[1] Eusi ieu pedaran, nya eta: Urang boga Imam Agung, anu lenggah tengeneun singgasana Nu Maha Agung di sawarga.
[2] Nyepengna pancen di Kamar Pangsucina, sajatining Kemah Suci kenging Pangeran ku anjeun ngawangun, lain beunang manusa.
[3] Sakumaha mistina, Imam Agung teh nyepeng papancen nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung korban; Imam Agung urang oge kudu ngajalankeun sarupaning korban.
[4] Keur jumeneng-Na di dunya mah, Anjeunna teu jeneng Imam; sabab geus aya imam-imam anu kapapancenan nyanggakeun kurban anu ditangtukeun ku Toret.
[5] Tapi eta mah ukur cangkang jeung kalangkang ti nu di sawarga, sakumaha anu ku Allah ditimbalkeun ka Musa nalika dipiwarang ngadamel Kemah Suci tea. Timbalana-Na: «Kemah teh dijieunna kudu make conto ti Kami, sakumaha anu geus ditembongkeun ka maneh basa di luhur gunung tea.»
[6] Pancen kaimaman Isa mah leuwih mulya ti pancen imam-imam sejen. Sabab Anjeunna mah, Wawakiling tina Perjangjian anu leuwih mulya deui, anu eusina oge hiji jangji anu pangagungna.
[7] Upama perjangjian anu ti heula taya kakuranganana mah, perjangjian kadua teh moal aya.
[8] Pangeran memang geus ngiberan kieu ka umat-Na: «Bakal datang mangsana, Kami rek nyieun hiji perjangjian anyar, pikeun bani Israil jeung bani Yuda.
[9] Eusina beda ti nu diikrarkeun ka karuhun-karuhunna, basa maranehna ku Kami ditungtun budal ti Mesir. Ku sabab maranehna ngalaleupaskeun maneh tina jangji Kami, ku Kami teu dipalire deui.» Kitu, timbalan Allah teh.
[10] «Kieu perjangjian anyar ti Kami ka bani Israil sanggeus eta: Papakon Kami dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna. Jeung Kami baris jadi Allah nu disembah ku maranehanana, ari maranehna nya umat Kami.
[11] Ka hareupna maranehna geus teu kudu dialajar ku parawarga, atawa ku pada dulur dititah: ‹Geura wawuh ka Allah!› Sabab kabeh gede leutik, moal teu wawuh ka Kami
[12] Sagala salahna ku Kami dihampura. Sagala dosana ku Kami dipupus tina ingetan.»
[13] Ku sabab Mantenna geus ngikrarkeun jangji nu anyar, jangji anu ti heula teh resmi ku Mantenna dianggap batal. Sagala anu heubeul jeung batal, sakeudeung deui ge baris euweuh.