[1] Ku sabab eta, pangajaran alip-alipan tina hal Al Masih teh, urang teruskeun kana tahap anu leuwih luhur jeung pepek; ulah haben bae ngucel poko-poko pertobat tina lampah siwah jeung poko-poko iman ka Allah, kayaning:
[2] Pituduh rupa-rupa baptisan, hal numpangkeun leungeun, hal hudangna nu paraeh, sarta hal hukuman langgeng.
[3] Hayu maju! Sual-sual eta mah urang sampeur deui engke, manawi Allah marengkeun.
[4] Sanajan hate urang geus meunang caang, geus meunang nikmat ti sawarga, geus meunang bagian Ruh Allah,
[5] geus ngasaan kumaha matak bagjana ari pangandika Allah, geus bisa ngileng-ngileng pikumahaeunana jaman nu bakal datang,
[6] ari murtad deui mah cumah, pamohalan bisa dihadean deui, pamohalan bisa tobat deui. Sabab sategesna, eta teh nyalibkeun deui Putra Allah sarta nganista-nistakeun deui Anjeunna ka balarea.
[7] Ibarat tanah anu rea nyeuseup cihujan tur subur ku pepelakan anu mangpa'at, tangtu nguntungkeun ka nu bogana, kaseundeuhan ku berkah Allah.
[8] Sabalikna, mun eta tanah teh pinuh ku areuy-areuyan jeung rungkun-rungkun cucuk, taya pisan gunana. Tanah kitu mah, moal lila deui ge diduruk; da katinggang ku la'nat Allah tea.
[9] Dulur-dulur! Sakieu resagna simkuring nya ngomong. Tapi ari hate mah, yakin yen dulur-dulur teh masih boga keneh berkah anu leuwih utama, nu matak jamuga.
[10] Sabab Allah hamo jalir; moal teu emut kana pagawean jeung kanyaah aranjeun ka Mantenna, nya eta nulung dulur-dulur anu saiman tea.
[11] Anu pohara dipenta-pentana ku simkuring mah, muga aranjeun masing temen-tinemenan kawas bareto, sangkan anu ayeuna keur diarep-arep teh nepi kana laksanana.
[12] Poma, ulah laliat! Kudu nyonto ka anu ariman jeung anu salalabar, sangkan jangji Allah tinekanan katarima.
[13] Harita, mangsa Allah nimbalkeun jangji ka Ibrahim, Mantenna lajeng sumpah demi salira-Na; lantaran taya deui anu jadi saluhureun Mantenna, nya eta anu pantes pikeun jadi saksi-Na.
[14] Sumpah-Na: «Kami sumpah, seja ngaberkahan ka maneh jeung mere turunan anu lobana tanpa wilangan.»
[15] Ibrahim pohara sabarna ngantos-ngantos eta jangji, nepi ka laksana tinekanan.
[16] Manusa upama sumpah kudu make saksi anu saluhureun, sangkan sumpahna boga kakuatan hukum anu hamo bisa diganggu gugat.
[17] Allah oge ngaraos peryogi mintonkeun kaestuan jangji-Na ka anu dipaparinan subaya, yen hamo cidra. Nya lajeng dikukuhkeun ku sumpah tea.
[18] Boh jangji-Na boh sumpah-Na, hamo batal. Jadi, pamohalan Allah cidra tina subaya. Pikeun anu sumalindung ka Mantenna, sumpah-Na teh jadi hiji pamageuh pangharepan kana laksananing jangji Mantenna tea.
[19] Ieu pangharepan teh, jadi jangkar anu pageuh tur aman; nanceb dina hirup urang tur sanggup nembus reregan Bait Suci sawarga, tepi ka Kamar Pangsucina pisan.
[20] Ka dinya teh, Isa mah geus ti heula lebet-Na guna kapentingan urang, dumeh Anjeunna mah geus jeneng Imam Agung salanggengna, saperti Melkisidik tea.