus burit, Isa ngajak meuntas ka murid-murid, saur-Na, «Urang meuntas ka beulah ditu.»

[36] Balarea dikantun, Anjeunna miheulaan kana parahu dituturkeun ku murid-murid; tuluy mareuntas bari dibaturan ku sababaraha parahu sejenna deui.

[37] Gelebug aya angin ribut, talaga jadi motah, parahu meh-meh kalebuh kaasupan cai.

[38] Harita, Isa nuju kulem di pungkur nganggo tilam. Geuwat digugahkeun. «Pa Guru!» Cek murid-murid. «Bade cicing bae urang bade cilaka teh?»

[39] Isa enggal gugah, terus marentah ka angin, «Jep!» Marentah deui ka ombak, «Leler!» Jep bae angin sirep, kaayaan malik ayem kabina-bina.

[40] Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, «Naha wet geumpeuran teuing? Dikamanakeun eta iman teh?»

[41] Ayeuna mah, murid-murid teh, sieunna jadi sieun ka Anjeunna. «Saha atuh nu saenyana ieu Guru urang teh? Bet digugu parentah-Na ku angin jeung ku ombak!» Pokna, ka pada batur.

Markus — Chapters