[1] Simkuring, basa datang nerangkeun maksad Allah ka dulur-dulur, henteu nganggit-nganggit basa jeung teu make nu luhur-luhur.
[2] Da maksudna oge, lain rek ngayakeun panalungtikan, estu ngan seja ngenalkeun Isa Al Masih anu pupus digantung dina salib.
[3] Sajeroning kitu, ayana di aranjeun ge, simkuring teh nya hengker, nya asa geumpeur, nya ngarasa sieun.
[4] Basa jeung carana simkuring ngawawarkeun ge, jauh ti matak kapincut; tapi nya kitu, da simkuring mah, ngan sumerah kana pituduh jeung kakawasaan Ruh Allah bae.
[5] Nu ku simkuring dipalar mah, nya eta supaya dulur-dulur percaya teh ulah ku karana kapinteran manusa, tapi ku karana kakawasaan Allah.
[6] Tapi ka kalangan luhur mah, nu ku simkuring diwawarkeun teh, memang elmu kapinteran. Ngan lain kapinteran asal ti ieu dunya atawa ti para pamingpin dunya, anu bakal dimusnakeun tea.
[7] Tapi anu diwawarkeun ku simkuring mah, elmu hikmah Allah anu gaib jeung rasiah, anu ku Mantenna disayagikeun ti samemeh alam dunya dijadikeun, nya eta pikeun kamulyaan urang.
[8] Para pamingpin mah, teu nyarahoeun kana ieu hal teh. Mun enya nyarahoeun ge, tangtu moal nepi ka nyalibkeun Rajaning kamulyaan!
[9] Tapi ku Kitab oge geus diserat: ‹Anu can kungsi katenjo ku panon, can kungsi kadenge ku ceuli, can kagerentes ku ati, kabeh ku Allah geus disayagikeun pikeun jalma anu ajrih asih ka Mantenna.›
[10] Eta rasiah Allah, ka urang mah, geus ditembrakkeun ku Ruh Allah. Sabab pikeun Ruh mah, teu aya hal anu buni; sanajan ayana dina manah Allah.
[11] Saha pijalmaeunana anu terang kana eusi hate, iwal ti roh jelemana anu ngancik dina dirina? Kana eusi manah Allah oge, moal aya anu terang, iwal ti Ruh Allah ku manten.
[12] Ari Ruh anu katampa ku urang teh, lain asal ti dunya ieu; tapi asal ti Allah nyalira, nepi ka urang ngarasa enya-enya kana sih kurnia-Na anu sakitu murah asihna.
[13] Perkara ieu, ku simkuring dicaturkeunana lain ku akal pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Ruh Allah. Sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, hal-hal rohani pikeun anu geus mareunang Ruh.
[14] Jalma-jalma duniawi mah, teu milu nampa hal-hal anu asalna ti Ruh Allah; sabab najan narima ge, teu guna, sarta moal kapaham lantaran teu asup kana akalna. Sabab ari anu asal ti Ruh mah, ditimbang-timbangna oge, kudu kalawan pituduh Ruh.
[15] Jalma anu hirup dina karohanian mah, neuleuman saniskara; sabalikna, dirina sorangan mah moal kateuleuman ku batur.
[16] Sabab: ‹Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran, nepi ka bisa mere nasehat ka Mantenna?› Tapi ari urang mah, geus kaserepan panggalih Al Masih.