Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:23

[1] Waktu eta Herodes raja di Galilea ngadangu warta hal Yesus.

[2] Saurna ka para pajabatna, “Teu sak deui eta teh Yohanes Jurubaptis hirup deui, mana sakitu kawasana oge nyieun mujijat-mujijat.”

[3] Sabab samemeh eta Herodes geus nitah nangkep Yohanes sarta sina dibarogod, tuluy diasupkeun ka panjara, lantaran tina sual Herodias garwa Pilipus saderekna.

[4] Saur Yohanes harita ka Herodes, “Anjeun teu kenging nikah ka Herodias!”

[5] Saenyana harita Herodes hoyongeun maehan ka Yohanes, tapi sieuneun ku urang Yahudi anu nganggap nabi ka Yohanes.

[6] Dina pesta wewedalan Herodes, putra istri Herodias ngibing di payuneunana jeung tamu-tamu.

[7] Ku bawaning suka Herodes sasauran kieu ka eta murangkalih, “Ama sumpah, sapamenta nyai tantu dikabul!”

[8] Kalawan papatah ibuna, eta murangkalih teh kieu unjukanana, “Nyuhunkeun sirah Yohanes Jurubaptis ayeuna keneh, bantun ka dieu dina baki.”

[9] Raja bingung. Tapi ku sabab geus sumpah kasaksian ku para tamu, tuluy nimbalan ngalaksanakeun panuhun eta murangkalih.

[10] Yohanes diteukteuk mastakana di jero panjara.

[11] Mastakana diserenkeun ka eta murangkalih dina baki, tuluy disanggakeun ka ibuna.

[12] Layon Yohanes ku murid-muridna dicokot tuluy dipendem. Kajadianana dipopoyankeun ka Yesus.

[13] Sanggeus ngadangu warta hal Yohanes, Yesus angkat nyalira ka hiji tempat mencil kana parahu. Tapi jelema-jelema ngadarenge beja, tuluy budal nyarusul make jalan darat.

[14] Waktu lungsur tina parahu, ningali jelema sakitu reana manah Yesus mani ngerik hawatoseun. Anu garering ku Anjeunna tuluy dicalageurkeun.

[15] Sanggeus burit murid-murid nyalampeurkeun sarta arunjukan, “Parantos burit, sareng ieu tempat teh mencil. Jalmi-jalmi sina maleser tedaeunana ka kampung-kampung.”

[16] “Ulah disina arindit,” saur Yesus. “Suguh dahar ku maraneh bae saaya-aya!”

[17] “Kumaha da mung aya roti lima siki sareng lauk dua siki,” jawab murid-murid.

[18] “Bawa ka dieu,” saur Yesus.

[19] Jalma rea ku Anjeunna dipiwarang dariuk dina jukut. Anjeunna nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah muji sukur ka Allah. Rotina disemplekkan tuluy diasongkeun ka murid-murid sina dibagikeun.

[20] Jalma rea dalahar sareubeuheun. Sesa ngadahar ku murid-murid dikumpulkeun meunang dua welas karanjang.

[21] Nu disuguh dahar teh aya lima rebu urang, jaba awewe jeung barudak.

[22] Geus kitu Yesus miwarang murid-murid-Na kana parahu, sina ti hareula meuntas talaga ka peuntas ditu, ari jalma rea dijurung mulang.

[23] Jalma rea arindit. Anjeunna unggah ka pasir rek sembahyang. Sanggeus peuting, Anjeunna nyalira di dinya.

[24] Ari murid-murid geus aya di tengah talaga, parahuna keur digubag-gabig ku ombak lantaran mapag angin.

[25] Antara pukul tilu janari jeung pukul genep isuk, Yesus sumping ka murid-murid, angkatna napak kancang dina cai.

[26] Murid-murid-Na mani ngagarebeg seug tingjarerit, “Jurig!”

[27] Yesus geuwat ngagentra, “Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!”

[28] Ceuk Petrus, “Upami Anjeun leres Yesus, abdi idinan nyampeurkeun, leumpang dina cai!”

[29] “Hiap!” waler Yesus. Petrus turun tina parahu tuluy ngalengkah dina cai nyampeurkeun ka Anjeunna.

[30] Tapi barang aya angin ngahiuk jadi kacida sieuneunana, seug bae tikerelep meh laput. Petrus ngagero, “Gusti, tulungan!”

[31] Ku Yesus buru-buru dikenyang ti jero cai, tuluy dilahiran, “Maneh kurang percaya! Naha asa-asa?”

[32] Tuluy naraek kana parahu, jep angin teh repeh.

[33] Murid-murid nyarembah ka Yesus tuluy arunjukan, “Leres Gusti teh Putra Allah!”

[34] Sanggeus narepi ka peuntas tuluy haranjat di Genesaret.

[35] Urang dinya warawuheun ka Yesus, tuluy nguaran tempat-tempat sakurilingna supaya anu garering dibarawa ka Yesus.

[36] Maranehna nunuhun ka Anjeunna supaya anu garering teh diwidian nyabak kana tungtung jubah-Na bae wungkul. Sakur anu nyabak ka Anjeunna terus cageur.

Injil Anu Diserat Ku Mateus — Chapters