Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:58

[1] Geus kitu kaula ngadenge sora ngageder di sawarga, kawas gederna sora mangpirang-pirang jelema, nyarebut, “Puji Allah! Kasalametan, kamulyaan, jeung kakawasaan, kagungan Allah urang!

[2] Putusan Mantenna adil jeung jujur. Mantenna geus ngahukum palacur anu ngaruksak dunya ku lampah mesumna. Manehna ku Allah geus dihukum, sabab geus maehan abdi-abdi-Na.”

[3] Maranehna ngageder deui, “Puji Allah! Eta kota geus dihuru, haseupna meledug salalanggengna!”

[4] Dua puluh opat sesepuh jeung opat mahluk tea tuluy sarujud, ngabakti ka Allah nu linggih dina tahta, sarta nyarebut, “Amin! Puji Allah!”

[5] Geus kitu tina tahta bijil soara, ungelna, “Sanggakeun puji ka Allah urang, he sakabeh abdi-Na, sakabeh umat-Na, sakur anu sumujud ka Mantenna gede leutik!”

[6] Kaula ngadenge deui sora ngageder, sada gederna jelema mangpirang-pirang, ngaguruh sada curug, ngagulugur sada guludug. Kaula ngadenge maranehna nyarebut, “Puji Allah! Sabab Pangeran Allah urang Nu Maha Kawasa teh Raja!

[7] Hayu urang suka-suka, urang muji kaagungan Mantenna! Sabab ayeuna anu ngagem jujuluk Anak Domba baris nikah, panganten istrina geus tarapti,

[8] geus dianggoanan raksukan linen anu nyacas beresih gugurilapan.” (Harti lawon linen: lampah hade umat Allah.)

[9] Malaikat tea sasauran ka kaula, “Tulis: Bagja nu diondang kana pesta nikahna nu ngagem jujuluk Anak Domba.” Saurna deui, “Kitu dawuhan Allah, dawuhan sayaktina.”

[10] Kaula deku seja nyembah ka anjeunna. Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula ge ngabdi saperti andika, saperti dulur-dulur andika jeung sakur nu nyarekel kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus. Nyembah mah kudu ka Allah!” Ari kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus teh jadi sumberna ilham nabi-nabi.

[11] Geus kitu katingal sawarga muka, breh aya hiji kuda bodas. Jenengan anu tunggangna Sang Satia jeung Sang Saestu, adil dina mutus perkara, adil dina jurit.

[12] Soca-Na moncorong lir seuneu hurung, mastaka-Na nganggo makuta rea. Dina salira-Na aya tulisan hiji jenengan. Ngan Anjeunna bae anu uninga kana eta jenengan teh.

[13] Panganggo-Na beunang nyelep ku getih. Jenengan Anjeunna “Sabda Allah”.

[14] Anjeunna diiring ku angkatan perang sawarga anu tarumpak kuda bodas sarta dangdananana tina lawon linen bodas nyacas beresih.

[15] Tina baham-Na bijil pedang seukeut, pikeun ngelehkeun bangsa-bangsa, sarta bangsa-bangsa teh ku Anjeunna bakal diparentah ku iteuk beusi. Anjeunna bakal ngaluluh anggur dina bak pameresan bebendu Allah Nu Maha Kawasa.

[16] Dina jubah jeung paha-Na aya tulisan hiji gelaran, ungelna: “Rajana para raja, Gustina para gusti”.

[17] Ti dinya kaula nenjo hiji malaikat nangtung dina panonpoe, cumeluk handaruan nyalukan manuk-manuk anu keur haliber di satengahing awang-awang,

[18] “Ka darieu, kumpul kana pesta gede anu diadegkeun ku Allah. Hakanan ieu daging raja-raja, daging jendral-jendral, daging serdadu-serdadu, daging kuda jeung nu tarumpakna, daging sakabeh jelema, nu gede, nu leutik nu jadi abid jeung nu merdeka!”

[19] Geus kitu sato tea jeung raja-raja saalam dunya katut angkatan perangna tembong, geus ngahiji sakait rek merangan anu tunggang kuda jeung angkatan perang-Na.

[20] Tapi eta sato kacerek jeung nabi palsuna anu sok nyieun mujijat di hareupeun eta sato. (Mujijat-mujijatna ku eta sato dipake nyasarkeun jelema-jelema anu marake tanda manehna jeung nu nyarembah kana arcana.) Eta sato jeung nabi palsuna digebruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu walirang anu hurung ngagegedur.

[21] Angkatan perangna beak paraeh disabetan ku pedang anu bijil tina baham nu tunggang kuda bodas tea, sarta sakabeh manuk ngaharakanan bangke-bangkena mani rarewog.

Wahyu Ka Yohanes — Chapters