Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:35

[1] Sakitu lobana, conto-conto ngeunaan jelema-jelema anu karandel iman kapercayaanana teh. Ku sabab eta, cag, geura aranjeun ecagkeun momotan dosa anu sakitu beuratna jeung ngagokan kana hirup teh! Malar urang, hampang-himping bisa ancrub ka pakalangan, nya pikeun balap ngudag anu diwajibkeun tea.

[2] Ti barang prak nepi ka anggeus, aranjeun kudu museurkeun perhatian ka Isa; malar teteg nempuh halangan-harungan. Anjeunna oge, geuning, henteu jejerih ku salib. Guna ngahontal kamulyaan, Anjeunna henteu ngahiding najan kedah pupus ku jalan disalib, nya bari dipoyok, sarta dihina-hina tea. Ayeuna, Anjeunna teh enggeus jumeneng, linggih, di tengeneun singgasana Allah.

[3] Anjeunna nandang panganiayaan anu sakitu beuratna ti anu daroraka. Pek eling-eling, malar aranjeun ulah melempem jeung jejerih.

[4] Aranjeun mah, dina tarung jeung dosa teh, acan nepi ka ngeclakkeun getih.

[5] Piraku, aranjeun teh, geus paroho kana timbalan Allah; nya anu dikedalkeunana teh, jeg, bapa mapatahan anak: «Anaking! Ulah ngabaekeun pameperih Pangeran. Ulah sungkan mun ku Mantenna diseukseukan.

[6] Sing saha nu dipeperih, eta tandaning diasih. Sing saha anu diwarah, tandaning diangken putra.»

[7] Maksudna teh pikeun ngadidik, wayahna tarimakeun. Allah, ka aranjeun teh, lir bapa ka putra. Bapa mana anu tara nyepret-nyepret acan ka anak?

[8] Lamun aranjeun tara diwarah ku Mantenna, sakumaha ka putra, eta nyirikeun aranjeun lain putra-Na, tapi nya anakna si manyang-munyung tea.

[9] Ka bapa sorangan oge, kapan urang teh teu weleh ngahormat; sanajan anjeunna osok ngahukum urang. Komo ka Allah, — anu leuwih-leuwih agung-Na ti bapa sorangan — urang kudu leuwih-leuwih hormat tilawat; malar urang bisa ngahontal sampurnaning hirup.

[10] Bapa ti papada mahluk mah, ngahukumna ka anak teh, kumaha ceuk pamikirna bae jeung henteu awet. Tapi Allah ngawarah urang mah, nya eta pikeun pijamugaeun urang; malar urang bisa ngiring kana kasucian Mantenna.

[11] Ku kitu tea mah, saha nu rek bungah ku diwarah! Barang prak ge geus nalangsa. Tapi lamun heug sadrah nandanganana jeung terus dipake eling, tangtu kaala rahmatna, hirupna tangtu jamuga.

[12] Nu matak, heug, geura babatek! Batek eta leungeun anu lembek teh sarta jagjagkeun tuur nu leuleus!

[13] Terus pake leumpang mapay-mapay anu lempeng supaya nu pincang teu tijalikeuh, sangkan cangker jeung jadi waluya.

[14] Sing akur jeung sasama kaula jeung kudu diajar hirup suci. Mun teu kitu, mustahil wawuh jeung Gusti.

[15] Poma, ulah aya anu nepi ka ngalalaworakeun kana kurnia Allah. Ulah nyieun tugenah atawa ngabaruntakkeun jamaah, kawas eurih anu nyaliara matak nyusahkeun.

[16] Ulah aya nu kawas Esau tea, nya munapek nya gagabah; nepi ka nukeurkeun kacikalan kana hakaneun keur sakalieun.

[17] Kumaha caritana, kapan aranjeun ge terang. Antek-antekna mah, manehna teh ngarenghik ka nu jadi bapa, — ngurihit — menta berkahna. Tapi najan nepi ka ceurik balilihan ge, pamentana henteu bisa disubadanan; hal eta teh, ku lantaran manehna geus kaleungitan hakna jeung geus teu bisa deui ngarobah kakaliruanana.

[18] Aranjeun mah, lain ngajugjug ka Gunung Sinai, anu aya jentulna sarta bisa diragap tea. Anu ka darinya mah bangsa Israil, anu ti eta gunung teh narenjo rupa-rupa pikasieuneun: Seuneu hebat anu ngagugudag, narenjo angkeub jeung poek mongkleng ditimpalan angin ribut.

[19] Malah aya sora, sengekna, sangkakala jeung timbalan anu ungelna:

[20] «Najan sato pisan, anu nete ka ieu Gunung kudu dirajam ku batu!»

[21] Anu katingal mutuh matak ketir, nepi ka Musa ku anjeun nyebatkeun: «Kami ngadegdeg, bakat ku sieun!»

[22] Lain, lain ka dinya. Aranjeun mah keur nyungsi Gunung Sion; ngajugjug kota panglinggihan Allah Anu jumeneng, nya Yerusalem ti sawarga katut malaikat-malaikat-Na nu mangrebu-rebu.

[23] Aranjeun keur ngajugjug kana pestana putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna ditulis di sawarga. Keur ngajugjug ka Allah, — Hakim sakumna manusa — jeung ka tempat kumpulna jiwa-jiwa nu geus sampurna, nya eta jiwa jalma-jalma anu aribadah.

[24] Keur ngajugjug ka Isa, anu jadi pangukuh Perjangjian Allah anu anyar; keur ngajugjug ka getih-Na, anu geus dikucurkeun jadi kurban tea: Nya anu leuwih hade batan getihna Habil.

[25] Ku sabab eta, poma, ulah baha kana timbalana-Na. Aya conto: Jelema-jelema anu ngabaha kana amanat Allah, anu diembarkeunana di ieu dunya bae teu bisa luput tina hukuman. Komo urang, pimanaeun bisa luput, upama urang nyocokan ceuli embung ngadenge timbalana-Na anu diandikakeun ti sawarga?

[26] Baheula, timbalana-Na teh nepi ka genjlong jagat. Timbalan anu ayeuna mah, komo, matak genjlong ka langit-langit! Sabab timbalana-Na teh: «Ku Kami baris digenjlongkeun deui. Lain bumi bae, langit ge rek digenjlongkeun.»

[27] Eta kecap «deui,» nandakeun yen saniskara dadamelana-Na baris genjlong terus musna. Tapi anu teu keuna ku owah gingsir mah, baris tetep ayana.

[28] Ku sabab eta, urang kudu ngarasa sukur; sabab anu katarima ku urang mah, hiji karajaan anu teu keuna ku owah gingsir. Hayu urang ngabakti ka Allah, kumureb kana sakersa-Na, hormat jeung ajrih.

[29] Sabab Allah, nu disembah ku urang teh, kagungan kakawasaan anu ngandung daya pangbasmi kawas seuneu.

Ibrani — Chapters