[1] Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang deui teh. Ceuk Kitab: Hiji perkara kakara sah lamun kasaksian ku duaan atawa tiluan.
[2] Basa simkuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu ngalalampahkeun dosa teh, — kitu deui nu sejen-sejenna salian ti eta — ku simkuring geus diwawadian. Ayeuna oge, sajeroning pajauh keneh rek diwawadian deui. Sabab engke mah mun nganjang deui, saha bae ge nu salah mah moal aya anu dihampura deui.
[3] Ku aranjeun baris kanyahoan yen simkuring enya-enya ngemban timbalan Al Masih. Baris karasa yen mayunan aranjeun teh, Al Masih moal nembongkeun kalemahan, tangtu nembongkeun kakawasaan.
[4] Bareto, beunang disalib soteh bawaning ku diapeskeun. Tapi ku kawasaning Allah, ayeuna, Al Masih teh jumeneng. Simkuring sapara kanca oge, milu apes ka Anjeunna; tapi ku kawasaning Allah bakal hirup bareng jeung Anjeunna, supaya aranjeun oge mareunang mangpa'atna.
[5] Pek pariksa diri, na aranjeun teh boga iman kapercayaan atawa henteu? Yakin atawa henteu yen aranjeun teh disarengan ku Isa Al Masih? Lamun teu yakin, tetela aranjeun moal tahan uji.
[6] Mungguh simkuring mah, sabatur-batur, taya nu mungkir ti Gusti.
[7] Mugi-mugi Allah ngersakeun aranjeun ulah nepi ka nyieun kasalahan. Lain dumeh simkuring hayang katangar tahan uji, ieu mah hayang supaya aranjeun hararade kalakuan, najan simkuring katembongna siga henteu tahan uji.
[8] Teu kaduga simkuring mah ngalawan kana kayaktian teh, kaduga soteh ngalampahkeunana.
[9] Sanajan hengker, ari aranjeun kuat mah simkuring bungah. Dipangnedakeun pisan malar aranjeun bisa ngahontal kasampurnaan.
[10] Pangna simkuring nyuratan ti anggalna, malar ari geus jol datang ka aranjeun ulah kungsi ngagunakeun kakerasan. Sabab dipaparin wewenang ku Gusti oge, lain pikeun ngaruntagkeun, tapi pikeun ngomean hirup aranjeun.
[11] Dulur-dulur! Sakieu bae heula. Sabisa-bisa usahakeun ngahontal kasampurnaan tea. Masing akur pada batur sarta hirup masing repeh-rapih. Mugi-mugi Allah nu jadi sumbering asih jeung asaling karapihan, nyarengan hirup aranjeun.
[12] Sing silih ajenan jeung silih doakeun. Aya salam ti sakumna dulur-dulur anu saiman.
[13] Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, mendak welas asihing Allah, di jero katunggalan Ruh Allah.