[1] Pilatus marentahkeun supaya Isa dirangket.
[2] Ari serdadu-serdadu, nyieun makuta tina cucuk; seug dianggokeun kana mastaka-Na bari diharuduman ku jubah ungu.
[3] Geus kitu, serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat ka Anjeunna. «Wilujeng, Raja urang Yahudi!» Pokna, bari nyararabokan.
[4] Pilatus ka luar deui, sasauran ka urang Yahudi, «Tarenjo, jelema-Na ku kami dibawa ka luar deui, supaya maraneh nyaho yen ku kami teu kapanggih dosa-Na.»
[5] Bari Isa dijonghokkeun, — beunang ngamakutaan ku cucuk jeung diharuduman ku jubah ungu — pok anjeunna ngalahir deui, «Pek, tarenjo ieu jelema.»
[6] Ger bae, imam-imam kapala jeung wakil-wakil resmi bangsa Yahudi sejenna raong, pokna, «Gantung, gantung dina kayu salib!» Saur Pilatus, «Jung barawa, gantung ku maraneh bae; sabab ku kami mah, teu kapanggih dosa-Na.»
[7] Urang Yahudi ngajarawab, «Cek hukum bangsa simkuring mah, eta Jelema teh, kudu dipaehan. Sabab manehna, ngaku-ngaku Putra Allah!»
[8] Ningali maranehna kitu, Pilatus beuki seber bae,
[9] tuluy lebet deui ka rohangan pangadilan, mariksa deui ka Isa, saur-na, «Ari Maneh ti mana nya asal?» Tapi ku Isa henteu diwaler.
[10] Saur Pilatus, «Maneh teh embung ngajawab? Na teu nyaho yen kami kawasa ngabebaskeun atawa ngahukum gantung ka Maneh?»
[11] Waler Isa, «Anjeun henteu kagungan kawasa naon-naon ka Simkuring, kajabi upami aya idin ti Nu linggih di sawarga. Kitu nu mawi jalmi-jalmi anu nyerenkeun Simkuring ka dieu, dosana leuwih gede ti batan dosa anjeun.»
[12] Pilatus saiasa-iasana milari tarekah, supaya Isa bisa bebas. Tapi urang Yahudi tingcorowok deui, «Upama eta Jelema dibebaskeun, tetela anjeun teh ngalawan ka Sang Prabu. Margi saha-saha anu ngajenengkeun maneh jadi raja, eta teh geus ngalawan ka Prabu.»
[13] Sanggeus dijawab kitu, Pilatus marentahkeun supaya Isa dibijilkeun; ari anjeunna mah linggih dina bagian rohangan pangadilan anu disebut Litostrotos, basa Ibranina: Gabata, hartina panggung batu.
[14] Harita teh poe sasadiaan Paska, kira-kira pukul dua welas beurang. Pilatus ngalahir, «Tah ieu, Raja maraneh teh!»
[15] Urang Yahudi tinggorowok deui, «Singkirkeun, singkirkeun!» Saur Pilatus, «Jadi, ieu Raja maraneh teh ku kami kudu digantung?» Imam-imam kapala ngajarawab, «Simkuring teu gaduh deui raja, iwal ti Prabu!»
[16] Tungtungna, Pilatus nyerah; Isa diserenkeun ka maranehna sina digantung. Geus kitu, tuluy Isa dibawa ku maranehna.
[17] Isa digiring ka hiji tempat anu dina basa Ibrani disebut Gulguta, — hartina: tempat tangkorek — bari di sina manggul kayu salib-Na ku anjeun.
[18] Nya di dinya, Anjeunna digantung teh, bareng jeung dua penjahat nu digantung di kencaeun jeung katuhueun-Na; ari Isa di tengah.
[19] Dina pucuk salib, Pilatus nulis kieu: Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi.
[20] Kabaca ku pirang-pirang urang Yahudi, kawantu tempat eta teh deukeut ka kota; ditulisna, dina basa Ibrani, Laten, jeung Yunani.
[21] Imam-imam kapala urang Yahudi arunjukan ka Pilatus, pokna, «Kalimahna saena mah ulah Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi, nanging: Kami Raja Urang Yahudi.»
[22] Waler Pilatus, «Naon nu geus ditulis ku kami, eta tetep moal dirobah.»
[23] Sanggeus digantung ku serdadu-serdadu, anggoana-Na ku maranehna dibagi jadi opat bagian, masing-masing meunang sabagian. Barang jubah-Na rek dibagi, horeng ngan mangrupa lawon sagebar nu teu dikaput.
