Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 9:15

[1] Anu sidang tuluy kabeh narangtung, saterusna mawa Yesus ka Pilatus,

[2] sarta di dinya didakwakeun kieu, “Ieu jalmi katangkep waktos nyasabkeun ka bangsa sim kuring, ngalarang mayar pajeg ka Prabu, sareng ngaku-ngaku Kristus, nya eta raja.”

[3] Pilatus mariksa ka Yesus, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Yesus, “Leres pangandika.”

[4] Pilatus ngalahir ka imam-imam kapala jeung ka jalma loba, “Kami teu manggih sabab pikeun ngahukum ieu Jelema.”

[5] Tapi maranehna beuki ngadesek, pokna, “Pangajarana-Na parantos ngarusuhkeun rahayat di sakuliah Yudea. Ngawitan di Galilea teras dongkap ka dieu.”

[6] Barang Pilatus ngadangu kitu, anjeunna mariksa, “Jadi ieu Jelema teh urang Galilea?”

[7] Sanggeus kauninga yen Yesus asalna ti wilayah cepengan Herodes, tuluy dikintunkeun ka Herodes, anu harita keur aya di Yerusalem.

[8] Herodes kacida atoheunana barang ningali ka Yesus teh, sabab geus ti bareto hoyongeunana ningali ka Anjeunna, lantaran geus sering ngadangu beja hal Anjeunna, jeung hoyongeun ningali Anjeunna ngadamel kaajaiban.

[9] Herodes papariksa rupa-rupa ka Yesus, tapi taya nu diwaler.

[10] Imam-imam kapala jeung guru-guru agama hantem bae ngadakwakeun.

[11] Geus kitu mah Herodes jeung serdadu-serdaduna ngulinkeun jeung maroyokan ka Yesus nista pisan; ti dinya Yesus ku maranehanana dijubahan ku jubah alus, tuluy dikintunkeun deui ka Pilatus.

[12] Ti semet harita Herodes jeung Pilatus jadi nyobat, tadina mumusuhan.

[13] Pilatus nyaur imam-imam kapala, para pamingpin, jeung jalma loba, sina kumpul.

[14] Tuluy ngalahir, “Ieu Jelema ku aranjeun dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rahayat. Ku kami geus dipariksa di dieu, kasaksian ku aranjeun, tetela taya kasalahana-Na atawa kajahatana-Na naon-naon sakumaha dakwaan aranjeun.

[15] Ku Herodes nya kitu keneh teu kapanggih yen salah, nu matak dipulangkeun deui ka kami. Taya kasalahana-Na naon-naon anu manjing hukuman pati.

[16] Ku sabab kitu ku kami arek dirangket bae, tuluy dibebaskeun.” [

[17] Unggal-unggal hari raya Paska Pilatus sok ngabebaskeun hiji sakitan anu dipenta ku rahayat.]

[18] Jelema-jelema tingharaok, “Eta paehan! Barabas bebaskeun!” (

[19] Barabas teh dipanjarana lantaran nyieun huru-hara di kota jeung maehan.)

[20] Pilatus, anu palayeun ngabebaskeun Yesus, sasauran deui ka maranehanana.

[21] Tapi maranehanana tinggarero deui, “Salib! Salib eta jelema!”

[22] Pilatus ngalahir deui katilu kalina, “Tapi naon kajahatana-Na? Kami teu manggih salah-Na anu satimpal jeung hukuman pati! Anu matak ngan rek dirangket bae tuluy dibebaskeun.”

[23] Tapi jelema-jelema teh beuki tarik tinggarerona meak- meakkeun tanaga, menta supaya Yesus disalib. Tungtungna digugu.

[24] Pilatus ngaragragkeun hukum pati ka Yesus, ngabulkeun kahayang maranehna.

[25] Sakitan anu dosana nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta eta jelema-jelema. Ari Yesus ku Pilatus diserenkeun kumaha karep maranehna bae.

[26] Yesus geus dibawa ku serdadu-serdadu. Di jalan papapag jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon anu tas ti tegalan rek ka kota. Ku serdadu-serdadu dicerek, tuluy dipaksa kudu manggul salib pungkureun Yesus.

[27] Anu marilu ngiringkeun Anjeunna kacida lobana, malah aya wanita-wanita anu sapapanjang jalan careurik nyeungceurikan Anjeunna.

[28] Yesus nyoreang ka eta wanita-wanita, pok ngalahir, “Ulah careurik, wanita-wanita Yerusalem! Ulah nyeungceurikan Kami, anggur kudu nyeungceurikan diri sorangan jeung anak.

