Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:20

[1] Dina taun kalima welas pamarentahan Prabu Tiberius, Pontius Pilatus jadi gupernur di Yudea, Herodes marentah di Galilea, Pilipus saderek Herodes marentah di Iturea jeung Trakonitis; Lisanias marentah di Abilene,

[2] Anas jeung Kayapas jaradi Imam Agung. Nya dina taun eta Allah ngandika ka Yohanes putra Jakaria anu keur mukim di gurun keusik.

[3] Bral Yohanes angkat ka sakuliah wewengkon Walungan Yordan, tuluy ngawuruk, saurna, “Geura tarobat sarta kudu dibaptis, sangkan dihampura dosa ku Allah.”

[4] Hal ieu geus dituliskeun dina Kitab Nabi Yesaya, ungelna: “Aya anu cumeluk di gurun keusik: ‘Sadiakeun jalan keur Pangeran, jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna!

[5] Lebak-lebak urugan, pasir-pasir, gunung-gunung datarkeun. Anu pungkal-pengkol jieun lempeng, anu tarengtong ratakeun.

[6] Sakumna manusa bakal narenjo Allah nyalametkeun manusa!’ ”

[7] Jalma-jalma merul daratang ka Yohanes marenta dibaptis. Ari saur Yohanes ka maranehna, “Maraneh, oray-oray! Ceuk saha maraneh bisa piluputeun tina siksa Allah nu pasti bakal narajang?

[8] Tembongkeun dina tingkah laku, lampah anu nyirikeun yen maraneh geus tarobat tina dosa. Jeung ulah nyebut-nyebut yen maraneh teh turunan Ibrahim. Kaula ngabejaan, Allah iasaeun ngadamel turunan Ibrahim tina ieu batu-batu!

[9] Kampak geus tarapti pikeun nuar tangkal tina akarna; unggal tangkal anu goreng buahanana bakal dituar, alungkeuneun kana seuneu.”

[10] “Kedah kumaha atuh kuring sadaya teh?” jelema-jelema naranya ka anjeunna.

[11] Walerna, “Anu boga baju dua bikeun hiji ka nu teu boga, anu boga dahareun kudu mere ka nu teu boga.”

[12] “Pa guru, dupi kuring kedah kumaha?” tukang-tukang mulung pajeg, anu daratang rek marenta dibaptis.

[13] Walerna, “Ulah narik pajeg leuwih tina jumlah anu geus ditangtukeun.”

[14] Aya serdadu sababaraha urang, naranya kieu, “Dupi kuring, kedah kumaha?” Walerna, “Ulah papaksa ka duit batur, atawa nuding mitenah ngarah duitna. Kudu ngarasa cukup ku duit gajih.”

[15] Jalma-jalma mimiti baroga harepan, sarta hatena mimiti malikir palangsiang anjeunna teh Kristus tea.

[16] Nu matak saur Yohanes deui, “Ari kami mah ngabaptis ka maraneh teh ku cai. Tapi engke aya anu leuwih agung ti batan kami, mangudarkeun tali tarumpah-Na ge kami ngarasa teu layak. Anjeunna mah engke ngabaptisna teh ku Roh Suci jeung seuneu.

[17] Panangana-Na nyepeng nyiru, bakal napikeun kenging-Na ngirik sangkan beresih, tariguna dilebetkeun ka jero leuit kagungana-Na, huutna diduruk di jero seuneu anu moal pareum-pareum.”

[18] Rupa-rupa carana Yohanes ngawurukkeun Injil Kasalametan ka jalma rea, sarta meupeujeuhan sangkan maranehna babalik pikir.

[19] Ari ka Raja Herodes mah anjeunna nyeukseukan, lantaran Herodes migarwa Herodias garwa saderekna, jeung midamel kajahatan-kajahatan lianna.

[20] Tapi Herodes malah nyucudkeun kajahatanana, Yohanes ku anjeunna dipanjara.

[21] Sanggeus jalma rea kabeh dibaptis, Yesus oge dibaptis. Waktu Anjeunna keur sembahyang, bray langit muka,

[22] tuluy lungsur Roh Suci ka Anjeunna dina wujud manuk japati. Geus kitu aya gentra kieu ti sawarga, “Hidep teh putra kaasih Ama. Hidep matak suka kana hate Ama.”

[23] Yesus ngawitan barangdamel, ari yuswa-Na kira-kira geus tilu puluh taun. Ceuk jalma rea Anjeunna teh putra Yusup. Ari Yusup putra Eli,

[24] Eli putra Matat, Matat putra Lewi, Lewi putra Malki, Malki putra Yanai, Yanai putra Yusup,

[25] Yusup putra Matatias, Matatias putra Amos, Amos putra Nahum, Nahum putra Esli, Esli putra Nagai,

[26] Nagai putra Maat, Maat putra Matatias, Matatias putra Simei, Simei putra Yosek, Yosek putra Yoda,

[27] Yoda putra Yohanan, Yohanan putra Resa, Resa putra Serubabel, Serubabel putra Sealtiel, Sealtiel putra Neri,

[28] Neri putra Malki, Malki putra Adi, Adi putra Kosam, Kosam putra Elmadam, Elmadam putra Er,

[29] Er putra Yosua, Yosua putra Elieser, Elieser putra Yorim, Yorim putra Matat, Matat putra Lewi,

[30] Lewi putra Simeon, Simeon putra Yuda, Yuda putra Yusup, Yusup putra Yonam, Yonam putra Elyakim,

[31] Elyakim putra Melea, Melea putra Mena, Mena putra Matata, Matata putra Natan, Natan putra Daud,

[32] Daud putra Isai, Isai putra Obed, Obed putra Boas, Boas putra Salmon, Salmon putra Nahson,

[33] Nahson putra Aminadab, Aminadab putra Admin, Admin putra Arni, Arni putra Hesron, Hesron putra Peres, Peres putra Yuda.

[34] Yuda putra Yakub, Yakub putra Ishak, Ishak putra Ibrahim, Ibrahim putra Terah, Terah putra Nahor,

[35] Nahor putra Serug, Serug putra Rehu, Rehu putra Peleg, Peleg putra Eber, Eber putra Selah,

[36] Selah putra Kainan, Kainan putra Arpaksad, Arpaksad putra Sem, Sem putra Enoh, Enoh putra Lamek,

[37] Lamek putra Metusalah, Metusalah putra Hanok, Hanok putra Yared, Yared putra Mahalalel, Mahalalel putra Kenan,

[38] Kenan putra Enos, Enos putra Set, Set putra Adam, Adam putra Allah.

Injil Anu Diserat Ku Lukas — Chapters