[1] Yesus lebet ka kota Yeriho, sarta angkat-Na terus ngalangkungan eta kota.
[2] Di dinya aya hiji kapala tukang mulung pajeg, ngaranna Sakeus, jelema beunghar.
[3] Manehna ihtiar hayangeun nenjo saha Yesus teh. Tapi ku sabab kahalangan ku jalma loba tur awakna pendek, ihtiarna teu hasil.
[4] Tuluy lumpat miheulaan jalma loba, terekel naek kana hiji tangkal rek megat Yesus anu baris ngalangkung ka dinya.
[5] Sumping ka lebah dinya Yesus tanggah sarta ngalahir, “Sakeus, geuwat turun! Poe ieu Kami rek nganjang ka maneh.”
[6] Sakeus turun tuturubun, tuluy ngamanggakeun ka Yesus bangun kacida atoheunana.
[7] Tapi jelema-jelema jadi gegelendeng, pokna, “Kumaha Anjeunna teh? Bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!”
[8] Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, “Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.”
[9] Pilahir Yesus, “Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.
[10] Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit.”
[11] Sabot jalma-jalma ngabarandungan keneh, Yesus terus nyarioskeun hiji misil. Harita Anjeunna geus deukeut pisan ka Yerusalem, sarta jalma-jalma nyarangka yen Karajaan Allah geus tereh ngawujud.
[12] Ku sabab kitu, kieu saur-Na, “Aya hiji jalma bangsawan, angkat ka hiji nagri jauh arek diangkat dijenengkeun raja, sarta sabadana seja mulih deui.
[13] Memeh angkat, anjeunna ngumpulkeun sapuluh gandekna tuluy dititipan duit masing-masing sagebleg uang emas. Saurna, ‘Golangkeun ku maraneh sabot kami indit.’
[14] Tapi urang dinya teu raresepeun ka anjeunna. Ku sabab kitu sanggeus anjeunna angkat, maranehna ngirim utusan nepikeun piunjuk, ‘Sim kuring sadaya teu suka dirajaan ku anjeunna!’
[15] Tapi eta bangsawan teh jadi dijenengkeunana raja, tuluy mulih. Geuwat nimbalan supaya gandek-gandek anu dititipan duit teh ngadareuheus, hoyongeun uninga kauntungan masing-masing.
[16] Piunjuk nu ngadeuheus pangheulana, ‘Juragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung sapuluh artos emas.’
[17] ‘Alus,’ walerna, ‘maneh gandek anu hade gawe! Ku sabab maneh gumati ka nu saeutik, ku kami rek dibere nyekel sapuluh kota.’
[18] Ngadeuheus anu kadua, unjukan, ‘Juragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung lima artos emas.’
[19] Walerna ka nu ieu, ‘Maneh rek dibere nyekel lima kota.’
[20] Ari gandek nu saurang deui kieu unjukanana, ‘Juragan, artos kagungan teh ieu, ku abdi dibungkus ku saputangan.
[21] Abdi sieun, reh terang Juragan bengis, sareng sok nyandak sanes kagungan ku anjeun, ngala sanes pelak ku anjeun.’
[22] Walerna, ‘Gandek goreng hate! Saomong maneh bieu ku kami rek dipake ngahukum ka maneh! Ceuk maneh kami jelema bengis, sok nyokot anu batur, sok ngala pepelakan batur.
[23] Nyaho kitu ku naon duit kami ku maneh teu digolangkeun, supaya ari kami datang eta duit katarima deui jeung batina?’
[24] Raja ngalahir ka nu araya di dinya, saurna, ‘Cokot duit kami ti eta jelema, bikeun ka gandek anu meunang sapuluh uang emas.’
[25] Jawab anu diparentah, ‘Juragan, manehna parantos gaduh sapuluh uang emas.’
[26] Waler raja, ‘Sing nyaraho, nu geus boga bakal dibere deui, sabalikna nu can boga, naon nu aya di manehna keur saeutik teh bakal dicokot pisan.
[27] Ayeuna kari musuh-musuh kami, anu arembungeun dirajaan ku kami. Seredan ka dieu, paraehan hareupeun kami!’ ”
[28] Sanggeus sasauran kitu, Yesus ngalajengkeun angkat-Na ka Yerusalem, angkat-Na di payun.
[29] Deukeut kota Betpage jeung Betania, deukeut Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan dua murid,
[30] saur-Na, “Terus ka ditu ka kampung beh hareup. Sasupna ka ditu maraneh bakal manggih anak kalde keur dicangcang, tacan kungsi aya anu numpakan. Buka talina terus bawa ka dieu.
[31] Lamun ditanya ku naon dileupaskeun, bejakeun yen diperlukeun ku Juragan.”
[32] Dua murid tuluy arindit, ti heula, enya bae manggih anak kalde sakumaha pilahir-Na.
[33] Keur diudaran talina, nu bogana nanyakeun, “Ku naon eta kalde dileupaskeun?”
[34] Dijawab, “Diperlukeun ku Juragan.”
[35] Kalde disanggakeun ka Yesus, geus ditilaman ku jubah maranehanana. Yesus dibarantuan nitih kana kalde.
[36] Sanggeus Yesus majeng, jalma-jalma ngalamparkeun papakeanana di jalan.
[37] Di pupudunan Gunung Jetun, geus deukeut ka Yerusalem, jelema-jelema nu ngariringkeun mimiti surak ngamulyakeun jeung nganuhunkeun ka Allah lantaran geus dipareng narenjo sagala perkara anu aragung.
[38] Pokna, “Mugia diberkahan, Raja anu sumping kalayan pajenengan Pangeran! Kerta di sawarga, mulyakeun Allah!”
[39] Urang Parisi anu araya campur jeung nu loba mihatur ka Yesus, “Guru, repehkeun eta para panganut Guru teh!”
[40] Waler Yesus, “Lamun maranehna repeh, sing percaya, batu-batu anu bakal surak.”
[41] Anjeunna beuki deukeut ka Yerusalem. Sanggeus eta kota katingalieun, Anjeunna ngalimba,
[42] saur-Na, “Tada teuing hadena upama heug maneh poe ieu nyaho ka nu rek ngadatangkeun kakertaan. Hanjakal eta ku maneh ayeuna henteu katenjo!
[43] Maneh bakal nyorang mangsa dikepung ku musuh, sakurilingna rekep dijaga dipegatan ku panghalang, didesek ti unggal juru.
[44] Maneh jeung sakumna rahayat di jeroeun kuta tangtu lebur ku musuh; kabeh adegan batuna geus moal aya hiji-hiji acan anu nyusun sakumaha tadina, lantaran waktu Allah sumping nyandak pitulung ku maneh teu dipalire.”
[45] Ti dinya Yesus lebet ka Bait Allah; padagang-padagang anu keur daragang di dinya diusiran,
[46] sarta saur-Na, “Geus ditulis dina Kitab Suci yen Allah ngandika, dawuhana-Na, ‘Bait Kami bakal disarebut tempat paragi sembahyang.’ Ari ku maraneh geus dijieun sayang begal!”
[47] Saban poe Yesus ngawulang di Bait Allah. Imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para pamingpin urang Yahudi geus harayangeun maehan ka Anjeunna,
[48] ngan teu manggih jalan, lantaran jalma-jalma taronggoy bae ngadarengekeun ka Anjeunna semu anu parogot kana saucap-ucap kasaurana-Na.