Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:17

[1] Perkara ngabantu ka sasama umat Allah, saenyana, aranjeun geus teu kudu dititah-titah.

[2] Simkuring percaya yen hate aranjeun jembar. Ka urang Makedoni mah ku simkuring malah dibejakeun kieu: ‹Urang Ahaya mah, ti taun tukang keneh ge geus ngamimitian.› Temahna maranehna kahudang sumangetna.

[3] Nu matak simkuring ngirimkeun utusan teh, malar pangalem simkuring perkara aranjeun henteu gagal. Hayang supaya aranjeun enya-enya geus sadia-sadia sakumaha anu diomongkeun ku simkuring.

[4] Sabab mun simkuring, jol ka dieu jeung sawatara urang Makedoni nyampak aranjeun can naon-naon, kapan tada teuing simkuring erana, nya kitu keneh aranjeun anu geus sakitu diugungna.

[5] Eta sababna, memeh datang, sorangan teh ngajurungkeun heula batur sina muguhkeun sumbangan anu geus disanggupan ku aranjeun tea. Ngarah enya, eta sumbangan teh, beubeunangan ti anu nyarumbang, lain beunang duduk-dadak simkuring kokobet tina saku aranjeun.

[6] Masing inget: Anu tandurna saeutik, dibuatna ge saeutik. Anu tandurna lega, dibuatna ge loba.

[7] Kira-kira ku sorangan, rek nyumbang sabaraha-sabarahana mah; eta ge kudu iklas, ulah ngarasa dumeh dipaksa. Nu mere jeung suka lilah, tangtu diasih ku Allah.

[8] Allah teh kawasa ngarijkian aranjeun medah-meduh, nepi ka sagala kaperluan aranjeun cukup tur laluasa sarta bisa ngabantu ku kahadean.

[9] Sakumaha ceuk Kitab: ‹Mantenna maparin berkah, nyekapan ka nu mariskin; welas asih-Na, mayeng salalanggengna.›

[10] Mantenna Nu maparin binih keur nu tebar jeung maparin keur tedaeunana; tangtu ka aranjeun oge, Mantenna maparin binih. Tur binihna tangtu dikersakeun jadi, sangkan amal usaha aranjeun hasilna manglipet-lipet.

[11] Mantenna baris ngersakeun aranjeun lubak-libuk, nepi ka bisa nulung mere ka nu lian. Sarta eta pitulung aranjeun teh, baris ngalantarankeun maranehna ngucap sukur ka Allah.

[12] Sabab eta sumbangan teh, lain bae baris nulung ka umat Allah, tapi oge baris ngalantarankeun rea jalma ngarasa sukur taya papadana ka kersa Allah.

[13] Ieu usaha amal kahadean teh geusan nembongkeun iman aranjeun, sangkan dulur-dulur urang ngamulyakeun ka Allah. Lian ti eta, oge pikeun nembongkeun, yen aranjeun tuhu kana pangajaran Al Masih; aranjeun boga hate anu mulya, dibuktikeun ku mitulung maranehna; kitu deui, ka nu sejen-sejenna.

[14] Ku maranehna baris katembong, kumaha luar biasana pitulung Allah ka aranjeun sarta maranehna bakal kacida ngadoakeunana.

[15] Puji jeung sukur ka lenggah Allah, anu kurnia-Na taya babandinganana.

2 Korinta — Chapters