Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:14

[1] Upamana, najan simkuring bisa sagala basa manusa atawa basa malaikat, ari teu boga kanyaah mah, simkuring teu beda ti sora goong.

[2] Najan bisa awas ka nu tacan katingal, telik ka nu gaib-gaib, pinuh ku elmu panemu, boga iman nu sampurna nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu boga kanyaah mah, taya hartina.

[3] Najan simkuring nyidekahkeun saayana pangaboga, — malah najan nepi ka diduruk ngorbankeun maneh — ari henteu boga kanyaah mah, cumah.

[4] Perbawana kanyaah teh: Sabar, teu tegaan, teu sirikan, teu takabur, teu gumede;

[5] tara nyieun teu sopan, tara hayang ngeunah sorangan, tara panasan, tara nginget-nginget kagorengan batur;

[6] Cua kana kateuadilan, resep kana perkara nu bener,

[7] sadrah narimakeun sagala perkara, sarta dibarung ku iman, pangharepan, jeung kasabaran.

[8] Nubuwat-nubuwat aya beakna; basa ajaib aya waktuna teu dipikabutuh deui; elmu pangaweruh aya buntuna. Tapi kanyaah mah, hamo aya panganggeusanana.

[9] Ari sababna, elmu panemu urang teh, henteu sampurna; kitu keneh nubuwat-nubuwat.

[10] Ana anu sampurna geus datang, anu teu sampurna tangtu leungit. —

[11] Keur simkuring budak keneh, ngomong jeung mikir ge, kumaha budak tea bae. Tapi sanggeus simkuring kolot, sipat-sipat budak teh leungit. —

[12] Anu katenjo ku urang ayeuna, nya eta ukur kalangkangna anu samar, di jero eunteung. Engke mah, baris breh wujudna pisan. Hal-hal anu simkuring nyaho, ayeuna mah kakara saeutik, kakara taram-taram. Engke mah, baris nyaho enya-enya, sakumaha Allah maha uninga ka diri simkuring.

[13] Ku kituna, dina hirup urang, sipat-sipat hade teh ngan kari tilu rupa, nya eta Iman, Pangharepan, jeung Kanyaah. Ari anu pangutamana mah, Kanyaah.

1 Korinta — Chapters