[1] Barudak, sing nurut ka kolot, sakumaha wajibna anu percaya ka Al Masih.
[2] «Sing hormat ka indung bapa.» Eta teh tina Sapuluh Timbalan, anu pangheulana ngandung jangji. Jangjina kieu:
[3] «Supaya hirup maraneh jamuga tur dipanjangkeun nya umur.»
[4] Aranjeun, — nu jadi kolot — poma, ulah nyieun piambekeun anak. Didik anak teh kana kasatiaan nurutkeun piwulang Al Masih.
[5] Aranjeun, parakawula! Satungtung kumawula, aranjeun wajib tunduk, sieun, jeung ajrih ka dunungan. Kumawula teh kudu saiklas-iklasna, cara kumawula ka Al Masih bae.
[6] Rajin teh ulah ngan rajin di hareupeun wungkul, ngarah pangalem papada jelema, tapi sing cara ngalakonan parentah Allah. Anu kumawula ka Al Masih mah wajib kitu teh.
[7] Baranggawe ge kudu jeung gumbira, lir nu kumawula ka Gusti, lain ka jelema.
[8] Kapan aranjeun teh terang, yen tiap jalma, — boh nu kumawula, boh nu merdika — nu hade gawe mah tangtu ku Gusti diganjar.
[9] Aranjeun, paradunungan, kudu adil, ulah pilih kasih ka anu jadi kawula sarta ulah sok maen ancam. Inget: Gusti maranehna teh, tunggal keneh Gusti aranjeun nu di sawarga, anu teu ngabeda-beda harkat jelema.
[10] Pamungkas, dulur-dulur, aranjeun teh kudu kuat, tapi kuatna teh kudu lantaran muntang ka Al Masih anu kawasa.
[11] Gunakeun sakabeh pakarang jurit ti Allah, supaya sanggup ngayonan akal tipu muslihat Iblis.
[12] Sabab anu diayonan ku urang teh, lain papada mahluk tina daging jeung getih, tapi bangsa gegedug-gegedug, nu karawasa, nu ngagareugeuh karajaan-karajaan poek kiwari, sarta roh-roh jahat ti alam gaib.
[13] Ku sabab kitu, gunakeun sakabeh pakarang ti Allah, supaya dina mangsa datang panarajang, aranjeun bisa tagen sarta bisa unggul.
[14] Sing tarapti. Dangdanan jeung pakarang anu kudu dipake teh nya eta: Kayaktian lir sabukna sarta kaadilan, lir tameng dadana;
[15] kaiklasan nyebarkeun Injil-karukunan lir tarumpahna;
[16] Iman urang, lir tamengna nu sanggup mareuman jamparing-jamparing seuneu si Jahat;
[17] Kasalametan, lir balakutak panutup sirah; ari pedangna, nya eta Ruh, tegesna Pangandika Allah tea.
[18] Salawasna kudu neneda, muntang kana panuyunna Ruh. Jadi, sing waspada salalawasna jeung ulah kendat-kendat neneda ka Allah pikeun kasalametan sakumna umat Mantenna.
[19] Pangnedakeun oge, simkuring, mugi-mugi ku Allah dipaparin perceka pinter nyarita, malar ludeung taya kakeueung enggoning ngamashurkeun rasiah Injil,
[20] anu ngalantarankeun simkuring, utusan Mantenna, dipanjara. Pangnedakeun, supaya simkuring dipaparin wawanen pikeun medarkeun dawuhana-Na, nu geus jadi kawajiban simkuring.
[21] Hal kaayaan simkuring ayeuna, engke bakal didadarkeun ku Tihikus, dulur urang nu kameumeut, anu rajin ngabantu baranggawe kanggo Gusti.
[22] Anjeunna diutus teh, nya sina nyaritakeun kaayaan simkuring tea; sakalian, pikeun nengtremkeun hate dulur-dulur oge.
[23] Mugi-mugi Allah, — Rama — kitu deui Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, maparin katengtreman, sih piwelas, jeung iman ka dulur-dulur.
[24] Mugi-mugi Allah maparinkeun rahmat-Na ka sakur anu satia, nya eta anu mikanyaah ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea.