[1] Aya rombongan urang Parisi jeung urang Saduki nemonan ka Yesus rek ngadoja, marenta sangkan Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah.
[2] Tapi waler Yesus, “Lamun panonpoe surup di langit aya layung, ceuk aranjeun ‘Rek hade poe, langit mani ngempur.’
[3] Lamun isuk-isuk haleungheum ceuk aranjeun, ‘Rek hujan, langit reueuk haleungheum.’ Aranjeun bisa naksir hade gorengna poe nenjo kaayaan langit, tapi teu barisa nangenan tanda-tanda jaman kiwari!
[4] Jarahat, daroraka, jelema-jelema jaman kiwari teh! Aranjeun marenta kaajaiban? Taya nu pantes dibikeun salian ti kaajaiban anu kaalaman ku Nabi Yunus!” Geus kitu eta urang Parisi jeung urang Saduki teh dikantun.
[5] Sanggeus narepi ka peuntas talaga beulah ditu, murid-murid kakara inget yen teu marawa roti.
[6] Saur Yesus, “Kade, maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.”
[7] Ari ceuk murid-murid ka pada baturna, “Saur-Na kitu teh sabab urang teu boga roti.”
[8] Yesus uningaeun ka nu keur diomongkeun ku maranehna, tuluy ngalahir, “Ku naon ngaromong teu boga roti? Kacida kurangna kapercayaan maraneh teh!
[9] Teu ngalarti kana maksud Kami? Geus teu aringet waktu Kami nyuguh dahar lima rebu jelema ku roti anu asalna ngan lima siki? Sabaraha karanjang sesana?
[10] Kumaha deuih hal roti tujuh anu disuguhkeun ka opat rebu jelema? Sabaraha karanjang sesana?
[11] Ku naon nepi ka teu ngalarti yen Kami tadi lain ngomongkeun roti? Pan ceuk Kami oge: Kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.”
[12] Geus dikitukeun mah kakara murid-murid teh ngarti, yen Anjeunna mepelingan kitu teh lain kudu ati-ati ku ragi anu sok dipake nyieun roti, tapi ku pangajaran urang Parisi jeung urang Saduki.
[13] Yesus terus angkat ka daerah deukeut kota Kesarea Pilipi. Di dinya Anjeunna mariksa ka murid-murid, “Ceuk jalma rea Anak Manusa teh saha?”
[14] Jawab murid-murid, “Aya nu nyebat Yohanes Jurubaptis, aya nu nyebat Elias, aya nu nyebat Yermia atanapi salah sawios nabi.”
[15] “Ari ceuk maraneh Kami teh saha?” Yesus mariksa deui.
[16] Ceuk Petrus, “Bapa teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah nu jumeneng.”
[17] “Bagja maneh, Simon anak Yonas!” saur Yesus. “Sabab maneh nyaho kitu teh lain ti manusa tapi ti Rama Kami di sawarga.
[18] Ku sabab eta, Petrus, Kami ngabejaan: maneh teh batu karang. Dina eta batu karang Kami bakal ngadegkeun gareja Kami anu moal eleh ku naon-naon, ku maot ge moal eleh.
[19] Maneh bakal diserenan konci Karajaan Sawarga. Anu ku maneh ditolak di dunya di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maneh ditarima di dunya di sawarga ge bakal ditarima.”
[20] Anjeunna ngalarang murid-murid supaya ulah ngomong ka saha-saha yen Anjeunna Kristus Jurusalamet.
[21] Ti semet harita Yesus mimiti nyarios sabalakana ka murid-murid, saur-Na, “Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.”
[22] Yesus ku Petrus ditarik ka sisi tuluy diemutan, pokna, “Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!”
[23] Yesus malik tuluy ngalahir ka Petrus, “Nyingkir maneh, Setan! Maneh ngahalangan jalan Kami. Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.”
[24] Geus kitu Anjeunna sasauran ka murid-murid, “Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi, kudu manggul salibna tuluy ngiring ka Kami.
[25] Sabab sing saha anu leuwih ngabela nyawana bakal kaleungitan ku nyawana. Sabalikna anu ngurbankeun hirupna lantaran anut ka Kami, bakal meunangkeun nyawana.
[26] Naon untungna jelema meunangkeun saalam dunya, tapi kaleungitan nyawana? Naha bisa hirupna diganti ku harta di dunya ieu?
[27] Moal lila deui Putra Manusa teh bakal sumping nganggo kamulyaan Rama-Na, diiring ku para malaikat-Na, rek ngabales ka unggal jelema satimpal jeung kalakuanana.
[28] Kanyahokeun ku maraneh yen saenyana di antara anu ayeuna aya di dieu, aya anu moal waka maot samemeh narenjo Putra Manusa sumping ngajadi Raja.”