Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:13

[1] Bareto, dulur-dulur teh sasat geus paraeh ku kasalahan jeung ku dosa sorangan.

[2] Aranjeun teh, hirup dina eta kadorakaan sabab nurutkeun hawa dunya, muhit ka roh-roh gaib anu jarahat. Eta roh-roh jahat teh geus ngageugeuh jelema-jelema anu kiwari ngalawan ka Allah.

[3] Hirup urang oge, bareto mah, nya cara kitu: Ngalajur napsu, ngumbar kahayang, sagala angen-angen hate, jeung pikiran jahatna diabur; sarua jeung nu sejen, anu pantes meunang hukuman ti Allah.

[4] Tapi Allah teh pohara mikawelasna, pohara miasihna.

[5] Urang anu sasatna geus paeh ku kadorakaan teh, dihirupkeun deui bareng jeung digugahkeunana Al Masih. Nya ku lantaran sih kurnia Allah pisan nu matak aranjeun salamet teh.

[6] Ku manunggalna jeung Isa Al Masih, ku Allah, urang teh dihirupkeun deui sarta dipasihan tempat di sawarga bareng jeung Al Masih.

[7] Eta teh pikeun nembongkeun ka urang, yen welas asih Allah anu geus dinyatakeun ku Al Masih teh, salilana jembar taya papadana.

[8] Aranjeun bisa salamet soteh, nya ku sabab iman. Eta teh, ngan ku lantaran sih kurnia-Na bae; lain beunang sorangan, tapi estu anugrah ti Allah!

[9] Lain beunang ihtiar aranjeun sorangan! Ulah pisan aya anu boga angkeuhan kitu!

[10] Sabab urang mah darma dadamelan Allah, anu geus diciptakeun deui dina kamanunggalan jeung Al Masih pikeun ngalampahkeun kahadean, nu parantos disayagikeun ku Allah, sangkan urang ngalakonan pangersa-Na.

[11] Tadina aranjeun teh henteu kaasup bangsa Yahudi. Ku urang Yahudi mah, aranjeun teh disebutna teh bangsa «kulup;» nya lantaran teu disunat cara maranehna tea.

[12] Sing inget, harita mah, hirup aranjeun teh jauh ti Al Masih; aranjeun teh, luareun warga Israil keneh, nya eta acan kawengku ku katangtuan-katangtuan anu ku Allah dijangjikeun ka bangsa Israil tea. Hirup aranjeun teh, aya dina hiji alam anu sama sakali teu ngandung harepan tur tanpa Allah.

[13] Sukur, ayeuna mah aranjeun teh geus manunggal jeung Isa Al Masih: Tadina mah jauh, tapi ayeuna jadi padeukeut, ku lantaran getih Al Masih.

[14] Al Masih anu ngaruntutkeun urang, anu nyatunggalkeun bangsa Yahudi jeung nu lain bangsa Yahudi supaya jadi sabangsa, ku jalan nyirnakeun rasa mumusuhan nu jadi pamisahna.

[15] Anjeunna ngorbankeun salira-Na, dianggo gaganti hukum Toret katut sagala aturan jeung sarat-saratna. Bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi ku Anjeunna dirapihkeun. Ku salira-Na dua golongan bangsa teh disina ngahiji, dijadikeun hiji wangunan manusa anyar.

[16] Ku ngorbankeun salira-Na, nya pupus disalib tea, maranehna jadi tunggal sabadan, diangken deui ku Allah, sarta rasa mumusuhanana disirnakeun.

[17] Sumpingna Al Masih teh ngadatangkeun beja pibungaheun hal karapihan, boh ka nu jauh, boh ka nu deukeut.

[18] Nya ku karana Al Masih, nu Yahudi jeung nu lain Yahudi dibeungkeut dina hiji Ruh sarta widi dumeuheus ka Allah nu jumeneng Rama.

[19] Ku kituna, aranjeun teh geus lain bangsa deungeun anu teu ngabogaan hak naon-naon. Ayeuna mah, aranjeun teh geus jadi warga umat Allah, anggahota kulawargi Mantenna,

[20] anu diadegkeun dina hiji pademen beunang rasul-rasul jeung nabi-nabi; sedengkeun nu jadi batu pamageuhna, nya Al Masih ku anjeun.

[21] Nya salira Al Masih anu jadi pamageuh adegan sagemblengna, nepi ka ngajengleng ngajadi hiji bait Allah anu suci.

[22] Ku jalan manunggal jeung Al Masih, aranjeun oge diadegkeun jadi hiji wangunan panglinggihan Ruh Allah.

Epesus — Chapters