Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:22

[1] Samemeh poe Paska dimimitian, Isa geus ngaraos yen Anjeunna tereh ngantunkeun alam dunya mulang ka kersa Rama-Na. Manah-Na ngait ka murid-murid-Na anu salawasna dipikaasih nepi ka tutug tugas-Na.

[2] Kacatur, dina waktu dahar peuting, Iblis sumanding ka Yudas Iskariot bin Simon, mere pokal pikeun ngahianat ka Isa.

[3] Isa ngaraos geus kapasrahan sagala rupana ti Ramana sarta uninga Anjeunna asal ti Allah sarta kudu mulang deui ka Allah.

[4] Tuluy Anjeunna ngadeg sarta muka jubah-Na; top, kana kaen panyeka; rap, dibeulitkeun kana angkeng-Na;

[5] cur, nyicikeun cai kana baskom; terus Anjeunna ngumbahan suku murid-murid-Na sakalian diseka dituuskeun ku kaen panyeka tea.

[6] Barang nepi ka giliran Petrus, manehna mihatur, «Jungjunan teh bade ngumbah suku abdi?»

[7] Isa ngawaler, «Moal kaharti ayeuna mah ku maneh naon sababna Kami migawe kieu, tapi engke ge kaharti.»

[8] Petrus nempas, «Ulah Jungjunan, paralun teuing Jungjunan dugi ka kedah ngumbah suku abdi!» Waler Isa, «Teu dikumbah ku Kami mah, maneh teh moal meunang naon-naon ti Kami.»

[9] Tembal Petrus, «Upami kitu, ulah mung suku wungkul, neda sakalian bae sareng leungeun katut sirah deuih.»

[10] Waler Isa, «Nu geus mandi mah, teu kudu beberesih deui iwal ti ngumbah suku, tangtu beresih sakujur awak. Maraneh memang geus bararesih, hanjakal henteu kabeh.»

[11] Pangna Anjeunna nyaurkeun henteu kabeh bararesih teh lantaran geus uninga saha anu boga niat ngahianat.

[12] Anggeus ngumbahan suku, Anjeunna dijubah deui terus calik dina urut-Na tadi; pok, sasauran ka sarerea, «Kahalarti maksud pagawean Kami bieu?

[13] Maraneh ka Kami nyarebut Guru jeung Jungjunan. Merenah pisan nyarebut kitu teh. Enya, Kami teh Guru maraneh jeung Jungjunan maraneh.

[14] Kami, Guru jeung Jungjunan maraneh, geus ngumbahan suku maraneh. Ku kituna, maraneh oge wajib silih kumbah suku pada batur.

[15] Bieu Kami teh nyontoan, supaya maraneh oge daraek ngalampahkeun kitu, sakumaha conto ti Kami.

[16] Sing kaharti, harkat badega moal ngaleuwihan dunungan, harkat utusan moal ngaleuwihan anu ngutusna.

[17] Upama geus ngalalarti, pinasti maraneh tinemu jeung bagja lantaran milampah kitu.»

[18] «Ieu omongan Kami teh, henteu ditujukeun ka kabehan. Kami nyaho, saha jelema-jelemana anu beunang Kami milih. Ngan bae ungel Kitab teh kudu tinekanan, nya eta: ‹Jalma anu ngilu ngadahar roti Kami, geus noker ka Kami.›

[19] Memeh eta kajadian, ku Kami dibejakeun ti ayeuna, supaya ana geus kajadian maraneh percaya yen anu ditoker teh Kami.

[20] Cek Kami ka maraneh: Sing saha anu ngaku ka utusan Kami, hakekatna mah ngaku ka Kami. Sing saha anu ngaku ka Kami, hakekatna mah ngaku ka Anu ngutus ka Kami.»

[21] Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna katarajang nalangsa kabina-bina; tuluy pok, Anjeunna nyarios, «Kami rek terus terang bae, yen ti antara maraneh aya saurang anu boga niat nyilakakeun ka Kami.»

[22] Murid-murid silih pelong bari silih taksir saha jelemana.

[23] Aya hiji murid, nu diukna mani meh padempet jeung Isa, ma'lum diasih pisan.

[24] Eta murid, ku Simon Petrus diisarahan sina nanyakeun ka Anjeunna, «Tanyakeun saha kituh jelemana!»

[25] Pok, eta murid, mihatur ka Isa bari ngalendean, «Saha tea jalmina teh, Jungjunan?»

[26] Waler-Na, «Nu ku Kami diasongan roti beunang nyocolkeun kana pinggan; tah eta, jelemana teh.» — bari top kana roti, tuluy dicocolkeun kana pinggan — Ari song teh, diasongkeunana, ka Yudas bin Simon Iskariot.

[27] Ku Yudas ditampanan, harita keneh manehna kasandingan Iblis. Ku Isa terus dijurung ku saur, «Heug geura pigawe niat maneh teh!»

[28] Anu keur dalahar, saurang ge, taya nu ngarti pangna Isa nyarios kitu ka ki Yudas.

[29] Ngan ku sabab ki Yudas teh tukang nyimpen duit, aya anu nyangka, yen manehna dititah barang beuli keur kaperluan pesta atawa dititah mere sidekah ka anu miskin.

[30] Ari ki Yudas, sanggeus nampanan roti, terus ngajengkat; gejlig, manehna indit teu nolih geus peuting.

[31] Sanggeus Yudas indit, Isa nyarios, «Ayeuna Anak Manusa teh geus waktuna dimulyakeun, mancurkeun kamulyaan Allah.

[32] Upama Allah geus dimulyakeun ku parantaraan Anak Manusa, Anak Manusa oge, tanwande dimulyakeun ku Allah tur moal diengkekeun deui.

[33] Anaking, moal lila-lila deui Kami bisa reureujeungan kieu teh; engke, maraneh, tangtu bakal nareangan Kami, tapi sakumaha anu ku Kami geus diomongkeun ka urang Yahudi: Ka tempat anu ku Kami dijugjug, pamohalan maraneh bisa datang. Ka maraneh oge kitu Kami ngomong teh.

[34] Ayeuna, Kami rek mere patokan anyar: Kudu silih pikanyaah pada batur. Sing sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah pada batur.

[35] Sabab ku jalan silih pikanyaah teh, tanwande tembong ka nu sejen, yen maraneh murid Kami.»

[36] Simon Petrus mihatur, «Dupi Jungjunan bade ka mana?» Waler-Na, «Ka hiji tempat, anu ku maneh moal bisa katuturkeun. Sanajan kitu, ari engkena mah, maneh bisa nuturkeun Kami.»

[37] Tembal Petrus, «Naon margina abdi moal tiasa nuturkeun Jungjunan ti ayeuna keneh? Abdi sumeja iklas toh pati demi salira Jungjunan!»

[38] «Jadi, maneh teh rek bela pati ka Kami?» Waler Isa. «Ieu dengekeun omongan Kami: Memeh aya hayam kongkorongok subuh, maneh geus tilu kali mungkiran, ngangles ka Kami.»

Yahya — Chapters