Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 8:21

[1] Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana.

[2] “Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo,” saur Yesus. “Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun.”

[3] Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, “Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?”

[4] Waler Yesus, “Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.

[5] Sabab engke bakal loba anu ngaku-ngaku, ‘Kami Kristus, Jurusalamet!’ Loba nu bakal katipu.

[6] Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat.

[7] Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana.

[8] Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.

[9] Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.

[10] Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh.

[11] Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun.

[12] Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.

[13] Tapi sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.

[14] Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”

[15] “Maraneh bakal nenjo ‘Si Pikasieuneun’ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!)

[16] “Lamun eta mangsa enggeus datang, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.

[17] Nu keur aya di suhunan imah ulah nyokot nanaon heula ti jero imah.

[18] Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.

[19] Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna!

[20] Kudu neneda ka Allah, muga-muga waktu maraneh kabur teh ulah ninggang dina usum hujan atawa keur poe Sabat!

[21] Sabab eta mangsa cilaka teh ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna, tur moal aya deui anu saperti kitu.

[22] Tapi eta mangsa teh ku Allah disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya nu salamet. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.

[23] Lamun harita aya anu nyebut, ‘Tah ieu Kristus!’ atawa, ‘Tuh itu Kristus!’ ulah percaya.

[24] Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

[25] Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna.

[26] Atawa lamun aya nu ngomong, ‘Tuh! Di ditu Kristus teh di gurun keusik!’ -- maraneh ulah ka ditu. Atawa lamun ceuk maranehna, ‘Tah, ieu di dieu Kristus teh keur nyumput!’ -- ulah percaya.

[27] Putra Manusa mah pisumpingeuna-Na lir kilat meuntasan langit ngabaranyay ti wetan ka kulon.

[28] Di mana aya bangke, manuk bangke ngarubung di dinya.”

[29] “Moal lila ti sabada kabalangsakan mangsa eta, panonpoe bakal poek, bulan henteu cahayaan, bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna.

[30] Geus kitu tembong di langit tanda Putra Manusa. Barang narenjo Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat.

[31] Tarompet gede bakal disadakeun, sarta Putra Manusa bakal ngutus para malaikat-Na ka opat madhab bumi, ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna ti sakuliah jagat, ti tungtung nepi ka tungtung.”

[32] “Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.

[33] Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.

[34] Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.

[35] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna.”

[36] “Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.

[37] Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman Enoh.

[38] Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal.

[39] Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.

[40] Dina mangsa eta, dua jelema anu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.

[41] Dua awewe anu keur ngagiling gandum, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun.

[42] Ku sabab eta sing iyatna, sabab maraneh teu nyaho iraha pisumpingeunana Gusti maraneh.

[43] Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran.

[44] Jadi maraneh kudu caringcing salalawasna, sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh ku maraneh moal kasangka-sangka.”

[45] Saur Yesus deui, “Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.

[46] Untung eta gandek, lamun dununganana datang kasampak keur ngalakonan kawajibanana.

[47] Ku dununganana tangtu bakal dipercaya nguruskeun sagala harta bandana.

[48] Tapi lamun eta gandek teu satia, hatena bakal ngomong yen dununganana moal balik tereh-tereh,

[49] tuluy mimiti tanggal-teunggeul ka sasama gandek, sarta dahar nginum jeung tukang-tukang mabok.

[50] Geus kitu dununganana datang dina poe anu ku manehna teu kasangka-sangka, jeung teu diarep-arep.

[51] Geus tangtu ku dununganana disiksa bebeakan, terus dipiceun ka tempat paragi ngabuang jelema-jelema munapek, bati bisa ceurik nepi ka huntuna tingkereket.”

Injil Anu Diserat Ku Mateus — Chapters