[29] Sabab engke dina hiji mangsa ka hareup, jelema-jelema bakal ngaromong kieu, ‘Kacida untungna awewe anu can boga anak, anu can kungsi ngajuru, anu can kungsi nyusuan!’

[30] Jalma-jalma dina mangsa eta bakal cumeluk ka gunung-gunung, ‘Gunung! Kuring urugan!’, jeung ngajerit ka pasir-pasir, ‘Pasir! Kuring tindihan!’

[31] Sabab lamun kayu anu seger keneh geus dikieu-kieu, komo kayu anu geus garing!”

[32] Anu rek dihukum pati harita teh aya deui duaan, penjahat, rek dibarengkeun jeung Yesus.

[33] Sanggeus narepi ka hiji tempat anu disebut “Tangkorek”, Yesus disalib di dinya jeung dua penjahat tea, kiwaeun jeung tengeneuna-Na.

[34] Yesus ngalengis, “Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi, reh teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu.” Anggoan Anjeunna dilotrekeun dibagi-bagi.

[35] Jelema-jelema ngadareugdeug, ari pamingpin-pamingpin urang Yahudi maroyokan ka Anjeunna, pokna, “Manehna sok nyalametkeun batur. Keun sina nulungan diri-Na ari enya mah Manehna Kristus pilihan Allah!”

[36] Serdadu-serdadu oge maroyokan, tuluy ngasongan anggur haseum ka Anjeunna,

[37] bari ngomong kieu, “Lamun enya Maneh raja urang Yahudi, pek geura upayakeun diri salamet!”

[38] Di luhureun mastaka Yesus aya tulisan kieu, “Ieu Raja urang Yahudi.”

[39] Penjahat anu keur digantung oge nu saurang milu ngahina, pokna, “Maneh teh Kristus? Tulungan atuh diri teh, jeung dewek ongkoh!”

[40] Tapi disentak ku baturna, pokna, “Ari maneh teu sieun ku Allah? Lain sarua dihukum?

[41] Urang dihukum oge pantes satimpal jeung kalakuan; ari Anjeunna mah euweuh dosana!”

[42] Geus kitu ngalengis ka Yesus, “Nun Yesus, sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!”

[43] Yesus ngawaler, “Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.”

[44] Sanggeus kira-kira pukul dua welas beurang, panonpoe ujug-ujug pareum, reup poek sakurilingna nepi ka pukul tilu sore,

[45] jeung reregan anu ngagantung di jero Bait Allah ngadak-ngadak bedah dua.

[46] Yesus ngajerit, “Nun Ama, ka panangan Ama, Abdi masrahkeun nyawa abdi!” Kereles Anjeunna pupus, puput nyawa.

[47] Aya kajadian kitu ngan pok bae perwira pasukan muji ka Allah, omongna, “Bener ieu Jelema teh hade!”

[48] Jelema-jelema anu keur lalajo, aya kajadian kitu teh alundur baralik, bangun kacida kadaruhungeunana mani nareunggeulan harigu.

[49] Ari kawawuhan-kawawuhan Yesus, jeung istri-istri nu ngariringkeun Anjeunna ti Galilea keneh mah, araya keneh narangtung narenjokeun sakabeh perkara ti kajauhan.

[50] Aya hiji jelema jenenganana Yusup, asal ti Arimatea, hiji kota di Yudea, jelema hade hate tur kaajen, jeung ngarep-ngarep kana ngadegna Karajaan Allah. Anjeunna enya oge anggota Mahkamah Agama, tapi teu nyatujuan kana putusan jeung kalakuan para anggota sejenna.

[52] Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, mundut layon Yesus.

[53] Layon diturunkeun tina salib, dibungkus ku lawon linen, tuluy diebogkeun di hiji pajaratan, guha anu ditatah dina gunung batu, tacan aya nu ngeusian.

[54] Harita teh poe Jumaah, geus meh mimiti poe Sabat.

[55] Wanita-wanita anu sok ngiring ka Yesus ti Galilea keneh marilu ngurebkeun jeung Yusup, narenjokeun peta anjeunna ngebogkeun layon di jero pajaratan.

[56] Geus kitu baralik, terus nyaradiakeun rampe jeung minyak seungit pikeun ngaminyakan layon. Sabot poe Sabat rareureuh heula nyumponan Hukum Agama.

Injil Anu Diserat Ku Lukas — Chapters