Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:40

[1] Simkuring, Paulus, pangna dipanjara teh geus kersaning Isa Al Masih keur kapentingan aranjeun, anu lain bangsa Yahudi.

[2] Sakumaha dulur-dulur oge terang, yen Allah nu sipat welas asih teh, maparin tugas ka simkuring kudu digawe pikeun kapentingan aranjeun.

[3] Pamaksadan Allah anu gaib teh, geus diwahyukeun ka simkuring; sakumaha nu geus dipedar saperluna dina surat simkuring.

[4] Mun eta geus dibaca, tanwande ku dulur-dulur kagambarkeun nepi ka mana simkuring terang kana eta rasiah hal Al Masih teh.

[5] Baheula-baheula mah, can aya anu dibere nyaho rasiahna teh. Tapi kiwari, eta rasiah teh, ku Ruh Allah geus diwahyukeun ka rasul-rasul sarta nabi-nabi-Na anu sajati.

[6] Rasiahna kieu: Bangsa-bangsa anu lain Yahudi, ku jalan manunggal jeung Isa Al Masih — ku sabab diwawaran Injil — baris disaruakeun jeung urang Yahudi: Nya jadi sawaris, sabadan, jeung meunang bagian tina perjangjian Allah ge babarengan.

[7] Kalayan kurnia Allah, nya simkuring anu dikersakeun ngawawarkeunana, numutkeun kakawasaan Mantenna.

[8] Nya simkuring, anu panglaipna ti sasama abdi Allah, geus dipaparin kurnia pikeun ngawawarkeun eta Injil; hususna mah, ka dulur-dulur, — nya nu lain bangsa Yahudi tea — pikeun ngembarkeun yen Al Masih teh sugih taya babandinganana.

[9] Oge pikeun mere terang, kumaha ngalaksanakeunana eta rasiah Allah — Anu nyipta sajagat raya — anu geus dirasiahkeun mangabad-abad lilana.

[10] Tapi ari kiwari mah, ku jamaah, eta saniskara hikmat kawijaksanaan Allah teh kudu diwawarkeun ka parapimpinan sarta pangawasa sawarga;

[11] sapagodos jeung pamaksadan Allah anu dikandung geus mangabad-abad tea, anu kiwari geus laksana ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

[12] Ku jalan manunggal sarta iman ka Al Masih, urang teh widi ngadeuheus ka Allah kalawan hate yakin.

[13] Ku sabab eta, pamenta simkuring, aranjeun ulah rek leutik hate pedah simkuring kabalangsak. Malah kudu dipake gede hate lantaran hal eta teh, nya keur kapentingan aranjeun.

[14] Ku sabab eta, simkuring tapak deku ka Allah, Rama,

[15] anu maparin ngaran ka sakabeh golongan anu aya di sawarga jeung di bumi.

[16] Simkuring muntang ka Mantenna anu mulya tanpa tanding, supaya kawasa Ruh-Na nguatkeun batin aranjeun,

[17] malar Al Masih linggih dina hate aranjeun anu ariman, sarta aranjeun bisa kuat akaran dina dasar kanyaahan.

[18] Disuhunkeun ka Mantenna, malar dulur-dulur katut sakabeh jelema anu percaya ka Allah, ngarasa yen kanyaah Al Masih teh teu aya wates wangenna.

[19] Eta welas asih Anjeunna anu tanpa wangenan teh, sing sumerep sumurup, sanajan henteu kahontal ku akal. Mugi-mugi jiwa dulur-dulur pinuh ku sing sarwa kasampurnaan Allah.

[20] Sabab Allah teh iasa ngabulkeun panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen; sakumaha nyata tina kakawasaana-Na anu barangdamel di jero diri urang.

[21] Mantenna wajib dimulyakeun di jamaah sarta dina kamanunggalanana jeung Isa Al Masih, turun-tumurun, salalanggengna. Amin.

Epesus — Chapters