Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:12

[1] Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu,

[2] nyepeng gulungan kitab leutik anu muka. Sampeanana nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat.

[3] Anjeunna nyoara, ngagaur kawas gaurna singa, ditembalan ku gulugurna tujuh guludug.

[4] Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, “Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!”

[5] Geus kitu malaikat anu ngadegna napak ka laut jeung napak ka darat teh ngacungkeun panangan katuhu ka langit,

[6] tuluy sumpah nyambat jenengan Allah anu jumeneng salalanggengna, anu ngajadikeun langit, bumi, jeung laut, katut sagala eusina. Saurna, “Geus teu bisa dilila-lila deui!

[7] Tapi lamun malaikat anu katujuh geus niup tarompetna, Allah bakal ngalaksanakeun pangrancang-Na anu rasiah keneh, sakumaha anu geus diandikakeun ka nabi-nabi, abdi-abdi Mantenna!”

[8] Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, “Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!”

[9] Kaula indit, nyuhunkeun eta kitab leutik ka eta malaikat. Ari saurna, “Heh tampanan terus hakan, dina sungut rasana amis asa madu, geus dina beuteung rasana haseum.”

[10] Ku kaula ditampanan tuluy didahar. Enya amis asa madu, tapi barang geus di jero beuteung bet haseum.

[11] Ti dinya saurna ka kaula, “Embarkeun sakali deui amanat Allah perkara bangsa-bangsa, nagara-nagara, basa-basa, jeung raja-raja.”

Wahyu Ka Yohanes — Chapters