Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:17

[1] Sanggeus kitu aya opat malaikat narangtung di opat juru bumi, nahan angin anu opat supaya henteu nebak ka bumi atawa ka laut atawa kana tatangkalan.

[2] Jebul hiji deui malaikat ti beulah wetan, mawa hiji cap ti Allah anu jumeneng, cumeluk ka malaikat anu opat anu dibere kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung lautan,

[3] kieu cumelukna, “Daratan, lautan, tatangkalan, ulah waka dibasmi! Urang ngecapan heula tarang jalma-jalma anu ngarabdi ka Allah urang!”

[4] Ti dinya kaula dibejaan yen anu dicapan tarangna ku cap Allah teh aya 144.000 urang ti dua welas kaom Israil,

[5] sakaomna masing-masing 12.000 urang, nya eta ti kaom-kaom Yuda, Rubin, Gad, Aser, Naptali, Menase, Simon, Lewi, Isaskar, Sebulun, Yusup, jeung Binyamin.

[9] Sanggeus kitu kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung. Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana, narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba, marake jubah bodas jeung nyarekel palapah daun palem.

[10] Maranehna nyoara tarik ngucapkeun, “Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!”

[11] Para malaikat anu keur ngalingkungan tahta jeung para sesepuh jeung opat mahluk hirup tea bruk sarujud hareupeun tahta, ngahormat ka Allah.

[12] Kabeh nyarebut, “Amin! Puja jeung puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan jeung kawisesaan, kagungan Allah urang salalanggengna. Amin!”

[13] Aya sesepuh anu mariksa ka kaula, saurna, “Coba taksir, saha jeung ti mana eta anu dijarubah bodas teh?”

[14] Walon kaula, “Sumuhun teu terang. Juragan anu langkung uninga.” Saurna, “Eta teh jalma-jalma anu tas dikaniaya kacida hebatna. Ayeuna geus saralamet. Jubahna geus barodas beresih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.

[15] Kitu sababna maranehna aya di dieu, di payuneun tahta Allah, beurang peuting ngawula ka Mantenna di bait-Na nu suci. Maranehna ditangtayungan ku Mantenna anu linggih dina tahta.

[16] Moal kalaparan deui, moal ngarasa halabhab deui, moal kaseureud deui ku panasna panonpoe atawa ku panas naon bae,

[17] sabab bakal diaping ku itu Anak Domba anu aya di tengah-tengah tahta, bakal dibawa ka cinyusu kahirupan, sarta cipanonna bakal disusutan ku Allah.”

Wahyu Ka Yohanes — Chapters