[1] Ti simkuring, Paulus, anu jadi rasul Isa Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Sostenes dulur urang.
[2] Kahatur jamaah Allah di Korinta, — nu kapilih jadi umat percaya, disucikeun ku karana Isa Al Masih — katut sakabeh umat di mana-mana anu sami muntang ka jenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang; nya Gusti Jungjunan maranehna ongkoh.
[3] Mugi-mugi aranjeun dipaparin rahmat jeung katengtreman ti Allah, Rama urang, jeung ti Isa, Gusti Jungjunan urang tea.
[4] Simkuring teu kendat muji sukur ka Allah, dumeh dina kamanunggalan jeung Isa Al Masih teh, aranjeun geus nampa sih kurnia-Na.
[5] Nya ku lantaran ngesto ka Mantenna, aranjeun dikersakeun sakitu jembarna: Perceka ucap jeung rebo ku kanyaho
[6] anu luyu jeung kanyataan piwuruk Al Masih anu geus diyakinkeun ka aranjeun,
[7] nepi ka aranjeun pinuh ku sih kurnia sajeroning nunggu-nunggu sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.
[8] Iman aranjeun dipengkuhkeun, supaya engke ana Gusti Jungjunan urang sumping, dulur-dulur teu aya cawadeunana.
[9] Eta teh nandakeun, yen Allah, — anu geus ngersakeun aranjeun satunggal jeung Putra-Na, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang — maha satia.
[10] Saterusna, dulur-dulur, simkuring aya pamenta! Demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, muga aranjeun tetep sauyunan, ulah pakia-kia. Sing tetep satunggal dina pikir jeung pangrasa.
[11] Ieu pamenta lantaran simkuring meunang beja ti kulawarga Kloe, magar aranjeun keur pagetreng.
[12] Ceuk nu saurang, kuring mah golongan Paulus. Ceuk saurang deui, kuring mah golongan Apolos; kuring mah golongan Kepas; kuring mah golongan Al Masih.
[13] Na Al Masih teh bisa dibagi-bagi? Na Paulus kitu anu nalangan aranjeun nepi ka digantung teh? Na demi ngaran Paulus kitu aranjeun dibaptis teh?
[14] Nganuhunkeun ka Pangeran, simkuring teu kungsi ngabaptis aranjeun, iwal ti Krispus jeung Gayus.
[15] Asa pimanaeun aya nu rek ngaku-ngaku dibaptis demi ngaran simkuring!
[16] Aya deui anu dibaptis ku simkuring teh, nya eta Stepanus sakulawarga. Salian ti eta mah, sainget simkuring, teu aya deui.
[17] Simkuring diutus ku Al Masih teh, lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun ngawawarkeun Injil. Sanajan kitu, lain ku pipinteranan sorangan ngarang carita, bisi matak cambal kana kakawasaan Salib Al Masih.
[18] Sabab piwuruk hal Salib teh, ari pikeun jelema-jelema anu losna kana picilakaeun mah, siga mahiwal. Sabalikna, pikeun urang mah, — anu geus disalametkeun — eta teh taya lian ti kakawasaan Allah.
[19] Sabab ceuk Kitab: ‹Anu luhung, pangartina ku Kami baris dimusnakeun, anu pinter, kapinteranana baris dileungitkeun.›
[20] Cik mana ahli pikirna, ahli Kitabna, jeung ahli sawalana ieu dunya teh? Lain geus dinyatakeun ku Allah, yen elmu kapinteran ieu dunya teh bodo?
[21] Ku sabab dunya, katut elmu kapinteranana, tetep teu bisa nyaho ka Allah Nu maha Luhung; lajeng Allah ku manten ngersakeun maparin kasalametan ka umat-Na anu percaya, ku jalan pangwawaran Injil anu dianggap mahiwal tea.
[22] Urang Yahudi marenta tanda; urang Yunani nyalukcruk elmu;
[23] ari ku simkuring disodoran wawaran hal Al Masih disalib. Tangtu pikeun urang Yahudi mah, eta teh jadi bahan tatajongan; ari pikeun urang Yunani, eta teh kabodoan.
[24] Tapi pikeun anu geus percaya mah, — boh urang Yahudi boh urang Yunani — Al Masih teh, tegesing kakawasaan Allah jeung kaluhungan Allah.
[25] Sabodo-bodoning Pangeran, leuwih luhung batan manusa; sahengker-hengkerna Pangeran, leuwih bedas batan manusa.
[26] Inget dulur-dulur! Kumaha kaayaan aranjeun waktu mimiti disaur. Geuning nu meunang panyaur teh, lain anu pinter ceuk jelema, lain anu gede pangaruhna, jeung lain menakna.
[27] Sabalikna, anu ceuk dunya bodo, ku Allah dianggo ngera-ngera nu palinter; anu hengker dianggo ngera-ngera anu baredas.
[28] Anu ceuk dunya hina jeung laip, eta anu ku Allah dipilih teh. Malah anu sama sakali teu aya pangajina oge, ku Allah mah dipilih pikeun ngalindih anu luhur harkat.
[29] Eta maksudna, sangkan ulah aya anu adigung dipayuneun Allah.
[30] Dulur-dulur oge, bisana manunggal jeung Al Masih teh, lantaran kurnia Mantenna. Al Masih, ku Allah didamel hikmah pikeun urang. Nya ku Anjeunna, urang diangken bener, disucikeun, sarta ditebus.
[31] Ieu sapagodos jeung nu diserat dina Kitab: ‹Upama rek agul, kudu agul dina kamanunggalan jeung Gusti.›