[1] Di Bait Allah Yesus ningali jelema-jelema anu baleunghar keur ngarasupkeun duit kana kotak derma.
[2] Katingalieun oge aya hiji randa anu kacida miskinna, ngasupkeun duit tambaga dua gebleg.
[3] Anjeunna ngalahir, “Ceuk Kami, dermana eta randa miskin leuwih gede ti batan nu sejen.
[4] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari eta randa mah mikeun sakabeh balanja hirupna.”
[5] Murid-murid Yesus sawareh keur ngaromongkeun eta Bait Allah anu sakitu endahna, dipapaes ku batu-batu perhiasan jeung barang-barang pangbakti ka Allah anu kacida aralusna. Yesus ngalahir,
[6] “Eta kabeh, anu ayeuna katarenjo ku maraneh, engke mah aya mangsana diruntuhkeun, nepi ka batu-batuna moal aya anu angger nyusun, kabeh bakal diburubutkeun kana taneuh.”
[7] Murid-murid naranyakeun, “Iraha bakal kajadianana, Pa Guru? Sareng upami mangsana parantos dongkap bakal aya kajadian naon?”
[8] Waler Yesus, “Maraneh masing waspada, ulah beunang kasasabkeun. Loba jelema anu engke bakal make ngaran Kami, ngaku-ngaku, ‘Ieu Kami, Anjeunna tea!’ jeung ‘Nya ayeuna waktuna!’ Ulah digugu.
[9] Lamun maraneh ngadarenge peperangan jeung huru-hara, ulah reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti bakal kajadian samemeh eta waktu datang, tapi eta lain tanda yen geus tereh panungtungan.”
[10] Saur-Na deui, “Bakal aya jaman, bangsa ieu merangan bangsa itu, nagara ieu merangan nagara itu.
[11] Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.
[12] Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami.
[13] Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.
[14] Tekadkeun dina hate ti samemehna, yen maraneh moal rek salempang ku piomongeun pikeun ngabela diri,
[15] sabab ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.
[16] Maraneh bakal diserenkeun ku kolot sorangan, ku dulur sorangan, ku baraya sorangan, ku babaturan sorangan, malah maraneh sawareh bakal diparaehan.
[17] Maraneh bakal pada mikageuleuh ku karana Kami.
[18] Tapi maraneh najan buuk salambar oge moal aya nu murag.
[19] Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.”
[20] “Lamun maraneh nenjo Yerusalem dikepung ku musuh, maraneh kudu nyaraho eta kota geus tereh rugrug.
[21] Jelema-jelema nu araya di Yudea kudu kalabur ka pasir-pasir, nu araya di jero kota kudu kalaluar ti kota, nu araya di pasisian ulah arasup ka kota.
[22] Sabab eta teh galagat datangna ‘Poe-poe Hukuman’, ngalaksanakeun sakur anu geus kaungel dina Kitab Suci.
[23] Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! Ieu tanah bakal katarajang ku kasukeran anu kacida bangetna, jelema-jelemana bakal nandangan hukuman ti Allah.
[24] Aya anu diparaehan ku pedang, aya anu diboyong sarta dipanjara di nagri-nagri sejen. Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak.”
[25] “Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek.
[26] Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang.
[27] Geus kitu breh Putra Manusa tembong, sumping dina mega, kacida kawasa-Na, kacida mulya-Na.
[28] Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.”
[29] Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil: “Tenget-tenget tangkal kondang atawa tatangkalan lianna.
[30] Lamun geus mimiti sarirungan, eta ciciren geus deukeut usum panas.
[31] Kitu keneh lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg.
[32] Maraneh perlu nyaraho, ieu sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu ayeuna harirup paraeh kabeh.
[33] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal datang ka musna.”
[34] “Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah, bisi ujug-ujug kagubed ku eta Poe,
[35] anu lir pangringkus. Sabab eta Poe teh bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi.
[36] Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa.”
[37] Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun.
[38] Unggal isuk jelema-jelema karumpul deui di Bait Allah rek ngadarengekeun piwulang-Na.