[1] Barang Jungjunan urang uninga, yen urang-urang Parisi nyarahoeun Anjeunna geus ngabaptis leuwih loba sarta kenging murid leuwih loba batan Yahya,
[2] — padahal anu ngabaptisna mah murid-murid-Na, lain Isa ku anjeun—,
[3] Anjeunna tuluy angkat deui bae ka Galilea, ngantunkeun Yudea.
[4] Ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria.
[5] Angkat-Na geus nepi ka kota Sikar di daerah Samaria, teu jauh ti tanah milik Yakub anu diwariskeun ka Yusup, putrana.
[6] Di dinya, aya hiji sumur anu katelah sumur Yakub. Ku bawaning ngaraos cape urut angkat sakitu tebihna; gek, Isa calik sisi eta sumur. Harita teh kira-kira pukul dua welas beurang.
[7] Jol wae, aya awewe urang Samaria rek ngala cai. Ku Isa dipundutan, saur-Na, «Cik menta cai, hayang nginum!»
[8] Ari murid-murid mah teu araya, da keur ka kota meuli dahareun.
[9] Eta wanita ngawangsul, «Naha mundut ngaleueut ka abdi urang Samaria? Kapan Anjeun teh urang Yahudi!» (Urang Yahudi mah cadu cacampuran jeung urang Samaria).
[10] Waler Isa, «Lamun Nyai terang mah kana nugraha ti Allah, jeung wawuh ka nu menta nginum, tangtu Nyai anu menta nginum teh ka Kami, tur tangtu dibere cai cikahuripan.»
[11] Jawab eta awewe, «Timana Anjeun iasa masihan cai cikahuripan? Teu nyandak timba-timba acan, mangkaning jero pisan ieu sumur teh.
[12] Naha Anjeun teh langkung punjul ti Yakub karuhun abdi, nu ngawakapkeun ieu sumur ka urang dieu? Yakub ku anjeun sapala putra ngaleueutna teh di dieu, kitu deui ingon-ingonna.»
[13] Waler Isa, «Nginum tina sumur ieu mah bakal halabhab deui;
[14] tapi cai nu rek dibikeun ku Kami mah, moal matak halabhab-halabhab deui sapapanjangna oge. Sabab cai pamere Kami mah, bakal ngajadi cinyusu di jero diri nu nginumna; anu moal saat-saat nepi ka hirup di kalanggengan oge.»
[15] Cek eta awewe, «Mangga atuh pasihkeun ayeuna, supados abdi ulah halabhab-halabhab deui sareng teu kedah nimba-nimba deui ti dieu.»
[16] Saur Isa, «Teang heula salaki, sina ka dieu.»
[17] Tembalna, «Teu gaduh salaki abdi mah.» Saur Isa deui, «Bener, Nyai memang teu boga salaki.
[18] Tapi Nyai geus lima kali boga salaki. Nu ayeuna mah lain salaki. Pangakuan Nyai bener.»
[19] Tembalna, «Jungjunan, moal lepat, yakin yen Jungjunan teh nabi!
[20] Karuhun abdi ngalakonan ibadahna di dieu, di gunung; nanging sanggem urang Yahudi mah, kedah di Yerusalem.»
[21] Saur Isa, «Sing percaya ka Kami, engke mah ngabakti ka Allah teh di gunung ieu lain, di Yerusalem lain.
[22] Urang dieu mah, nyarembahna teh kana sesembahan anu asing, ari Kami mah wawuh saha Anu disembah teh. Sabab kasalametan mah, jalanna ti bangsa Yahudi.
[23] Tapi tangtu cunduk waktu datang mangsa, — malah ayeuna ge geus mimiti—, umat anu tulen ibadah teh, nya eta anu nyembah ka Rama kalawan roh jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti nurutkeun pangersa Allah mah.
[24] Ari Allah teh sipat Ruh, jadi babakti ka Anjeunna ge ngalampahkeunana kudu kalawan roh jeung kayaktian.»
[25] Diwalon ku eta awewe, «Abdi ge terang, yen engke rek aya nu sumping, nya eta Al Masih tea. Upami Anjeunna parantos sumping, sagala rupi perkawis tangtos ku Anjeunna diterangkeun.»
[26] Saur Isa, «Kapan ieu Al Masih teh, nya anu ayeuna keur cacarita.»
[27] Sabot kitu murid-murid daratang; kacida hareraneunana nenjo Guruna keur sasauran jeung awewe teh; tapi saurang oge, teu aya nu wani naros: Nuju mundut naon? atawa: Nuju nyarioskeun naon?
[28] Ari awewe tea, cul buyung terus indit ka kota, hariweusweus ka batur-baturna;
[29] «Leuh, aya jelema wet nyahoeun kana sagala lampah kuring! Boa-boa Al Masih tea! Hayu urang ka ditu!»
[30] Bral bae arindit manggihan Anjeunna.
[31] Sajeroning kitu, murid-murid ngahaturkeun tuangeun, pokna, «Rabi mangga geura tuang.»
[32] Tapi waler-Na, «Geus boga dahareun mah. Tapi maraneh mah, acan nyaho kana rupana.»
[33] Murid-murid silih tanya pada batur, «Aya nu ngintunan kitu?»
[34] Saur Isa, «Kadaharan Kami mah, nya eta: Ngalampahkeun pangersa Anjeunna, Anu ngutus ka Kami jeung nganggeuskeun padamelana-Na.
[35] Opat bulan deui ge dibuat, lain kitu cek maraneh? Geura tuh, pasawahan sakitu legana! Parena geus karoneng, meujeuhna dipibuatan.
[36] Malah nu kudu dibuatna ge geus narima buruhanana, tinggal ngumpulkeun beubeunanganana, pibekeleun hirup di kalanggengan, supaya boh nu melak boh nu dibuat sarua suka bungahna.
[37] Sabab bener cek kacapangan: ‹Aya nu kudu melak, aya nu kudu ngala.›
[38] Nya maraneh ku Kami dititah ngalana, da melakna mah geus nitah nu sejen; maraneh nu wajib metik hasilna.»
[39] Ku caritaan awewe nu tadi tea, anu nyebutkeun, «Anjeunna uningaeun kana kabeh lampah kuring;» ahirna, loba urang Samaria anu percaya ka Isa.
[40] Sanggeus pada terang, ku maranehna Anjeunna diandeg; sarta Anjeunna ngarereb heula dua poe di maranehna.
[41] Sanggeus ngadarenge kasaurana-Na, beuki loba bae urang Samaria anu percaya ka Anjeunna.
[42] Ceuk maranehna ka awewe tea, «Urang oge percaya ayeuna mah, tapi lain ku carita maneh bae; sabab ayeuna mah, geus ngadenge sorangan. Yakin urang oge, Anjeunna teh tetela Juru Salametna alam dunya.»
[43] Sanggeus dua poe tea, Isa angkat deui ti dinya ngabujeng ka Galilea,
[44] sabab Isa ku anjeun kungsi nyaurkeun, yen di lemburna sorangan mah nabi teh tara dihargaan.
[45] Sasumping-Na di Galilea, Anjeunna pada ngabageakeun. Sabab urang dinya, geus kungsi nyaraksian sakur anu ku Anjeunna dipidamel di Yerusalem, waktu maranehna keur milu kana pesta di dinya.
[46] Ti dinya Isa mulih deui ka lembur Kana (Galilea), tempat Anjeunna ngadamel cai jadi anggur tea. Di dinya, aya hiji pagawe karaton; anakna teh keur gering di Kapernaum.
[47] Barang ngadenge beja yen Isa geus mulih ti Yudea ka Galilea, teras bae nepungan, menta tulung supaya Anjeunna kersa sumping nyageurkeun anakna nu geus samar kana menyat deui.
[48] Saur Isa ka manehna, «Maraneh moal percaya, lamun henteu nenjo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat mah!»
[49] Wangsul pagawe karaton, «Jungjunan, mugi sumping, meungpeung pun anak teu acan maot!»
[50] Saur Isa, «Geura mulang, anak anjeun hirup!» Eta jelema percaya pisan kana dawuhana-Na, tuluy balik.
[51] Di jalan keneh manehna papapag jeung bujang-bujangna, anu ngabejaan yen anakna geus cageur.
[52] Ka bujangna ditanyakeun pukul sabaraha mimiti cageurna. Dijawab, «Kamari, tabuh satu siang panasna rerep.»
[53] Bapa budak teh ingeteun yen wanci eta pisan Isa ngadawuh-Na, «Anak anjeun hirup.» Geus kitu mah, manehna — kitu deui kulawargana — jadi percaya ka Isa.
[54] Eta kajadian teh, tanda mujijat kadua — di Kana — anu dipidamel ku Isa, samulih-Na ti Yudea ka Galilea tea.