Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:40

[1] Kanyaah ka pada batur saiman teruskeun. Ka semah kudu daek ngaku, keun bae teu wawuh oge.

[2] Ku perbawa akuanana, aya anu kungsi ngampihan semah teu kanyahoan yen semahna teh, sihoreng, malaikat.

[3] Sing mangkarunyakeun ka sakitan-sakitan, upamakeun ka diri sorangan. Sing manghawatirkeun ka anu diteungteuinganan, larapkeun ka awak sorangan.

[4] Pupusti tatali laki rabi. Salaki pamajikan kudu pada-pada satia. Ulah serong sarta ulah nyelewer, matak dihukum ku Allah.

[5] Ulah mata duiteun; tarimakeun milik nu aya. Ulah hamham, da Allah parantos ngadawuh: «Maneh ku Kami moal diantep nepi ka teu dipalire.»

[6] Ku sabab eta, kalawan teger hate urang bisa ngucap: «Tong salempang, Pangeran Anu ngaraksa! Naha wet sieun ku pada jalma?»

[7] Ulah mopohokeun ka sakur anu geus nungtun aranjeun, nya eta anu geus nyaangan aranjeun ku amanat pangandika Allah. Eling-eling deui lakuning hirupna nepi ka dugna parupus. Piconto iman kapercayaanana.

[8] Sing inget, Isa mah teu owah gingsir: Bareto, ayeuna, malih dugi ka salalawasna.

[9] Jadi, poma, aranjeun ulah kapangaruhan ku rupa-rupa ajaran bid'ah. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan rupa-rupa sarat tina sual kadaharan. Nu karitu mah, sama sakali taya mangpa'atna dilakonan ge.

[10] Di Kemah Suci aya altar pangurbanan. Imam-imam teu boga hak ngadahar kurban tina mezbah anu eta.

[11] Anu ku Imam Agung dikurbankeun di dinya teh, nya pikeun nyirnakeun dosa. Anu dikurbankeunana mah, ngan ukur getihna wungkul; da ari awak satona mah, diduruk di luar.

[12] Isa oge kitu; Anjeunna digiring ka luar kota, getih-Na anu dianggo nyucikeun umat-Na.

[13] Ku sabab eta, tinggalkeun eta kemah teh; anggur urang muru ka Isa, nya milu kana kahinaan Anjeunna.

[14] Sabab dunya ieu mah, lain padumukan urang anu matuh. Urang kudu nyungsi pangancikan pikeun jaga.

[15] Ku sabab eta, ku parantaraan Isa, urang salawasna kudu ngunjukeun pamuji sukur ka Allah minangka kurban ti urang, nya eta ngaku, — ku cara lisan — yen Mantenna teh Pangeran.

[16] Silih talang silih tulung pada batur, eta saenyana hiji kurban anu pohara sapukna jeung pangersa Allah.

[17] Sing nurut, ka nu ngatur dulur-dulur. Imankeun wewelingna. Aranjeunna ngatur ngasuh dulur-dulur teh, estu jeung tanggung jawabna. Ihtiaran, supaya aranjeunna janglar ngajalankeun kawajibanana, — henteu bari jeung nguluwut — sangkan paedahna ulah nepi ka teu kaala ku aranjeun.

[18] Doakeun deuih simkuring. Sing percaya, tekad simkuring estu beresih. Unggal waktu, taya deui nu dipamrih lian ti seja melak kahadean.

[19] Pangpangna mah pangnedakeun, mugi-mugi simkuring ku Pangeran dikersakeun bisa buru-buru balik deui ka aranjeun.

[20] Mugi-mugi Allah, sumbering karahayuan tea, — Nya Anjeunna pisan anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, tina pupus- Na (Isa teh, lir Pangangon Agung sakur nu percaya); anu getih-Na teh, geus jadi pangukuh perjangjian anu langgeng —

[21] maparin berekah sangkan aranjeun bisa ngalakonan sagala timbalana-Na. Mugi-mugi Mantenna kersa nuyun sangkan urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na, ku karana Isa Al Masih. Sadaya Kaagungan kanggo Mantenna bae, salalanggengna. Amin.

[22] Muga ieu pepeling-pepeling simkuring, dina ieu surat, anu pondok ditarimakeun jeung iklasna.

[23] Sakalian simkuring wawarti, dulur urang Timoteus geus kaluar ti panjarana. Upama anjeunna geus datang, simkuring seja buru-buru nepungan ka aranjeun bareng jeung Timoteus.

[24] Salam ti simkuring ka pamingpin-pamingpin aranjeun; kitu deui, ka dulur-dulur sakapercayaan umumna. Ti Itali aya salam keur aranjeun.

[25] Mugi-mugi aranjeun marendak rahmat sih kurnia Allah.

Ibrani — Chapters