Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:52

[1] Pek tulad simkuring teh, saperti simkuring nulad ka Al Masih.

[2] Nuhun pisan, aranjeun aringet ka simkuring tur tigin kana aturan-aturan ti simkuring.

[3] Ngan pamenta simkuring mah, aranjeun mangka terang: Al Masih teh jadi sirah pikeun lalaki, ari lalaki jadi sirah pikeun awewe, sarta Allah jadi mastaka Al Masih.

[4] Ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah, lalaki mah ulah make tiung; sabab eta teh, ngahina ka nu jadi sirah.

[5] Sabalikna, awewe, ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah kudu make tiung. Lamun henteu, eta awewe teh, sarua jeung ngahina ka nu jadi sirah sabab sarua jeung awewe gundul.

[6] Ti batan awewe teu ditiung mah, mending gunting bae buukna. Jadi, awewe mah, kudu ditiung; da buuk tukung atawa gundul teh, di awewe mah, hina.

[7] Lalaki teh gambaran Allah, nyumiratkeun kamulyaan Allah; jadi, lalaki mah, ulah ditiung. Ari awewe gambaran anu nyumiratkeun kamulyaan lalaki.

[8] Sabab lain lalaki, anu asal ti awewe; tapi awewe, anu asal ti lalaki.

[9] Lalaki ge, diciptakeun teh lain pikeun awewe; sabalikna, awewe diciptakeun pikeun lalaki.

[10] Ku sabab eta, — ku karana malaikat-malaikat — awewe teh, sirahna kudu ditiung pikeun ciri kawanitaanana.

[11] Tapi papadaning kitu, — dina kamanunggalan jeung Gusti mah — awewe gumantung ka lalaki sarta lalaki gumantung ka awewe;

[12] da puguh, awewe teh asal ti lalaki; lalaki ge kitu, dijurukeun ku awewe; tapi sagala rupa oge, ari asalna mah ti Allah.

[13] Rarasakeun bae ku aranjeun, naha pantes awewe ngadoa ka Allah teu make tiung?

[14] Kudrat alam oge nembongkeun, yen buuk panjang teh, di lalaki mah hina.

[15] Sabalikna, pikeun awewe mah, buuk panjang teh tanda kamulyaan. Eta sababna, awewe mah, ku alam dibere anugrah buuk panjang; nya pikeun tiung sirahna tea.

[16] Kanu rek ngabantah kana ieu adat, simkuring netelakeun: Bangsa urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.

[17] Dina sual sejenna, nya eta caraning aranjeun sidekah jamaah, kacida cawadeunana. Lantaran dina prakna, rea keneh gorengna batan hadena.

[18] Simkuring meunang beja: Majar aranjeun, ari sidekah jamaah teh, sok aing-aingan sagolongan-sagolongan. Simkuring rada percaya kana eta beja teh;

[19] da aranjeun mah, memang sok pasalingsingan paham tur simkuring ge nyaho, mana-manana anu bener.

[20] Anu kuduna rempug ngariung hajat ti Gusti Jungjunan urang teh, dina prakna mah, lain-lainna deui.

[21] Aranjeun pada paheula-heula murak sisihan bawana sorangan. Tungtungna, anu lapar angger lapar; nu seubeuh, nepi ka weureu kaseubeuhan.

[22] Na aranjeun teu bisa dahar di imah heula? Atawa arek ngahina ka jamaah Allah? Atawa ngahaja arek ngabibita batur anu taya kaboga? Cik, lebah mana pujieunana? Sama sakali lain pujieun!

[23] Da hajat anu asalna ti Gusti Jungjunan urang mah, kapan diajarkeunana ge ku simkuring teh, kieu: Dina peutingan Anjeunna ditangkep, Isa, Gusti Jungjunan urang, nyandak roti.

[24] Tuluy muji sukur sarta rotina disemplekan. Ti dinya Anjeunna sasauran: ‹Ieu tampanan, dalahar. Ieu teh badan Kami anu dikurbankeun pikeun kasalametan maraneh. Lampahkeun ieu hal, pikeun panginget-nginget ka Kami.›

[25] Rengse eta, Anjeunna nyandak lumur, bari saur-Na: ‹Ieu lumur tanda perjangjian anyar anu disahkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum kieu, kudu inget ka Kami.›

[26] Jadi, satiap-tiap aranjeun ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; aranjeun teh, nganyatakeun pupusna Gusti Jungjunan urang, nepi ka mangsa sumping-Na deui.

[27] Ku lantaran eta, saha-saha anu ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; tapi anu ngalampahkeunana tanpa tata kasopanan, eta teh doraka, ngotoran salira jeung getih Gusti Jungjunan urang.

[28] Ku sabab eta, samemeh prak ngariung dahar jeung nginum tina lumur-Na, kudu nguji heula diri.

[29] Sabab milu kana riungan tanpa pangakuan yen anu disuguhkeun teh salira Gusti Jungjunan urang, sasat geus ngaragragkeun hukuman ka dirina sorangan.

[30] Eta sababna, di aranjeun, loba anu kurang sehat, garering, jeung loba anu maraot oge.

[31] Da upama masing-masing nguji heula diri mah, piraku nepi ka meunang hukuman.

[32] Tapi Pangeran mah, papadaning ngahukum oge, ngadidik; sangkan engke, urang ulah kabaud kana hukuman anu baris tumiba ka ieu dunya.

[33] Ku sabab eta, dulur-dulur! Memeh prak ngariung hajat anu ti Gusti teh, kudu silih tungguan.

[34] Bisi sieun lapar mah, dahar bae heula ti imah; sangkan aranjeun milu kana riungan teh, ulah matak kahukum temahna. Sual-sual sejen mah, urang omongkeun engke bae, ari simkuring datang.

1 Korinta — Chapters