Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:33

[1] Yesus terus nyarios ka jalma rea jeung ka murid-murid.

[2] “Guru-guru agama Yahudi jeung urang Parisi baroga kawasa napsirkeun Hukum Musa.

[3] Sagala parentahna anu tumali jeung eta kudu diturut. Tapi ku sabab maranehna sorangan henteu nurut kana eta aturan, kalakuanana mah ulah ditiru.

[4] Ka batur ngawajibkeun ngalakonan anu sakitu beuratna, ari maranehna teu ngutekkeun curuk-curuk acan ngabantu batur anu ngalakonan eta kawajiban.

[5] Ngalampahkeun naon bae maranehna mah salawasna ngan hayang kaciri ku batur. Tenjo pameungkeut tarang jeung leungeunna anu ditulisan ku ayat-ayat Kitab Suci, sakitu rarubakna! Tenjo rarawis jubahna, sakitu paranjangna!

[6] Dina pesta-pesta, tempatna milih anu pangeunahna. Di imah-imah ibadah korsina pangaralusna.

[7] Karesepna lamun pada ngabageakeun jeung pada ngajenan di pasar-pasar, jeung hayang disarebut ‘Ama Guru’.

[8] Maraneh mah tong daek disebut ‘Ama Guru’, da Guru maraneh ngan hiji sarta maraneh teh sadulur.

[9] Jeung ulah nga-Ama-keun ka sasama jalma di dunya, sabab Rama maraneh mah ngan hiji, di sawarga.

[10] Ulah daek disebut ‘Pamingpin’, sabab nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus, Jurusalamet.

[11] Anu pangpunjulna di maraneh, kudu purun kumawula ka sarerea.

[12] Anu ngaluhurkeun maneh tangtu dikahandapkeun, sabalikna anu ngahandapkeun maneh bakal dikaluhurkeun.”

[13] “Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meundeutan lawang Karajaan Sawarga, sorangan embung asup, nu harayang asup dihalang-halang! [

[14] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun macikeuh randa-randa, ngarampas imahna, bari pura-pura mangdoakeun panjang naker sangkan teu kaciri jahat. Hukuman aranjeun engke kacida beuratna!]

[15] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meuntas laut ngambah darat, neangan anu daekeun asup kana agama aranjeun saurang-urangeun. Ari geus meunang bet dijadikeun calon eusi naraka, jadi jahat leuwih ti batan aranjeun.

[16] Cilaka engke aranjeun, pamingpin-pamingpin lalolong! Ceuk pangajaran aranjeun, ‘Jelema anu sumpah demi Bait Allah henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi emas eusi Bait Allah mah kabeungkeut.’

[17] Aranjeun nya barodo nya lalolong! Mana anu leuwih penting, emasna atawa Bait Allah, anu ngalantarankeun eta emas jadi suci?

[18] Jeung ceuk pangajaran aranjeun, ‘Jelema anu sumpah demi altar, henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi pangbakti dina altar mah kabeungkeut.’

[19] Pohara lolongna aranjeun teh! Cik mana anu leuwih penting, pangbaktina atawa altarna anu nyucikeun eta pangbakti?

[20] Jadi sumpah demi altar teh nya demi altarna nya demi pangbaktina anu geus aya dina altar.

[21] Sumpah demi Bait Allah, nya demi Baitna nya demi Allah anu linggih di eta Bait.

[22] Sumpah demi sawarga, nya demi singgasana Allah nya demi Allah anu linggih dina eta singgasana.

[23] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

[24] Aranjeun pamingpin anu lalolong! Laleur dina inumeun disaring, ari onta diteureuy buleud!

[25] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Cangkir jeung piring luarna diberesihan, ari jerona kotor pinuh ku daki paksa-pirusa jeung ku beubeunangan tina kasarakahan.

[26] Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.

[27] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.

[28] Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”

[29] “Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ngalus-ngalus makam para nabi, ngahias tugu-tugu katineung ka jelema-jelema anu keur hirupna harade lampah,

[30] sarta aranjeun ngakukeun, yen mun hirup sajaman jeung karuhun moal nyieun kalakuan cara maranehna, jeung moal maehan nabi-nabi.

[31] Tah geuning ngaraku sorangan yen aranjeun teh turunan tukang maehan nabi-nabi!

[32] Tuluykeun atuh ku aranjeun sing anggeus kajahatan anu dimimitian ku karuhun teh!

[33] Aranjeun teh saenyana mah jarahat, turunan jelema jararahat! Rek bisa ngejat kumaha engke tina siksa naraka?

[34] Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, yen Kaula rek ngutus nabi-nabi, jalma-jalma bijaksana jeung guru-guru; engke ku aranjeun aya anu diparaehan, aya anu disalibkeun, sawareh deui disiksa di imah-imah ibadah, jeung aya anu diberik ka unggal kota.

[35] Upama engke aranjeun nanggung hukuman tina sakabeh perkara maehan jalma-jalma nu teu baroga salah, mimiti ti perkara maehan Habil nu teu salah naon-naon, nepi ka perkara maehan Jakaria anak Berekya antara Bait Allah jeung altar.

[36] Sing percaya: Hukuman tina eta sakabeh perkara maehan teh tangtu ninggang ka jelema-jelema jaman ayeuna!”

[37] “Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh, ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!

[38] Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh, engke bakal kosong pada naringgalkeun.

[39] Jeung ti semet ieu, Kami ngabejaan, maneh moal nenjo-nenjo deui Kami, nepi ka maneh ngucap kieu, ‘Mugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.’ ”

Injil Anu Diserat Ku Mateus — Chapters