Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:26

[1] “Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna.

[2] Sanggeus mupakat yen buruh saurangna sapoe sauang perak sakumaha ilaharna, tuluy dititah mimiti digarawe.

[3] Pukul salapan neangan deui ka pasar, nawaran gawe ka nu keur ngalanggur,

[4] ‘Mending digarawe di kebon anggur kuring, buruhna pantes.’

[5] Nu ditawaran daraekeun. Pukul dua welas jeung pukul tilu neangan deui kuli.

[6] Sanggeus meh pukul lima neangan deui ka pasar. Seug nanya ka nu keur tingjaranteng, ‘Ku naon ngalanggur bae sapoe jeput, ngalelebar waktu?’

[7] Walonna, ‘Teu aya nu ngulikeun.’ Tuluy ditawaran, ‘Jung digarawe di kebon anggur kuring.’

[8] Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ‘Kumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.’

[9] Seug anu digarawena mimiti pukul lima sore dibayar ti heula, saurang sauang perak.

[10] Barang anu pangisukna rek dibayar, panyangkana rek dibayar leuwih, ari heug sarua saurang sauang perak.

[11] Bari nampanan duit maranehna gegelendeng, pokna,

[12] ‘Eta nu daratangna pandeuri digarawena ngan sajam, ari dibayarna bet sarua jeung kuring anu digarawe sapoe jeput bari papanasan!’

[13] Jawabna ka nu saurang, ‘Dulur! Aranjeun geus mupakat buruh saurangna sapoe sauang perak. Kuring henteu jalir.

[14] Tarima eta duit teh, jung baralik. Hanas ieu anu pangpandeurina ku kuring dibayar sarua jeung aranjeun, eta mah kumaha kuring.

[15] Na teu meunang kuring make duit sorangan sakahayang? Atawa aranjeun sirik nenjo kuring bageur?’ ”

[16] Saur Yesus deui, “Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina.”

[17] Di tengah jalan ka Yerusalem Yesus nyaur murid-murid dicandak nyisi, tuluy Anjeunna nyarios bari angkat,

[18] “Darengekeun,” saur-Na, “urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung guru-guru ahli hukum agama Yahudi, bakal diterapan hukum pati.

[19] Tuluy diserenkeun ka bangsa batur. Ku eta bakal dipoyok, dirangket, tuluy disalib. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal dihirupkeun deui.”

[20] Sabot kitu, bojona Sebedeus ngaharempoy ka payuneun Anjeunna jeung anakna duaan, murid Anjeunna, ngunjukkeun panuhun.

[21] “Rek menta naon?” Yesus mariksa. Jawab eta awewe, “Upami Bapa engke parantos jumeneng Raja, ieu pun anak duaan mugi ditempatkeun di kiwaeun sareng tengeneun Bapa.”

[22] Saur Yesus ka eta dua murid, “Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum eusi lumur anu rek diinum ku Kami, nya eta panganiayaan?” “Sanggem,” jawabna.

[23] “Memang maraneh ge bakal nginum eusi lumur Kami,” waler Yesus. “Tapi Kami henteu wenang nangtukeun saha nu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Tempat eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami.”

[24] Murid nu sapuluh urang deui ngadarenge pamenta kitu teh kacida arambekeunana ka eta dua sadulur.

[25] Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, “Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.

[26] Maraneh mah ulah kitu. Malah lamun hayang jadi nu punjul kudu ngawula ka nu sejen,

[27] lamun hayang jadi nomer hiji kudu daek ngawula ka nu rea.

[28] Kudu sakumaha Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet.”

[29] Yesus jeung murid-murid kaluar ti Yeriho, loba pisan anu naluturkeun.

[30] Di sisi jalan aya nu lolong duaan keur dariuk. Barang ngadarengeeun Yesus ngalangkung, tuluy tinggarero, “Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”

[31] Ku nu sejen disentak sina repeh, tapi ngagerona kalah ka beuki tarik, “Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”

[32] Yesus liren heula tuluy mariksa, “Aya naon nyalukan Bapa?”

[33] “Hayang tiasa ningal, Juragan!” tembalna.

[34] Yesus welaseun, seug panon maranehna diusap, bray bae bareunta barisa nenjo, tuluy ngiring ka Anjeunna.

Injil Anu Diserat Ku Mateus — Chapters