Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:52

[1] Dulur-dulur geus diangken putra sarta dipikaasih ku Allah. Ku sabab eta, aranjeun teh kudu nulad ka Mantenna.

[2] hirup aranjeun teh kudu dilimpudan ku kanyaah, saperti conto ti Al Masih. Geuning Anjeunna mah ku bawaning asihna ka dulur-dulur, nepi ka pupus ngorbankeun anjeun jadi hiji kurban anu seungit kaambungna ku Allah.

[3] Ku sabab aranjeun geus jadi kagungan Allah, kudu mahing kalakuan rucah katut anu ingkar tina susila; kitu deui, tabeat hawek.

[4] Ulah ngomong sugal, gagabah atawa cawakah, leuwih hade muji ka Allah.

[5] Sabab tangtu aranjeun ge terang, yen jelema-jelema rucah, nu ingkar tina susila, sarta nu hawek, — da hawek teh kaasup nyembah ka brahala keneh — pamohalan meunang tempat di Karajaan Al Masih; hartina, pamohalan ku Allah dipaparin warisan.

[6] Aranjeun ulah ngadenge kana omong pangoloan sabab anu ngalawan ka Mantenna teh pasti dibenduan.

[7] Kahade, aranjeun teh ulah kabaud ku anu kararitu.

[8] Bener, tadina mah, dulur-dulur teh jelema poek; tapi ayeuna mah, geus ngajadi jelema caang; Jadi, kudu hirup sakumaha pantesna nu jadi caang.

[9] Sabab sipat hade, sipat adil, sarta sipat sajati teh ngajadi ngan ku caang.

[10] Kalakuan aranjeun teh kudu sing sapuk jeung Gusti.

[11] Ulah milu-milu kana lampah teu mangpa'at, anu asal ti nu poek. Malah anu kararitu teh kudu dicaangkeun.

[12] Pagawean anu sok dilalampahkeun bari susulumputan teh, nyebutna oge geus matak era parada.

[13] Sagala rupa oge, ari geus kasorot ku caang mah, ngabuliklak: Tembong kumaha kaayaanana anu sabenerna.

[14] Sabab naon bae anu geus kasorot mah, jadi caang. Geuning aya kacaturkeun kieu: «Eh, nu hees! Geura nyaring, geura hudang tina paeh. Tuh cahaya Al Masih gumebyar, baris nyaangan maneh!»

[15] Jadi, aranjeun teh, hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca.

[16] Urang teh hirup dina jaman anu goreng; jadi, tiap waktu anu katimbang mustari kudu digunakeun enya-enya.

[17] Aranjeun teh ulah balangah, sing awas kana pangersa Allah;

[18] Aranjeun ge, ulah sok mabok, temahna matak ngaberung napsu; sabalikna, turutkeun panuyun Ruh.

[19] Kudu silih lilipur ku lagu-lagu Zabur, lagu-lagu pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna.

[20] Salawasna, aranjeun ulah kendat muji nganuhunkeun kana sagala pasihan Allah, kalawan asma Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

[21] Lian ti eta, jeung pada batur, aranjeun teh kudu silih kawulaan tandaning ngabakti ka Anjeunna.

[22] Pamajikan kudu ngesto ka salaki, cara ngesto ka Al Masih.

[23] Sabab salaki teh anu ngapalaan pamajikan, saperti Al Masih oge jadi Kapala jamaah. Anjeunna anu ngabela jamaah teh, nya salira-Na tea.

[24] Dina sagala hal pamajikan teh kudu ngesto ka salaki, cara jamaah ngesto ka Al Masih.

[25] Sabalikna, salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka jamaah, nepi ka iklas naruhkeun pati;

[26] nya eta teh pikeun nyucikeun jamaah, salira-Na tea; mersihkeunana teh ku cai kalawan pangandika-Na;

[27] ku jalan eta, Anjeunna iasa nempatkeun jamaah dipayuneuna-Na: Ngagenclang, taya cacad kuciwana, sarta taya kusut karijutna.

[28] Kitu sababna, nu matak salaki kudu nyaah ka pamajikan teh, lir ka awak sorangan tea. Nu nyaah ka pamajikan teh, sarua jeung nu nyaah ka diri pribadi.

[29] Da moal aya jelema anu ngewa ka awak sorangan; sabalikna, awakna teh dimemenan dipulasara. Kitu oge, Al Masih ka jamaah teh.

[30] Lantaran jamaah teh salira-Na ku anjeun, ari urang jadi anggahota-anggahotana.

[31] Ceuk Kitab: «Ku sabab kitu, lalaki teh bakal ingkah ti indung bapana; terus manehna ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana bakal ngajadi tunggal sabadan.»

[32] Ieu teh, rasiah anu jero hartina. Ari ceuk simkuring mah, eta teh ngeunaan kasatunggalan Al Masih jeung jamaah-Na.

[33] Tapi kumaha bae oge hartina, tetep bae, salaki mah kudu nyaah ka pamajikan lir ka awak sorangan sarta pamajikan kudu ngesto ka salaki.

Epesus — Chapters