[1] Pesta Roti Teu Diragian anu disebutna Paska, geus deukeut.
[2] Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea.
[3] Ti dinya Iblis nyurup ka hiji murid anu ngaran Yudas Iskariot, nya eta salah sahiji murid ti nu dua welas tea.
[4] Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna.
[5] Maranehanana kacida aratoheunana, sarta jangji rek mere duit ka Yudas.
[6] Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea.
[7] Pesta Roti Teu Diragian tea geus mimiti; domba keur jamuan Paska kudu dipeuncit.
[8] Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, “Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska.”
[9] “Kapalay Bapa disayagikeun di mana?” pihatur maranehna.
[10] Waler-Na, “Engke, barang maraneh asup ka kota, bakal papanggih jeung jelema anu mawa wadah cai. Tuturkeun nepi ka manehna asup ka imahna.
[11] Kieu maraneh kudu ngomong ka nu boga imah, ‘Pa Guru miwarang mariksakeun, saur-Na: Mana kamar pikeun Kami dahar Paska jeung murid-murid teh?’
[12] Maraneh bakal dituduhan hiji kamar di loteng, lega jeung sagala paparabotanana geus sadia.”
[13] Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.
[14] Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na.
[15] Anjeunna ngalahir, “Geus lila Kami hayang dahar Paska cara ayeuna bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami dikaniaya.
[16] Sabab sabalakana mah Kami moal ngadahar deui jamuan Paska, nepi ka mangsa harti tina ieu jamuan teh engke kabuka di Karajaan Allah.”
[17] Geus kitu Anjeunna nyandak hiji lumur anggur, muji sukur ka Allah, tuluy ngalahir, “Ieu tampanan, bagikeun.
[18] Ari Kami ti semet ieu moal nginum deui ieu anggur nepi ka waktu ngadegna Karajaan Allah.”
[19] Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, “Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.”
[20] Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, “Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh.
[21] Tapi, tenjo! Di dieu, sameja jeung Kami, aya jelema anu arek ngahianat ka Kami!
[22] Putra Manusa teh memang geus dipastikeun ku Allah kudu pegat nyawa-Na, tapi cilaka temen engke eta jelema anu ngahianat ka Anjeunna!”
[23] Murid-murid jadi silih tanya jeung batur, saha di antara maranehna anu bakal migawe kitu teh.
[24] Murid-murid parebut omong, murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna.
[25] Yesus ngalahir, “Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ‘Sobat Rahayat’.
[26] Maraneh mah ulah kitu; benerna, anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula.
[27] Cik luhur mana harkatna, anu diuk dahar dilaladenan atawa anu ngalaladenanana? Tangtu anu dilaladenan. Tapi Kami mah ka maraneh teh cara anu laladen bae.
[28] Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami.
[29] Ku sabab eta, sakumaha Kami ku Rama Kami geus dipaparin hak marentah, maraneh oge ku Kami bakal dibere hak saperti kitu.
[30] Maraneh bakal dahar nginum sameja jeung Kami di Karajaan Kami, jeung bakal dariuk dina singgasana, marentah dua welas kaom Israil.”
[31] “Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna.
[32] Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.”
[33] Jawab Petrus, “Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!”
[34] Saur Yesus, “Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”
[35] “Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?” Yesus mariksa ka murid-murid. “Henteu,” jawab maranehna.
[36] Saur Yesus, “Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.
[37] Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ‘Anjeunna disaruakeun jeung bangsat,’ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.”
[38] “Gusti,” piunjuk murid-murid, “pedang parantos aya, dua!” “Cukup eta ge!” waler-Na.
[39] Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid.
[40] Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, “Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda.”
[41] Sanggeus ngalahir kitu tuluy mencilkeun anjeun ti maranehna, anggangna kira-kira sapamaledog, brek tapak deku jeung neneda. Paneda-Na,
[42] “Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.”
[43] Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna.
[44] Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh.
[45] Tas neneda Anjeunna ngilik murid-murid, kasampak keur sarare, geus carapeeun ku kasedih.
[46] Anjeunna ngalahir ka maranehna, “Ku naon sarare? Harudang, jeung kudu neneda, supaya ulah beunang ku panggoda.”
[47] Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium.
[48] Tapi saur Yesus, “Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?”
[49] Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, “Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?”
[50] Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.
[51] Tapi Yesus ngalahir, “Geus, cukup!” Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun.
[52] Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, “Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat?
[53] Padahal Kami unggal-unggal poe oge sok reureujeungan jeung aranjeun di Bait Allah, geuning ku aranjeun teu ditangkep. Tapi memang nya ayeuna waktuna pikeun aranjeun ngalaksanakeun pakarepan, waktuna kakuatan poek nyekel kawasa.”
[54] Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan.
[55] Di tengah buruan jero aya anu ngadurukan, seuneuna dirariung; Petrus oge milu ngariung di dinya.
[56] Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, “Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!”
[57] Tapi Petrus ngangles, pokna, “Nyi, wawuh ge henteu kuring mah ka Manehna teh!”
[58] Teu lila deui, aya hiji lalaki, barang ret ka Petrus tuluy ngomong, “Andika ge salah sahiji batur Itu!” Tapi jawab Petrus, “Paman! Kaula mah lain!”
[59] Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, “Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!”
[60] Tapi jawab Petrus, “Paman! Ngomong naon Paman teh, kuring teu ngarti!” Sabot Petrus ngomong keneh, kadenge hayam kongkorongok.
[61] Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, “Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”
[62] Petrus kaluar ti dinya, tuluy ceurik nalangsa kabina-bina.
[63] Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul.
[64] Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, “Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?”
[65] Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna.
[66] Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama.
[67] Tuluy dipariksa, “Jawab, enya Maneh teh Kristus?” Anjeunna ngawaler, “Sanajan upama ku Kaula disebutkeun, aranjeun moal percaya;
[68] kitu deui upama Kaula nanya, ku aranjeun moal diwalon.
[69] Tapi ti semet ayeuna Putra Manusa teh bakal calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.”
[70] Ceuk maranehna, “Jadi enya Maneh teh Putra Allah?” Waler Yesus, “Sakumaha saur aranjeun.”
[71] Ceuk maranehna, “Urang teu perlu deui saksi! Ku urang geus kadenge kitu pangakuana-Na!”