[24] Cek serdadu-serdadu, «Ulah dipotongan, urang lotrekeun bae ku saha engke beunangna.» Lebah dieu bukti pisan unina Kitab Suci anu kieu: Papakean Kami dibagikeun, jubah Kami dilotrekeun. Nya kitu pisan anu dijalankeun ku serdadu-serdadu, harita teh.
[25] Deukeut salib-Na aya ibu-Na jeung saderek ibu-Na, nya eta Maryam, bojona Kleopas, jeung Maryam Magdalena.
[26] Barang Anjeunna ningali, yen ibu-Na jeung murid nu dipikaasih-Na aya di dinya; Isa sasauran ka ibu-Na, saur-Na, «Ibu, eta teh tuang putra!»
[27] Ari ka eta murid saur-Na teh, «Eta teh indung hidep!» Ti harita ibu-Na ku eta murid dibawa ka imahna, diaku sarta dirawatan.
[28] Sanggeus kitu, Isa ngaraos yen kiwari sagala rupana geus beres. Anjeunna nyoara deui (luyu jeung anu kaungel dina Kitab Suci) saur-Na, «Kami halabhab!»
[29] Di dinya, memang geus disadiakeun anggur nu rasana haseum, sawadah. Tuluy aya anu niirkeun sepon kana gantar dianclomkeun ka dinya, seug diantelkeun kana lambey-Na.
[30] Sanggeus ngaraosan, Anjeunna nyoara deui, saur-Na, «Geus cacap!» Geus kitu, mastaka-Na ngulahek lantaran Anjeunna geus masrahkeun nyawa-Na.
[31] Ku lantaran poe eta malem Paska, hukuman-hukuman teh teu meunang diingkeun dina kayu salib nepi ka poe Sabat, isukna. Komo Sabat anu harita mah, Sabat istimewa. Urang Yahudi marenta idin ka Pilatus, nya eta pikeun mingges-minggeskeun suku anu keur digarantung tea, supaya mayit-mayitna bisa gancang diturunkeun.
[32] Prak bae, hukuman-hukuman teh, ku serdadu-serdadu dipingges-pinggeskeun sukuna. Mimiti anu saurang terus anu saurang deui.
[33] Barang giliran Isa, eta serdadu-serdadu teu tulus minggeskeun sampeana-Na lantaran geus tetela pupus.
[34] Tapi aya salah saurang serdadu, anu bres bae numbak kana angkeng-Na. Cur, harita keneh, bijilan getih jeung cai.
[35] Eta kajadian teh geus ka tenjoeun ku hiji jelema. Naon nu geus kasaksian ku eta jelema teh, beunang dipercaya. Manehna yakin, yen naon anu geus kasaksian ku manehna teh enya-enya kajadian. Ku sabab eta, urang oge bisa percaya kana kateranganana.
[36] Kaayaan Anjeunna anu kitu teh, cocog pisan jeung anu geus kaungel dina Kitab Suci, kieu: «Tulang Anjeunna, sahiji oge, moal aya anu dipotongkeun.»
[37] Aya deui, ayat Kitab Suci anu ungelna, «Maranehna bakal neuteup ka salira-Na, anu ku maranehna ditumbak tea.»
[38] Geus kitu, Yusup, urang Arimatea (salah saurang murid Isa kalawan susulumputan lantaran sieun ku urang Yahudi), ngadeuheus ka Pilatus; anjeunna menta idin pikeun nurunkeun layon Isa. Sanggeus kawidian, layon-Na teh diturunkeun.
[39] Nikodemus oge, — anu bareto kungsi ngadeuheus ka Isa peuting-peuting tea — milu bari mawa minyak emur anu dicampur jeung minyak candana kira-kira lima puluh kilo lobana.
[40] Layon-Na diturunkeun ku duaan, tuluy dibungkus ku boeh jeung dibauran rarampean sakumaha adat kabiasaan urang Yahudi ari ngamakamkeun mayit.
[41] Di dinya, deukeut tempat Isa disalib, aya hiji taman; di dinya teh aya hiji guha, — pikeun ngamakamkeun mayit — anu can kungsi dipake.
[42] Ku sabab harita teh pikeun urang Yahudi mah poe panyadiaan Paska tea, layon Isa teh di lebetkeun ka dinya bae.