Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:18

[1] Ieu kitab medar wahyu ti Allah ka Yesus Kristus ngeunaan perkara-perkara anu geus meh kajadian, supaya ku Anjeunna ditembongkeun ka abdi-abdi-Na. Kristus ngutus malaikat-Na nembongkeun ieu wahyu ka Yohanes, abdi-Na.

[2] Yohanes medar sagala titingalianana anu diebrehkeun ku Yesus Kristus, nya eta amanat Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina.

[3] Bagja anu maca ieu kitab, anu ngadenge ieu ucapan nubuat sabda Allah, jeung ngimankeun ka sakur anu ditulis dina ieu kitab! Sabab sakur anu diwahyukeunana teh geus tereh bukti.

[4] Dulur-dulur di tujuh jamaah di wilayah Asia! Kaula Yohanes. Mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ti Allah, Allah nu keur aya, nu geus aya, jeung nu aya saterusna, jeung ti tujuh roh anu aya di hadirat tahta Allah,

[5] jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,

[6] sarta urang dijadikeun hiji karajaan imam-imam anu kumureb ka Allah, Panutan jeung Rama Anjeunna. Kaagungan, kakawasaan, kasanggakeun ka Yesus Kristus salalanggengna! Amin.

[7] Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti!

[8] “Kami teh Nu Awal jeung Nu Panutup,” dawuhan Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.

[9] Kaula Yohanes dulur aranjeun, panganut Yesus, batur tabah dina kasangsaraan anu kasorang ku sakabeh warga Pamarentahan Allah. Kaula aya di pulo Patmos keur dibuang, lantaran ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus.

[10] Dina Poean Gusti, kaula kapurba ku Roh Allah, ngadenge anu sasauran ti tukangeun, gentrana tarik kawas sora tarompet, kieu:

[11] “Tetenjoan maneh tuliskeun, bukuna kirimkeun ka tujuh jamaah di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea.”

[12] Kaula malik hayang nenjo anu sasauranana. Kaula ningal tujuh suku lampu emas.

[13] Di antara eta barang aya hiji wujud anu siga manusa, nganggo jubah panjang ngangsar kana sampeana-Na, harigu-Na nganggo beulitan emas.

[14] Rambut-Na bodas kawas kapas atawa kawas salju, soca-Na hurung siga seuneu,

[15] sampeana-Na gilap kawas tambaga beunang nyaling, gentra-Na sada guruhna curug.

[16] Panangan tengen-Na nyepeng tujuh bentang, tina baham-Na bijil pedang anu dua seuseukeutna. Raray-Na moncorong lir srangenge keur manceran.

[17] Bruk kaula ngarumpuyuk kana sampeana-Na, ngalumbuk kawas nu paeh. Anjeunna nyabak ka kaula ku panangan tengen bari ngalahir, “Ulah sieun! Ieu Kami, Nu Awal jeung Nu Panutup.

[18] Kami teh anu jumeneng. Kami geus paeh, tapi ayeuna Kami hirup salalanggengna. Kami kawasa kana paeh jeung ka tempat nu paraeh.

[19] Tuliskeun sakur anu katenjo, boh nu ayeuna boh nu bakal kajadian sanggeusna.

[20] Kieu harti rasiah ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami jeung ieu tujuh suku lampu emas: Tujuh bentang hartina tujuh malaikat ti tujuh jamaah, tujuh suku lampu hartina tujuh jamaah.”

Wahyu Ka Yohanes — Chapters