[1] Ngeunaan anugrah-anugrah anu rohani, dulur-dulur, aranjeun kudu uninga kanyataanana.
[2] Tangtu aranjeun aringet keneh, basa acan terang ka Allah; aranjeun teu ngarasa, yen aranjeun teh sumembah ka brahala anu ngabigeu.
[3] Ku sabab eta, aranjeun ku simkuring rek diyakinkeun; ari jalma anu dituyun ku Ruh Allah mah, pamohalan nyebutkeun: ‹Al Masih jelema dila'nat.› Sabalikna, jelema anu henteu dituyun ku Ruh Allah, pamohalan nyebut ‹Gusti Jungjunan› ka Isa.
[4] Anugrah-anugrah rohani teh rupa-rupa, tapi Ruh anu maparinkeunana mah hiji.
[5] Rupa-rupa caraning ngabakti, tapi Panutan anu dibaktian mah hiji.
[6] Aya rupa-rupa dadamelan nu araheng, tapi kabeh, nu kumaha bae oge, anu ngadamelna mah Allah anu tunggal.
[7] Tiap jalma anu meunang anugrah rohani, kudu ngagunakeun eta anugrah keur kapentingan umat.
[8] Sabab aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur wijaksana; aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur elmu.
[9] Ku Ruh eta keneh, aya anu dipaparin anugrah iman; aya anu dipaparin anugrah bisa nyageurkeun;
[10] aya anu dipaparin anugrah bisa nyieun hal-hal anu luar biasa; aya anu dipaparin anugrah bisa nepikeun nubuwat; aya anu dipaparin anugrah bisa ngabedakeun rupa-rupa roh; aya anu dipaparin anugrah bisa rupa-rupa basa ajaib; aya anu dipaparin anugrah bisa napsirkeun basa-basa ajaib.
[11] Eta anugrah-anugrah, kabeh oge, paparin jeung padamelan Ruh eta keneh, nya eta anu maparinna ka tiap-tiap jalma masing-masing beda-beda, nurutkeun kumaha kersa-Na.
[12] Sakumaha halna badan, anu diwangun ku rupa-rupa babagian sarta babagian-babagian anu sakitu lobana teh, kabeh, ngawujud hiji badan sakujur; kaayaan urang jeung Al Masih oge, kawas kitu.
[13] Ku kituna, urang teh, — boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh jalma kumawula, boh jalma merdika — kabeh geus jadi sabadan. Lantaran geus dibaptis jeung diinuman ku Ruh nu hiji tea.
[14] Sabab badan teh, diwangunna, lain ngan ku sahiji anggahota wungkul, tapi ku rupa-rupa anggahota.
[15] Upama ceuk suku: ‹Kuring mah, lain babagian badan; da lain leungeun,› na enya kitu, suku teu kaasup badan?
[16] Atawa upama ceuk ceuli: ‹Kuring mah, lain babagian badan; da lain mata,› na enya kitu, ceuli teu kaasup badan?
[17] Cik, upama awak sakujur teh, ngan panon bae hiji; naon ari parabot ngadenge? Atawa upama nu jadi awak sakujur teh, ceuli bae hiji; na naon ari parabot ngambeu?
[18] Kapan anggahota anu rupa-rupa teh, masing-masing ku Allah geus dipernahkeun dina badan, dina tempat anu samistina, sarta luyu jeung pangersa-Na.
[19] Upama kabeh, ngan jadi anggahota sahiji; na mana ari awakna?
[20] Memang anggahotana mah, loba; tapi badan mah, ngan hiji.
[21] Ku sabab eta, panon moal bisa ngomong ka ceuli: ‹Urang mah teu butuh maneh!› Sirah moal bisa ngomong ka suku: ‹Urang mah teu butuh maneh!›
[22] Malah babagian awak, anu sigana teu sapira teh, sok leuwih-leuwih dipikabutuhna.
[23] Kitu deui babagian badan anu sigana teu pati kudu dipalire, tampolana, kudu leuwih dipalire. Sarta babagian anu goreng bangunna, kudu enya-enya diriksana.
[24] Ari babagian anu geus alus bangunna mah, teu mikabutuh perhatian urang. Badan urang teh, geus kitu dipidamelna ku Allah; babagian anu sigana teu penting, ku Mantenna dipaparin tugas anu penting;
[25] nya supaya di jero badan ulah aing-aingan, tapi silih pentingkeun.
[26] Upama anggahota anu hiji nyeri, nu sejen-sejenna oge ngarasa nyeri; upama nu hiji didama-dama, anu sejen-sejenna oge, milu kadama-dama.
[27] Aranjeun teh, kabeh, Salira Al Masih; masing-masingna jadi anggahota-Na.
[28] Di jero Jamaah, Allah teh netepkeun sawatara jalma: Kahiji, rasul-rasul; kadua, nabi-nabi; katilu, guru-guru. Saterusna, aya oge anu dipaparin anugrah-anugrah: aya nu bisa ngayakeun mujijat-mujijat; aya anu bisa nyageurkeun; aya anu bisa kana babantu; aya anu bisa ngatur kahirupan Jamaah; aya anu bisa basa ajaib.
[29] Na kudu sarerea kitu jadi rasul, jadi nabi, atawa jadi guru? Na kudu sarerea kitu dikersakeun bisa ngayakeun mujijat?
[30] Na kudu sarerea kitu dipaparin bisa nyageurkeun? Na sarerea kitu kudu bisa basa ajaib atawa bisa napsirkeun basa ajaib?
[31] Anu kudu diihtiaran teh, sangkan aranjeun meunangkeun anugrah rohani anu pangutamana. Simkuring arek nuduhkeun jalanna, anu leuwih hade.