Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:27

[1] «Kami teh tangkal anggur anu saestuna, ari Ama Kami teh anu miarana.

[2] Upama aya dahanna anu teu daek buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan diurus sarta diberesihan, supaya buahna leubeut.

[3] Maraneh geus dibararesihan ku pangandika-Na anu diwurukkeun ku Kami.

[4] Sing tetep manunggal jeung Kami tangtu Kami tetep manunggal jeung maraneh. Sabab sakumaha dahan, mustahil buahan, lamun henteu ngahiji keneh jeung tangkalna. Maraneh oge moal beubeunangan naon-naon, lamun henteu manunggal jeung Kami.

[5] Kami teh tangkal anggurna; ari maraneh, dahan-dahanna. Anu baris aya beubeunanganana teh, nya eta anu hirupna manunggal jeung Kami sarta Kami ge, manunggal jeung manehna teh.

[6] Hirup pisah ti Kami lir dahan geus beunang nilas, baris garing jadi suluh keur durukeun.

[7] Mun maraneh tetep rarumaket ka Kami sarta arariman kana piwuruk Kami; maraneh meunang barang penta naon bae, tanwande ditedunan.

[8] Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami dimulyakeun teh; nya supaya maraneh teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi murid-murid Kami.»

[9] «Kami teh nyaah ka maraneh, cara Ama nyaah ka Kami. Muga hirup maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah Kami.

[10] Mun hayang dipikanyaah, sing nurut kana parentah, cara Kami diasih ku Ama lantaran ngestokeun kana timbalana-Na.

[11] Disebutkeun soteh, supaya maraneh milu ngarasakeun kabagjaan Kami, malar kabagjaan maraneh cacap sampurna.

[12] Parentahna mah, nya eta: Sing silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah maraneh!

[13] Euweuh kanyaah anu ngungkulan kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun pati sajeroning ngabela anu jadi sobat.

[14] Maraneh teh sobat Kami, asal iklas ngalakonan parentah-parentah Kami.

[15] Ku Kami, maraneh moal dianggap badega; da badega mah, moal nyahoeun kana pikarepeun dunungan. Tandana dijieun sobat teh, kapan maraneh ku Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku Ama didawuhkeun ka Kami.

[16] Lain maraneh anu milih Kami, tapi Kami anu geus milih maraneh. Lian ti eta, maraneh oge, — sakumaha dahan-dahan tea — ku Kami teh geus ditangtukeun kudu bral arindit, ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna teh sing datang ka awet langgeng; supaya sagala panuhun maraneh ka Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami, bisa dikabul.

[17] Tah kitu pameredih Kami: Sing silih pikanyaah!»

[18] «Upama maraneh dipikangewa ku dunya, sing inget: Kami mah geus dipikageuleuh ti heula.

[19] Mun maraneh ti kalangan dunya keneh mah, tangtu bae ku maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku lantaran maraneh mah ku Kami geus dipilih, dicokot ti dinya, munasabah dipikageuleuh oge.

[20] Sing inget kana omongan Kami anu kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan harkat dunungan. Upama Kami ku maranehna dikaniaya, maraneh oge tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami ku maranehna didarenge, omongan maraneh oge tangtu didarenge.

[21] Tapi ku lantaran maraneh teh murid Kami, geus tangtu kana dikaniayana teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu ngutus Kami.

[22] Lamun tea mah maranehna ku Kami teu didatangan, teu diwurukan, tangtu moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari geus kitu mah buktina, kadorakaanana hamo bisa diangles ku maranehna.

[23] Jalma anu mikangewa ka Kami, eta teh mikangewa ka Rama.

[24] Lamun seug Kami acan kungsi nembongkeun hal-hal anu hamo bisa dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus kitu kajadianana, narenjo pagawean-pagawean Kami teh maranehna anggur ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami.

[25] Dasar kudu tinekanan ungel timbalan anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‹Tanpa sabab, maranehna geus mikageuleuh ka Kami.›

[26] Tapi engke oge datang Pangaping, Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti Ama Kami jeung anu baris diutus ku Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal netelakeun saha saenya-enyana Kami teh.

[27] Tapi maraneh oge kudu marere panyaksen, netelakeun nu eces saha saenyana Kami teh. Sabab maraneh, geus hirup babarengan jeung Kami ti awal mulana keneh.»

Yahya — Chapters