[1] Basa keur mimiti ka aranjeun, simkuring teh can bisa cumarita kawas ka jalma-jalma anu geus hirup dina karohanian, tapi kawas ka jalma-jalma umumna bae; da aranjeun, harita mah, di Al Masih teh sasat orok keneh.
[2] Ibarat kudu dibere cisusu keneh lantaran can kuat. Najan kitu, ayeuna ge, aranjeun teh tetela can kuatna.
[3] Aranjeun teh masih keneh bae jadi ahli duniawi. Sabab aranjeun teh, masih katerap keneh ku pasirikan jeung pacekcokan. Lain masih keneh jadi ahli duniawi ari nu kitu?
[4] Make cekcok, aya nu ngaku golongan Paulus, aya nu ngaku golongan Apolos. Lain ahli duniawi ari kitu?
[5] Naon pangkatna Paulus teh? Naon pangkatna Apolos teh? Teu kurang teu leuwih ti kawula-kawula Pangeran, anu dipake lantaran sangkan aranjeun percaya sarta masing-masing nurutkeun kumaha dikersakeuna-Na:
[6] Simkuring anu ngipuk, Apolos anu nyeboran; ari anu maparin hirup huripna mah, Gusti Allah.
[7] Teu penting anu ngipuk jeung nyeboran mah, anu penting teh Allah anu ngajadikeunana.
[8] Anu ngipuk jeung nu nyebor taya bedana, masing-masing meunang buruhan anu saimbang jeung pagaweanana.
[9] Simkuring jeung anjeunna teh, ku Allah dicandak, nya eta pikeun barang damel babarengan; ari aranjeun, ibarat huma-Na atawa wawangunan kagungana-Na.
[10] Kalayan rahmat kurnia Allah, simkuring, — ibarat tukang wawangunan anu ahli — geus masang hiji pademen pikeun diadegan ku nu sejen. Anu ngadegkeun di dinya, kudu nyaluyukeun adeganana jeung eta.
[11] Sababna, moal aya nu bisa masang pademen sejen di dinya. Ari anu jadi pademenna teh, nya eta Isa Al Masih ku anjeun.
[12] Anu ngadegkeun di dinya, naha rek tina bahan emas, perak, batu-batu permata, kai, eurih, atawa jarami,
[13] kudu geus ngawangwang ti memehna, yen pagaweanana sakali mangsa baris diuji. Sabab baris aya seuneu dina Poean Pangeran, anu nguji pagawean saban jalma.
[14] Lamun wawangunan beunangna tea tahan uji, baris karasa ganjaranana.
[15] Sabalikna, upama pagaweanana teu tahan ku seuneu, tangtu mubadir tur nandang rugi. Najan dirina salamet, tapi tangtu ngaligincing, sasat geus milu kahuru.
[16] Na can aruninga, yen aranjeun teh bait panglinggihan Allah; nya tempatna Ruh Allah.
[17] Sing saha anu ngaruksak panglinggihan Allah, tangtu ku Allah diruksak; sabab panglinggihana-Na teh, suci; aranjeun Bait Suci panglinggihana-Na teh.
[18] Poma ulah katipu ku diri. Ulah asa aing pinter di dunya teh. Mending ngarumasakeun bodo, supaya enya jadi anu pinter.
[19] Sabab kapinteran manusa, di payuneun Allah mah, bodo balilu. Ceuk Kitab: ‹Mantenna ngelehkeun anu palinter ku kapinteran maranehna keneh.›
[20] Dina bagian sejen kaserat: ‹Pangeran langkung uninga kana pangrekaning nu baroga elmu, kabeh ge percumah.›
[21] Ku sabab eta, ulah sok paunggul-unggul pamingpin, da kabeh ge geus jadi milik aranjeun:
[22] Paulus, Apolos, Kepas, dunya ieu, hirup jeung paeh, alam kiwari jeung jaga, kabeh geus jadi milik aranjeun.
[23] Tapi aranjeun ge milik-Na Al Masih, ari Al Masih kagungan Allah.