[1] Kaula ku anjeunna diserenan kayu sateukteuk siga iteuk ukuran, sarta diparentah, “Ukur Bait Allah jeung altar. Itung jelema anu keur ngabarakti di dinya.
[2] Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan.
[3] Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan.”
[4] Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi.
[5] Musuh anu ngaganggu ka maranehna pasti binasa ku seuneu anu kaluar tina sungut eta dua saksi. Jadi sing saha anu wani-wani nyusahkeun ka maranehna tangtu paeh.
[6] Maranehna barisaeun ngabendung langit nahan hujan satungtung keur ngajalankeun tugasna. Kawasa kana sumber-sumber cai, bisa ngarobah cai jadi getih, barisaeun ngadatangkeun rupa-rupa musibat ka bumi najan sakumaha seringna oge.
[7] Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana.
[8] Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir.
[9] Mayitna henteu dibikeun dikubur, dilalajoanan ku jalma-jalma ti unggal bangsa, ti unggal kaom, ti unggal basa, jeung ti unggal seler bangsa, lilana nepi ka tilu satengah poe.
[10] Jalma-jalma sukan-sukan, silih kiriman hadiah, aratoheun ku tiwasna eta dua nabi anu geus ngabahlakeun ka umat manusa.
[11] Tapi sanggeus meunang tilu satengah poe ku Allah diasupan deui ambekan, harudang harirup deui, nepi ka jelema-jelema anu narenjoeunana kacida sarieuneunana.
[12] Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, “Hiap unggah!” Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna.
[13] Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga.
[14] Balahi kadua geus liwat, nu katilu tereh nyusul!
[15] Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, “Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!”
[16] Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah,
[17] tuluy ngarucap kieu, “Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.
[18] Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi.”
[19] Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna.