Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:32

[1] Simkuring sabatur-batur mah, anggap bae, kawula-kawula Al Masih anu keur dipercaya ngemban rasiah Allah.

[2] Ari nu dipercaya teh, tangtu kudu beunang dipercaya.

[3] Simkuring onaman diputus ku sasaha ge, boh ku aranjeun boh ku pihak sejen, meh teu aya hartina. Simkuring sorangan teu wenang nangtukeun,

[4] da teu terang naon-naon, tur can tangtu simkuring teh dibenerkeun. Anging Pangeran nu wenang mutuskeunana.

[5] Ku sabab eta, urang ulah rusuh-rusuh ngahukuman memeh Gusti Jungjunan urang sumping. Engke, Anjeunna anu bakal ngabuka hal-hal anu ayeuna masih keneh samar, ku sabab poek tea; sarta ngaboker sagala pangreka hate manusa. Nya harita, satiap jalma bakal nampa panghargaan anu satimpal ti Allah.

[6] Anu ditataan tadi ngeunaan simkuring jeung Apolos, pikeun conto ka aranjeun sangkan: ‹Ulah liwat ti nu geus kaserat dina Kitab.› Sangkan ulah ngutamakeun nu saurang, ngapeskeun anu sejenna.

[7] Saha karah anu nganggap aranjeun sakitu pentingna teh? Jeung naon pangaboga aranjeun anu henteu katarima teh? Sabalikna, upama katarima, naha make adigung kawas ka beunang ihtiar sorangan bae?

[8] Sihoreng, aranjeun teh geus sugih mukti! Henteu jeung simkuring ge teu burung jadi raja, nya? Leuh, untung atuh mun enya mah jadi raja! Meureun simkuring sabatur-batur oge bisa milu jadi raja!

[9] Ma'lum simkuring mah, ceuk pamikir: Enya oge jadi rasul, ari tempat mah ti Allah teh pangbocetna; kawas anu geus dikeunaan hukum pati, tongtoneun dunya, sarta lalajoaneun pada jelema jeung malaikat.

[10] Kumawula ka Al Masih teh, rasul-rasul mah, anggur barodo; teu kawas aranjeun, aya di Al Masih teh jadi laluhung; rasul-rasul mah, jadi nu apes; aranjeun mah, jaya; rasul-rasul mah, laip; aranjeun mah, mulya harkat.

[11] Nepi ka kiwari pisan, rasul-rasul mah, nya lapar nya kalantar, rudin, pada ngutiplak, jeung hirupna ge utrak-atrok.

[12] Keur sahuap sakopeunana kudu banting tulang heula. Ana aya nu nyarekan, nu nyarekanana kudu didoakeun; mun diteungteuinganan teu meunang ngalawan.

[13] Ka anu ngagogoreng kudu angger sareh bae. Ma'lum nepi ka kiwari ge, rasul-rasul mah dijieun runtah anu ngabalaan jagat.

[14] Ieu dituliskeun ka aranjeun soteh, simkuring mah lain rek nyindiran; tapi rek mepelingan, tina geus asa ka anak sorangan.

[15] Sabab najan aranjeun boga guru sarebu anu nungtun ngadidik iman ka Al Masih, ari anu jadi bapa mah teu loba. Simkuring teh, — dina kamanunggalan jeung Al Masih — lir bapa aranjeun lantaran Injil anu diwawarkeun ka aranjeun.

[16] Ku sabab eta, cik ieu bapa aranjeun teh jadikeun tuladan.

[17] Nya patali jeung ieu, nu matak simkuring ngajurungkeun Timoteus; Timoteus teh, — jalma anu sumujud ka Gusti, kanyaah simkuring jeg ka anak — ku simkuring dititah ngingetan aranjeun ngeunaan jalan-jalaning iman ka Al Masih; nya sakumaha anu ku simkuring biasa diwurukkeun di mana-mana, di saban jamaah.

[18] Simkuring terang, yen di aranjeun, aya sawatara jalma anu jadi garumede; panyangkana, simkuring moal wani ka dinya-dinya deui.

[19] Puguh simkuring arek buru-buru ka dinya, manawi diparengkeun mah ku Allah. Engke, moal teu kanyahoan, eta kasombongan maranehna teh; naha aya kakuatanana?

[20] Sabab ngadegna Karajaan Allah mah, lain ku gede omong, tapi ku pangawasa-Na.

[21] Kumaha ayeuna kahayang aranjeun? Hayang dibawakeun pecut atawa dibawakeun hate anu pinuh ku kanyaah?

1 Korinta — Chapters