Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:19

[1] Dulur-dulur, simkuring rek medar sih kurnia Allah ka umat-Na di Makedoni.

[2] Maranehna teh nandang cocoba anu pohara beuratna, tapi bubudenna teh barerag bae; tur sakitu mariskinna oge, tapi maranehna garetol kana mere derma.

[3] Tangtu, maranehna ngalakukeun kitu teh bari mereketkeun maneh.

[4] Malah kalah ka mararenta, — keukeuh pisan — hayang milu ngabantu nyumbang-nyumbang ka sasama umat Gusti.

[5] Teu nyana, nepi ka kitu! Lian ti sumerah ka Gusti, maranehna teh, — bari jeung kerna Allah — nawarkeun tanaga ka simkuring sapara kanca.

[6] Atuh simkuring sapara kanca teh, ngadesek ka Titus sina neruskeun amal saleh anu bareto ku anjeunna dimimitian di aranjeun tea, supaya nepi ka hasil.

[7] Ayeuna aranjeun teh geus jembar. Jembar iman, jembar basa, jembar pangarti, jembar pitulung, turug-turug jembar kanyaah ka simkuring sapara kanca. Muga-muga deuih sing jembar ku pangrojong kana eta usaha amal saleh.

[8] Tapi ieu mah lain marentah. Ieu mah ngan nyaritakeun sumanget batur kana tutulung, malakmandar bisa ngahudangkeun sumanget aranjeun kana tutulung cara kitu.

[9] Aranjeun geus ngarasa welas asih-Na Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Anjeunna anu sugih taya kakurang, dugi ka iklas nandang walurat ngabelaan aranjeun, supaya aranjeun jaradi sugih.

[10] Tumali jeung eta, kieu timbangan simkuring, sugan katarima: Ngingetkeun eta usaha teh, — nya aranjeun anu pangheulana mikiran — geus dimimitian diusahakeun ti taun tukang keneh;

[11] kumaha upama eta usaha teh, dijalankeun deui ayeuna nepi ka hasil tur sing suhud cara barang mimiti. Dipenta ridona, sakumaha bae ti nu geus aya.

[12] Da anu bisa ditarima teh, tangtu ti anu rido jeung ti nu geus aya, lain ti nu tacan aya.

[13] Dipentaan soteh, lain hartina kudu ngentengkeun batur bari sorangan seuseut-seuat. Ieu mah, malar aya kasaimbangan.

[14] Kaleuwihan aranjeun teh, kudu dipake nalang ka maranehna nu keur teu baroga; supaya kaleuwihan maranehna oge, nalangan aranjeun. Mun kitu tangtu kasaimbangan teh aya.

[15] Ieu luyu jeung Kitab: ‹Anu loba beubeunanganana ulah kaleuwihan, anu saeutik ulah kakurangan.›

[16] Sukur, Allah geus ngersakeun Titus geten ngabantu ka aranjeun cara simkuring.

[17] Bawaning ku getenna, miangna ka aranjeun teh lain sakadar nyumponan pamenta simkuring, tapi bari jeung niatna sorangan.

[18] Anjeunna dibaturan ku hiji dulur anu kapake ku jamaah dina ngawawarkeun Injil;

[19] malah dipercaya pikeun ngabantu simkuring dina ieu usaha amal kahadean nu diurus ku simkuring, geusan kamulyaan salira Gusti jeung pikeun nandakeun karidoan simkuring.

[20] Enggoning ngajalankeun ieu usaha tur ngurus duit sumbangan anu sakitu gedena, simkuring seja nyegah ulah nepi ka aya sangkaan teu hade ti batur.

[21] Sabab hayang hade teh lain ngan di payuneun Allah bae, tapi oge di hareupeun sasama jalma.

[22] Aya saurang deui anu bareng diutus teh, nya eta dulur simkuring anu geus sering dicoba sarta bukti kagetenanana; malah ka dieunakeun mah, beuki geten bae lantaran kataji ku aranjeun.

[23] Ari Titus mah geus puguh deui kanca simkuring anu babarengan ngabantu ka aranjeun. Ari anu duaan deui, kabeh ge, wawakil jamaah sarta kamanah ku Al Masih.

[24] Ku sabab eta, muga ditararima. Tembongkeun kanyaah aranjeun. Tembongkeun ka jamaat yen aranjeun beunang diandelkeun.

2 Korinta — Chapters