[1] “Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.
[2] Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.
[3] Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep?
[4] Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ‘Cing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,’ padahal dina panon sorangan aya balok?
[5] Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.
[6] Ulah mikeun barang suci ka anjing, supaya anjingna ulah malik ngarontok ka maneh. Ulah mikeun mutiara ka bagong, sabab tangtu eta mutiara bakal diidek-idek.”
[7] “Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.
[8] Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.
[9] Di antara bapa-bapa di dieu, aya anu kalah ka mere batu lamun anakna menta roti?
[10] Atawa lamun anakna menta lauk kalah ka dibere oray?
[11] Sakumaha jahatna maraneh, ka anak mah tangtu merelukeun mere anu mangpa'at. Komo deui Rama maraneh nu di sawarga, moal teu maparin nu mangpa'at ka nu nyuhunkeun ka Mantenna!
[12] Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.”
[13] “Kudu milih asup kana lawang nu sempit. Sabab lawang anu rubak mah brasna ka naraka, jalan ka dinya gampang, nu matak loba anu ka darinya.
[14] Sabalikna lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik.”
[15] “Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag.
[16] Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.
[17] Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.
[18] Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.
[19] Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.
[20] Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna.”
[21] “Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ‘Gusti, Gusti!’ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.
[22] Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ‘Gusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!’
[23] Ku Kami bakal diwalon, ‘Kami teu wawuh ka maraneh. Geura nyalingkir, eh durjana-durjana!’ ”
[24] “Jadi, anu ngabandungan ieu piwulang Kami jeung terus ngalampahkeunana, eta ibarat jelema pinter anu nyieun imah dina luhur batu.
[25] Imahna katinggang hujan gede, kateumbrag walungan caah, katebak ku angin ribut, tapi teu daekeun rugrug sabab ngadegna dina luhur batu.
[26] Sabalikna anu ngadenge ieu piwulang tapi henteu ngalampahkeun, eta ibarat jelema teu boga pikiran nu ngadegkeun imah dina luhur keusik.
[27] Katinggang hujan gede, kateumbrag walungan caah, katebak ku angin ribut, brug imahna runtuh. Ruksakna kacida!”
[28] Yesus liren nyariosna. Jalma-jalma mani harookeun ku carana Anjeunna ngawulang.
[29] Beda ti guru-guru agama maranehna, Anjeunna mah ngajarna teh pinuh wibawa.