[1] Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, “Hal-hal anu ngalantarankeun jelema-jelema jadi dosa teh tangtu aya bae. Tapi jelemana anu ngalantarankeun batur jadi dosa bakal cilaka kabina-bina.
[2] Leuwih hade beuheungna dibangbaluhan ku batu tuluy alungkeun ka laut, ti batan matak nyasarkeun ka salah saurang ti ieu kaom anu lemah.
[3] Ku sabab kitu maraneh sing ati-ati kana pilampaheun! Lamun aya dulur migawe dosa kudu dielingan, lamun tobat kudu dihampura.
[4] Upama ngadosana ka maraneh tujuh kali dina sapoe, sarta saban tas kitu terus datang nyebutkeun, ‘Kuring menta hampura,’ kudu dihampura.”
[5] Rasul-rasul mihatur ka Yesus, “Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.”
[6] Waler Gusti, “Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa nitah ieu tangkal bebesaran, ‘Geura nyabut maneh katut akar, tuluy melak maneh di laut!’ tangtu eta parentah diturut.”
[7] “Upama maraneh boga badega anu keur ngawuluku di sawah atawa keur ngangon domba. Sanggeus datang ti tegal, naha rek disina buru-buru dahar?
[8] Tangtu moal! Malah diparentah deui, ‘Sadiakeun dahareun kami! Salin heula terus tungguan kami dahar nginum, kakara maneh meunang dahar!’
[9] Badega mah teu kudu dinuhunkeun pedah nurut kana parentah, lain?
[10] Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, ‘Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.’ ”
[11] Yesus angkatna ka Yerusalem teh mapay tapel wates Samaria jeung Galilea.
[12] Barang lebet ka hiji kampung kapapag ku sapuluh jelema lepra. Eta jelema-jelema ngararandeg ti kajauhan, tuluy sasambat,
[13] “Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!”
[14] Yesus ningali ka maranehna, tuluy ngawaler, “Ka ditu ka imam-imam, menta dipariksa awak.” Sabot maranehna di jalan keneh leprana geus calageur.
[15] Anu saurang, nyaho geus cageur teh balik deui jeung muji ka Allah tarik pisan,
[16] terus nyuuh ka Yesus jeung ngahaturkeun nuhun. Eta jelema teh urang Samaria.
[17] Saur Yesus, “Mana nu salapan urang deui? Lain sapuluh urang anu calageur teh?
[18] Naha ngan ieu saurang, urang asing, anu ka dieu deui jeung muji ka Allah?”
[19] Geus kitu ngalahir ka eta jelema, “Geura cengkat. Jig geura balik. Maneh geus cageur, lantaran percaya.”
[20] Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, “Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo.
[21] Moal aya anu bisa nuduhkeun, ‘Di dieu!’, atawa, ‘Tuh di ditu!’, sabab ngadegna teh di jero diri masing-masing.”
[22] Saur-Na deui ka murid-murid, “Engke maraneh aya waktuna harayang bisa nenjo salah sahiji poe tina poe-poe Putra Manusa, tapi moal bisa.
[23] Engke jelema-jelema bakal ngaromong ka maraneh, ‘Tuh di ditu!’ atawa, ‘Ieu di dieu!’ Kade, ulah digugu, ulah kaluar pikeun neangan.
[24] Sabab kaayaan Putra Manusa teh lamun geus nitih kana poena mah lir sakumaha kilat ngaburinyay ti tungtung langit ka tungtung langit.
[25] Ngan dina samemehna, Anjeunna kudu sangsara heula, tur ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.
[26] Poe dinyatakeunana Putra Manusa teh kaayaanana kawas kaayaan jaman Enoh.
[27] Jelema-jelema harita gawena ngan dahar, nginum, kawin, nepi ka poean Enoh asup kana kapal; caah datang, jelema-jelema kabeh dibasmi.
[28] Jeung kawas kaayaan dina jaman Elut: Jelema-jelema gawena ngan dahar, nginum, jual beuli, pepelakan, jeung nyarieun imah.
[29] Tapi sanggeus Elut kaluar ti Sadumu, tuluy turun hujan seuneu jeung walirang ti langit, ngabasmi urang Sadumu.
[30] Nya kawas kitu engke jadina dina poean dinyatakeunana Putra Manusa teh.
[31] Dina poe eta, jelema anu keur aya di suhunan imah, ulah turun nyokotan heula babandaan ka jero imah; nya kitu keneh anu keur aya di tegal ulah balik heula ka imah.
[32] Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!
[33] Sing saha anu nyoba nyalametkeun hirupna, hirupna bakal leungit; tapi sing saha anu kaleungitan hirupna bakal dirahayukeun.
[34] Sing percaya, dina peuting eta dua jelema anu keur sare saranjang, nu saurang bakal dicokot, nu saurang ditinggalkeun.
[35] Dua awewe nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dicokot, saurang ditinggalkeun. [
[36] Dua jelema nu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.]”
[37] Murid-murid nararos ka Anjeunna, “Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?” Waler Yesus, “Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke.”