[1] Ti Bait Allah aya gentra handaruan nimbalan ka malaikat nu tujuh, “Geura indit, tamplokkeun eusi pinggan bebendu Allah ka bumi!”
[2] Malaikat nu kahiji namplokkeun pingganna ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake tanda sato jeung nyarembah kana arcana teh awakna pinuh ku bisul jahat anu kacida nyerina.
[3] Malaikat kadua namplokkeun pingganna ka laut. Seug cai laut barobah jadi kawas getih jalma paeh. Mahluk-mahluk laut paraeh.
[4] Malaikat nu katilu namplokkeun pingganna ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai, bruy caina jadi getih.
[5] Malaikat nu ngajaga cai nyoara, “Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari!
[6] Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!”
[7] Tina altar oge aya soara, “Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!”
[8] Malaikat nu kaopat namplokkeun pingganna ka panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa, ngarerab manusa.
[9] Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah.
[10] Malaikat nu kalima namplokkeun pingganna kana tahta sato tea. Reup wilayah kakawasaanana jadi poek, sarta jelema-jelema katarajang kanyeri luar biasa, tingpereket nepi ka huntuna nyareblok kana letahna.
[11] Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna.
[12] Malaikat nu kagenep namplokkeun pingganna ka Walungan Eprat, walungan gede tea. Set caina saat ngoletrak, keur pijalaneun raja-raja ti tatar wetan.
[13] Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu.
[14] Eta teh roh-roh jahat anu nyieun kaahengan-kaahengan, tuluy ngulayab ka dunya ngadatangan raja-raja, rek dibawa sakait perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa.
[15] “Regepkeun! Kami datang mo kasangka-sangka ibarat datangna bangsat. Salamet nu nyaring ngajaga pakeanana, moal taranjang leumpangna di tengah umum sarta moal nandangan kaera!”
[16] Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.
[17] Malaikat katujuh namplokkeun pingganna ka awang-awang. Tina tahta di Bait Allah aya gentra handaruan ungelna, “Geus tinekanan!”
[18] Tuluy aya kilat tingbaranyay, guludug tingjalegur, jeung lini kacida gedena. Ti barang manusa dijadikeun can aya lini anu sakitu hebatna. Panghebat-hebatna lini!
[19] Kota nu gede tea nepi ka beulah tilu. Kota-kota sakabeh nagara di sadunya burak-barik. Allah emut ka Babul raya, seug eta nagara teh diinuman ku anggur tina lumur Mantenna, anggur bebendu-Na anu ngentab-ngentab.
[20] Pulo-pulo, gunung-gunung, kabeh musna.
[21] Breg hujan es batu anu pohara baradagna nepi ka beuratna masing-masing lima puluh kilogram, ngaburubut ninggangan manusa. Seug maranehna nyarumpahan ka Allah dumeh dibahlakeun ku hujan es anu sakitu hebatna.