[1] Simkuring, hiji sakitan tina sabab jadi abdina Gusti, kacida ngaharepna, muga hirup dulur-dulur sing saluyu jeung maksad panyaur Allah:
[2] Handap asor salawasna sarta sareh budi; kalawan tetep sabar ka papada sabab dilimpudan ku kanyaah.
[3] Masing ruket layeut dina katunggalan Ruh:
[4] Sabadan, sa-Ruh, — kapan anu diarep-arep oge sarupa, nya eta pangarep-ngarep anu dumasar kana maksud panyaur Allah tea —
[5] sa-Gusti Jungjunan, saiman, sarta sabaptisan;
[6] lian ti eta, Allah anu disembah ku urang ge kudu tunggal, nya eta Rama sakumna manusa, — Gustining sakabeh — Nu barangdamel dina sagala rupa hal, Nu jumeneng dina sagala perkara.
[7] Urang geus dipaparin kurnia. Masing-masing nurutkeun kumaha perluna numutkeun timbangan Al Masih.
[8] Sakumaha ceuk Kitab: «Mangsa Anjeunna munggah ka manggung, munggahna nyandak boyongan-boyongan, sarta maparin rupa-rupa kurnia ka manusa.»
[9] Kecap-kecap «Anjeunna munggah ka manggung,» eta teh netelakeun yen Anjeunna kungsi lungsur ka ieu bumi.
[10] Eta Anu lungsur teh lajeng munggah ka manggung nu aya di jabaning langit, pikeun jumeneng tur ngereh sajagat raya.
[11] Sih kurnia-Na nu dipaparinkeun teh, nya eta aya jalma anu dijadikeun rasul-rasul, aya nu dijadikeun nabi-nabi, juru-juru Injil, pamingpin-pamingpin jamaah, sarta guru-guru jamaah.
[12] Eta sakabeh dianggo jalan, sangkan umat anu percaya ka Allah bisa ngalampahkeun tugas anu geus dipaparinkeun ku Mantenna, nya pikeun kajembaranana salira Al Masih.
[13] Lian ti eta, supaya urang oge bisa ngahontal katunggalan dina hal iman sarta dina hal kanyaho ka Putra Allah, malar bisa jadi Manusa nu sampurna saperti kasampurnaan Al Masih.
[14] Upama geus bisa kitu, urang teh geus moal kawas budak anu masih keneh bisa dibibitaan; moal kawas ombak anu beunang diulinkeun ku angin; moal kaolo ku rupa-rupa pangajaran teu uni, nya nu diasong-asong ku jelema-jelema julig, nu rek nipu merdaya sarta nyilakakeun tea;
[15] sabalikna, kalawan dibarung ku kanyaah, urang teh kudu medar nu bener; tangtu urang baris leuwih mekar nuju kana kasampurnaan saperti Al Masih anu jadi kapala urang.
[16] Nya Anjeunna puseur nu ngatur sakujur badan katut sagala babagianana. Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan ngalakonan kawajibanana nurutkeun tugasna masing-masing tur didadasaran ku silih pikanyaah, tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna.
[17] Kalawan asma Gusti, simkuring rek ngelingan: Omat, dulur-dulur, ulah angger bae hirup nurutan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah, anu angen-angenna marinculak.
[18] Nu kararitu teh hirupna poekkeun, geus teu make kana jalan ti Allah, baredegong, tur bodo katotoloyoh.
[19] Geus euweuh kaerana, resep ngalajur napsu, sarta paboro-boro nyiar kauntungan ku jalan kotor.
[20] Kapan piwulang Al Masih ka aranjeun mah lain kitu!
[21] Dulur-dulur geus terang ka Anjeunna, geus jaradi murid-Na sarta arapal kana piwulang-Na tina sual bebeneran.
[22] Ku sabab eta, geura piceun eta adat hirup aranjeun nu heubeul teh! Geura ruang watek nu heubeul teh! Upama teu kitu, cilaka; tangtu aranjeun palid ku hawa napsu sorangan.
[23] Hate jeung pikiran kudu robah, kudu anyar.
[24] Kudu jadi manusa anyar anu luyu jeung keur waktu diciptakeunana ku Allah, nya eta sayakti jeung suci kaayaanana.
[25] Jadi, aranjeun teh ulah silih bohongan deui. Kudu jujur pada batur sabab geus jaradi anggahota tina hiji badan.
[26] Mun aranjeun pareng ambek, omat, ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa. Memeh panonpoe surup, ambek oge kudu geus sirna.
[27] Masing ati-ati, Iblis mah ulah dibere omber!
[28] Jelema anu pagaweanana maling, ulah pulang-paling deui. Kudu daek singkil, usaha nyiar pagawean anu halal; ngarah bisa tutulung ka nu butuh ongkoh.
[29] Mun aranjeun ngucap ge, ulah matak nyugak. Sing hade pokpokanana sakumaha perluna, malar katarima ku nu ngadengena.
[30] Ulah nyiar-nyiar pinalangsaeun Ruh Allah nu suci; da aranjeun teh enggeus disegel ku Mantenna pikeun tanda dina poean aranjeun narima kasalametan.
[31] Aranjeun ulah sok ngunek-ngunek, ngayunkeun kakeuheul ngumbar amarah, ulah sentak-sengor, sarta supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan; kitu deuih, sagala lampah nu goreng.
[32] Jeung pada batur kudu sareh, langsar hate, sarta silih hampura. Sabab aranjeun oge geus dihampura ku Allah, ku karana Al Masih.