Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:51

[1] Tiap imam agung, dipilihna teh, pikeun ngawakilan bangsana ngajalankeun ibadahna ka Allah; nya pikeun nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung kurban panebus dosa tea.

[2] Anjeunna kudu tahan jeung sabar mayunan rayat anu kurang pangarti tur sok sarasab.

[3] Ku sabab papada lemahna, pangbakti-pangbakti jeung kurban teh, lain keur nebus dosa bangsana wungkul, tapi oge keur nebus dosana ku anjeun.

[4] Pikeun nyangking pangkat anu sakitu agungna teh, henteu bisa ku ngajenengkeun anjeun, tapi kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Imam Harun.

[5] Al Masih oge, kenging-Na kahormatan jadi Imam Agung teh lain ngajenengkeun anjeun, estu ku timbalan Allah anu kieu: «Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami poe ieu.»

[6] Sakumaha dawuhana-Na dina salah sahiji enas lianna: «Hidep teh Imam langgeng, numutkeun papagon Melkisidik.»

[7] Sapanjang jumeneng di dunya, Anjeunna teu lesot-lesot tina neneda ka Allah, anu sanggup nyalametkeun Anjeunna ti alam kubur. Neneda-Na teh sok nepi ka lumengis sarta ku lantaran kasalehan-Na, matak paneda-Na ku Allah dikabul bae.

[8] Najan jadi Putra Allah, Anjeunna suka lilah diajar sadrah nandangan sangsara,

[9] nepi ka ngahontal kasampurnaan jeung jadi marganing kasalametan langgeng keur anu palercaya ka Anjeunna.

[10] Lajeng ku Allah dijenengkeun Imam Agung, saperti Melkisidik.

[11] Tina sual Isa jadi Imam Agung teh, saenyana mah, loba pisan anu kudu diterangkeun teh. Tapi rek nerangkeun nepi ka eces mah, hese; da aranjeun mah kana ngarti teh laliat pisan.

[12] Pantesna mah, aranjeun teh geus bisa; malah kuduna mah, geus ngajarkeunana; lantaran nya geus sakitu lilana, dialajar nyaho kana eta pernyataan Allah teh. Ari heug, aranjeun masih keneh bae nguyek dina alip-alipanana. Hayoh bae masih nyarusu, acan kuat kana sangu!

[13] Orok tea atuh ngaranna, ari nyusu keneh bae mah; da masih keneh bae balata-boloto, teu nyaho di anu bener.

[14] Sabab ari geus sawawa mah, tangtu sangu anu didahar teh sarta kudu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng kalawan ngagunakeun budi akalna.

Ibrani — Chapters