Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:45

[1] Ti Paulus, rasul Al Masih kalawan kersaning Allah. Kahatur dulur-dulur saiman di Epesus anu saratia ka Isa Al Masih.

[2] Mugi dulur-dulur ginuluran rahmat katut karahayuan ti Allah, nya eta Rama urang, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

[3] Puji sukur ka Allah, — Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang — Anu geus maparinan berkah rohani ti sawarga lantaran urang raket ka Al Masih.

[4] Ti samemeh alam dunya diciptakeun, Allah — dina katunggalana-Na jeung Al Masih — parantos mutuskeun ngangkat urang, supaya jadi umat-Na anu suci tur taya kuciwana di payuneuna-Na.

[5] Ku karana sih piwelas-Na, urang teh geus ditakdirkeun baris diangken jadi putra-putra-Na ku karana Isa Al Masih, saluyu jeung pangersa-Na anu agung.

[6] Sadaya puji kagungan Allah sabab kamulyaan sih kurnia-Na, nu geus dinugrahakeun ka urang. Eta teh, ku lantaran kamanunggalan urang jeung Anjeunna, Isa Al Masih, nya anu dipikaasih ku Allah tea.

[7] Nya dina kamanunggalan eta oge, — Ku jalan pupusna Al Masih — urang geus dibebaskeun, nya dosa urang teh dihampura; eta teh luyu sareng kajembaranana sih kurnia Allah,

[8] anu dipaparinkeun ka urang dina sagala rupa kawijaksanaan jeung pangarti.

[9] Mantenna nganyatakeun rasiah pangersa-Na ka urang teh, saluyu jeung maksad anu memang geus dikandung sajeroning panggalih,

[10] anu tanwande dilaksanakeun dina waktuna, nya eta ngabeungkeut sakuliah jagat ka salira Al Masih; saniskara anu aya di sawarga jeung di bumi baris disatunggalkeun ka Al Masih sabab Anjeunna teh, nya kapala tea.

[11] Nya dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, simkuring sapara kanca — anu asal ti bani Israil — geus kapilih, ti mimitina, baris jadi ahli waris-Na. Kitu ditetepkeunana ku Allah, Anu kawasa ngalaksanakeun sagala pangersana-Na.

[12] Maksad-Na, supaya bani Israil anu pangheulana ngarep-ngarep ka Al Masih — ngajadi lantaran sangkan jalma-jalma ngamulyakeun ka Allah Nu Maha Agung.

[13] Dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh percaya sanggeus meunang uaran anu sajatina hal pisalameteun aranjeun; dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh, geus diterapan cap Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun.

[14] Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang, pamanjer tina kamerdikaan umat Allah anu sagemblengna. Hayu urang ngamulyakeun kaagungan Allah.

[15] Simkuring oge nguping, tina hal kapercayaan aranjeun ka Al Masih tur sakumaha mikanyaahna aranjeun ka sakabeh umat kagungan Allah.

[16] Ku hal eta, taya wiwilanganana, simkuring nya nganuhunkeun ka Mantenna; unggal-unggal neneda oge simkuring sok mangnedakeun aranjeun,

[17] supaya Allah, — Panutan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang — Rama Nu kagungan sagala puji, maparin pangarti jeung pituduh ka aranjeun sangkan leuwih ngarti kana pangersa-Na.

[18] Kitu deuih, aranjeun oge, sina dicaangkeun pikir malar bisa ngaharti kana wujudna anu jadi pangarep-arep sanggeus disaur ku Allah. Lian ti eta, supaya aranjeun oge ngarasa kumaha rosana sarta agungna sih kurnia-Na anu baris dipaparinkeun ka umat-Na;

[19] Satuluyna, kumaha rongkahna eta kakawasaan Mantenna anu barangdamel di kalangan urang anu percaya.

[20] Kakawasaana-Na teh, nya eta anu ku Mantenna dianggo ngagugahkeun Al Masih ti nu maraot sarta anu ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneuna-Na di sawarga;

[21] Anjeunna teh dipunjulkeun ti sakabeh raja, parapangawasa, gegeden-gegeden, jeung pamarentah-pamarentah; Anjeunna oge ngungkulan sakabeh jeneng, boh nu aya di jaman kiwari, boh engke ka hareup.

[22] Al Masih ku Allah diserenan sagala-galana, dijungjung pangluhurna, sarta dipaparinkeun ka jamaah sangkan jadi Gustining saniskara.

[23] Ku sabab eta, jamaah teh jadi wujudna salira Al Masih, jadi sampurnaning kamulyaan Anjeunna anu minuhan satungkebing alam.

Epesus — Chapters