Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:05

[1] Tilu poe ti harita, di lembur Kana, Galilea, aya nu hajat nikahkeun. Ibu Isa angkat ka dinya;

[2] Isa oge jeung murid-murid-Na diondang.

[3] Barang nu hajat beakeun anggur, ibu-Na wawartos ka Isa, «Nu hajat teh seepeun anggur!»

[4] Waler Isa, «Kedah dikumahakeun kitu ku Abdi, ibu? Teu acan waktosna ayeuna mah.»

[5] Tapi ibu-Na marentah ka anu laladen, «Turutkeun engke saparentah-Na!»

[6] Di dinya, aya genep buyung, biasana paranti wawasuh sakumaha tali paranti urang Yahudi, masing-masing bisa muat ti salapan nepi ka dua welas liter.

[7] Tuluy Isa ngadawuh ka nu laladen, «Pinuhan buyung teh ku cai.» Tuluy buyung-buyungna, diareusian sapinuhna.

[8] Isa ngadawuh deui, «Pek siukan, bawa ka ditu, ka nu mangku hajat.» Tuluy ku maranehna dianteurkeun.

[9] Sanggeus ku nu mangku hajat diasaan, cai teh geus jadi anggur, teu nyahoeun asal-asalna mah. Tapi anu laladen, nya eta anu nyiukan tea mah nyarahoeun. Manehna tuluy manggil ki panganten,

[10] pok nyarita, «Biasana nu disuguhkeun ti heula teh anggur nu raos nepi ka warareg, nembe anu kirang raos. Dupi ieu tibalik, nu raosna kaluar nembe ayeuna.»

[11] Eta mujijat di lembur Kana, Galilea, mujijat Isa anu munggaran pisan, dianggo mintonkeun kamulyaana-Na. Ku hal eta, murid-murid-Na jadi mantep hatena percaya ka Anjeunna.

[12] Ti dinya, Isa angkat ka kota Kapernaum disarengan ku ibu-Na, saderek-saderek-Na, jeung ku murid-murid-Na. Di Kapernaumna teu lami, ngan popoean bae.

[13] Sanggeus deukeut kana hari raya Yahudi nu disebut «Paska,» Isa angkat ka Yerusalem.

[14] Di emper Bait Suci ku Anjeunna ka sampak loba tukang dagang, nu dagang sapi, nu dagang domba, tukang japati, jeung tukang nukeur-nukeurkeun duit.

[15] Anjeunna ngarara tali, ngadamel pecut. Tuluy anu daragang teh, kabeh, diusir sadagang-daganganana: Embe, domba, jeung sapi. Tukang nalukeur-nukeurkeun duit, duitna dibahe-bahekeun, mejana dijungkir-jungkirkeun.

[16] Ka nu dagang japati, Isa sasauran, «Bawaan kabeh ka ditu, Panglinggihan Ama Kami, ulah dijarieun pasar.»

[17] Murid-murid-Na, ras bae, inget kana ungelna Kitab Suci anu kieu, «Lantaran banget deudeuhna ka padaleman Anjeun, hate asa kaleleban.»

[18] Urang Yahudi nangtang ngaralawan ka Isa, pokna, «Mana buktina hak Anjeuna nyieun tindakan kieu teh?»

[19] Waler Isa, «Ruag ieu Bait Allah, di jero tilu poe ku Kami rek ditangtungkeun deui.»

[20] Dijawab ku maranehna, «Opat puluh taun ngadegkeun ieu Bait Allah teh! Ari Anjeun sanggup ku tilu poe?»

[21] Padahal, nu ku Isa disebut Bait Allah teh, maksudna mah salira-Na ku Anjeun.

[22] Ngeunaan hal ieu, murid-murid-Na teh kakara aringeteun deui yen Isa geus pernah ngadawuh kitu, nya eta sanggeus Anjeunna hirup deui tina pupus-Na. Ku sabab eta, kakara maranehna percaya kana eusi Kitab Suci jeung ka eta dawuhan Isa tea.

[23] Sabot Anjeunna di Yerusalem, — sapanjang hari raya Paska tea — loba nu jaradi percaya ka Jenengana-Na lantaran narenjo mujijat-mujijat damelana-Na.

[24] Najan kitu maranehna ku Isa henteu didamel andelan; da kabeh ge, ku Anjeunna mah geus kauninga tabeatna teh.

[25] Lian ti eta, Anjeunna ge teu butuh ku katerangan saha bae, tina hal kaayaan manusa mah. Sabab Anjeunna mah, geus uninga kana keretegna hate masing-masing.

Yahya — Chapters