Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:59

[1] Dulur-dulur! Aranjeun anu ku Allah enggeus disaur jadi umat kagungana-Na. Puseurkeun perhatian aranjeun ka Isa, anu ku Allah geus diutus pikeun jadi Imam Agungna urang.

[2] Anjeunna kacida kumurebna ka Allah, anu ngajenengkeuna-Na; sakumaha Musa kumureb kana nohonan papancen di sakuliah wangunan Allah.

[3] Parandene, Isa mah leuwih-leuwih hormateuna-Na ti batan Musa. Da sawajarna, ari nu ngawangun mah, leuwih mulya ti batan nu diwangunna.

[4] Tiap wangunan, tangtu aya anu ngawangunna. Ari wangunan jagat alam raya, diwangunna teh ku Allah.

[5] Di jero eta wangunan kagungan Allah, nya Musa anu jadi abdi Allah anu tuhu kana papancen. Papancenna teh, nya eta jadi saksining timbalan Allah anu bakal diandikakeun.

[6] Tapi Al Masih mah, kumureb-Na teh, sakumaha kumurebna nu jadi Putra, anu dikawasakeun ngurus panglinggihan kagungan Rama. Urang bisa ngarasa betah matuh di dinya, tapi saratna urang kudu berjuang kalawan temen-tinemenan tur tahan uji tepi ka panganggeusan, jeung manteng cengeng ka anu diarep-arep.

[7] Regepkeun dawuhan Ruh Allah ka aranjeun, anu ungelna: «Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na,

[8] poma, ulah neuaskeun hate kawas nu enggeus-enggeus, waktu maraneh ngalawan ka Allah, jaman diuji di tegal kikisik tea.

[9] Harita, karuhun-karuhun maraneh geus wani wangkelang sarta curiga ka Kami; padahal, nepi ka opat puluh taun pisan maranehna teu petot-petot nyaksian padamelan Kami.

[10] Ahirna, Kami nepi ka kudu amarah ka maranehna. Nepi ka ceuk Kami: ‹Dasar tukang sasar pikir, arembung nyaho kana jalan nu ti Kami.›

[11] Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: ‹Maranehna hamo bisa milu ka tempat pangreureuhan Kami.›»

[12] Ku sabab eta, masing ati-ati; ulah nonggongan jeung nyieun pamolah anu matak jaheut manah Allah Anu jumeneng.

[13] Anggur kudu silih elingan unggal-unggal poe, satungtung anu disebut «poe ieu» aya keneh, supaya ulah nepi ka aya anu sasar kasered ku dosa, tuluy bae mengpetan hate!

[14] Mun rumasa jadi anggota kaluwarga Al Masih, kudu teguh kudu pengkuh nangtung dina kayakinan anu enggeus diyakinkeun ti awal-awalna, kudu tagen nepi ka jucungna.

[15] Sing inget, kumaha ceuk Kitab: «Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet bae kawas ka tukang-tukang, waktu maraneh ngalawan ka Allah.»

[16] Saha jelema-jelemana, anu ngadarenge timbalana-Na, tapi anggur ngaralawan? Nya eta jelema-jelema anu ku Musa dituyun budal ti Mesir tea.

[17] Saha jelema-jelemana, anu ku Allah dibenduan salila opat puluh tahun? Nya eta jelema-jelema anu daroraka, anu disina paraeh di alas kikisik.

[18] Saha jelema-jelemana, anu diragragan supata sina ulah bisa manjing ka tempat pangreureuhan Allah? Na saha atuh lamun lain anu warangkelang ka Mantenna?

[19] Munasabah teu barisa manjing ka dinya oge, bongan henteu palercaya!

Ibrani — Chapters