[1] Geus kitu di langit aya hiji tetenjoan luar biasa, kacida ahengna: Aya hiji awewe, pakeanana panonpoe, sukuna napak kana bulan, sirahna make makuta anu make dua welas bentang,
[2] rek ngajuru geus sabroleun, ngoceak nyantekkeun brolna.
[3] Aya deui tetenjoan aheng di langit: aya naga beureum kacida gedena, huluna tujuh, kabeh marake makuta, tandukna sapuluh.
[4] Buntutna ngadudut sapertilu bentang-bentang, dibalangkeun ti langit ka bumi. Seug eta naga ngadangong hareupeun eta awewe, rek nyaplok orokna lamun geus kaluar.
[5] Brol awewe teh ngajuru, orokna lalaki, anu bakal murba bangsa-bangsa, marentahna make iteuk beusi. Orokna harita keneh aya anu ngejatkeun ka Allah, kana tahta-Na.
[6] Ari indungna ngejat ka gurun keusik, di ditu tempatna geus aya ti Allah, sarta bakal diurus di dinya lilana 1.260 poe.
[7] Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga.
[8] Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga.
[9] Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.
[10] Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, “Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.
[11] Dulur-dulur urang enggeus tarung paeh-paeh hirup-hirup nepi ka bisa unggul ngelehkeun manehna, ku karana getih Anak Domba, jeung ku karana kayaktian anu diuarkeunana.
[12] Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.”
[13] Barang naga teh eling yen dirina geus ditotogkeun ka bumi, tuluy ngudag ka awewe anu tas ngajurukeun budak lalaki tea.
[14] Tapi eta awewe ku Allah dibere jangjang rajawali sapasang sina hiber ka tanah gurun urut bareto, bakal diurus di dinya tilu satengah taun lilana, aman tina panarajang naga.
[15] Naga murakeun cai tina sungutna ngajadi banjir rek malidkeun eta awewe.
[16] Tapi bumi nulungan, seug calangap nyedot cai anu diburakeun ku naga.
[17] Bawaning ku gemes ka eta awewe, naga indit rek ngabasmi turunanana, nya eta jelema-jelema anu tigin kana timbalan-timbalan Allah, jeung gumati kana kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus.
[18] Gen naga ngajanteng di sisi basisir.