Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:22

[1] Ti dinya Yesus dicandak ku Roh ka gurun keusik, sina digoda ku Iblis.

[2] Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting teu barangtuang, Yesus ngaraos lapar.

[3] Jol Iblis nyampeurkeun, ngagoda, “Anjeun teh Putra Allah? Coba eta batu-batu jadikeun roti.”

[4] Tapi waler Yesus, “Aya dawuhan dina Kitab Suci: ‘Jelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah.’ ”

[5] Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Bait Allah, ka puncak pangluhurna, di kota suci Yerusalem.

[6] Ceuk Iblis ka Yesus, “Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun maneh. Sabab ceuk Kitab Suci: ‘Allah bakal miwarang para malaikat-Na, sina nyanggap ka Anjeun, sangkan ulah kungsi tigasruk kana batu.’ ”

[7] Waler Yesus, “Tapi ceuk Kitab Suci: ‘Maneh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.’ ”

[8] Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana.

[9] Ceuk Iblis, “Eta kabeh rek diserenkeun ka Anjeun, asal daek sujud nyembah ka kaula.”

[10] Ku Yesus diwaler, “Geura nyingkah, Iblis! Kieu ceuk Kitab Suci: ‘Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!’ ”

[11] Iblis nyingkah ti Yesus. Geus kitu sarumping malaikat ngalalayanan ka Yesus.

[12] Yesus ngadangu warta yen Yohanes dipanjara. Anjeunna terus nyilib ka Galilea.

[13] Linggihna lain di Nasaret, tapi di Kapernaum, sisi Talaga Galilea, wewengkon tanah Sebulun jeung tanah Naptali.

[14] Tinekanan anu baheula diucapkeun ku Nabi Yesaya:

[15] “Tanah Sebulun, tanah Naptali, di jalan anu ka laut, peuntaseun Walungan Yordan, Galilea, tanahna jalma-jalma nu lain urang Yahudi!

[16] Jalma-jalma nu caricing di nu poek bakal narenjo cahaya hibar. Nu caricing di tanah anu kapoekan ku ajal bakal katojo ku eta cahaya.”

[17] Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, “Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!”

[18] Waktu keur angkat mapay Talaga Galilea, Anjeunna ningali dua jelema keur ngala lauk ku heurap, ngaranna Simon (katelahna Petrus) jeung Andreas, adina.

[19] Ku Anjeunna disaur, “Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema.”

[20] Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.

[21] Yesus angkat deui ti dinya, tuluy ningali deui dua jelema adi lanceuk ngaranna Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, keur ngomean heurap jeung bapana dina parahu. Ku Yesus disaur,

[22] seug marilu harita keneh, parahu jeung bapana ditinggalkeun.

[23] Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.

[24] Beja perkara Anjeunna sumebar nepi ka sakuliah nagri Siria. Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit, anu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun.

[25] Jelema-jelema ngaleut ngariring ka Anjeunna ti Yerusalem, ti Dekapolis, ti Yudea, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan.

Injil Anu Diserat Ku Mateus — Chapters