[1] Muga aranjeun teh, ulah kurang-kurang, ngama'lum ka simkuring anu bodo.
[2] Simkuring osok timburuan ka aranjeun teh, bawaning ku nyaah, nya eta kanyaah anu asalna ti Allah. Sabab aranjeun disanggakeun ka Al Masih teh, ibarat lanjang anu geus dipapacangankeun.
[3] Kainggis teh, sieun bisi aranjeun kagoda ku nu sejen; heug udar kasatiaan aranjeun ka Al Masih teh, kawas Hawa anu kaosol ku Si Oray pelit tea.
[4] Da geuning aranjeun mah jongjon bae, sakitu aya anu uar-uar magar aya Al Masih sejen, aya Ruh sejen, sarta aya Injil sejen anu beda ti nu dikabarkeun ku simkuring.
[5] Sanajan kitu, simkuring mah henteu asa leuwih handap ti eta rasul-rasul anu magar laluhung teh.
[6] Bener, yen simkuring mah lain ahli nyarita, tapi ari pangarti mah boga. Hal ieu, unggal aya kasempetan, ku simkuring sok teu kendat ditetelakeun ka aranjeun.
[7] Enggoning ngabarkeun Injil Allah ka aranjeun, tara teh teuing simkuring menta buruhan. Kaperluan sorangan mah dipandeurikeun bae, mentingkeun heula aranjeun. Cik, naha salah ari kitu?
[8] Pikeun nyumponan ongkos-ongkos supaya bisa terus baranggawe di aranjeun, simkuring dibelaan ngurihit ka jamaah-jamaah sejen menta disumbang.
[9] Salila di aranjeun, najan sakumaha butuhna ku duit, can sakali simkuring ngurihit ka aranjeun. Kabeh pangabutuh geus dicukup ku dulur-dulur anu daratang ti Makedoni. Kalah ka kumaha ge, aranjeun mah moal dibeungbeuratan. Ieu pamadegan simkuring teh keur saterusna.
[10] Lebah dieu simkuring agul. Demi kayaktian Al Masih anu aya di diri simkuring, ieu rasa agul teh, di sakuliah Ahaya hamo aya anu bisa mupus.
[11] Naha simkuring ngomong kitu? Na pedah teu nyaah ka aranjeun? Puguh bae nyaah mah, Allah ge langkung tingali.
[12] Simkuring rek angger kitu, geusan nyegah hal-hal anu bisa dijieun gara-gara ku tukang nyieun gara-gara: Anu akon-akon magar maranehna oge sarua boga jabatan kawas jabatan simkuring.
[13] Eta, nu karitu teh, rasul-rasul titiron rek macikeuh, nyamur-nyamur rasul-Na Al Masih.
[14] Teu aneh, ma'lum Iblis oge osok niron-niron malaikat sajati.
[15] Atuh teu aneh deuih, lamun bawahanana oge nyalalamur jadi abdi-abdi kayaktian teh. Tapi moal teu aya balukarna ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana.
[16] Sakali deui, muga simkuring ulah dianggap Si Bodo. Tapi ari kapaksa-kapaksa teuing mah, dianggap kitu ge, teu naon-naon. Asal bae tetep kaaku ku aranjeun, sangkan bisa keneh ngagulkeun aranjeun saeutik-eutikeun.
[17] Puguh bae, ieu mah lain ucapan panganut Al Masih. Ieu mah ucapan simkuring, Si Bodo anu agul ku kabodoanana.
[18] Sabab loba jalma anu aragul ku sual-sual sipat lahir; jadi, naon salahna, upama simkuring nurutan?
[19] Bongan aranjeun anu palinter daek dikutiplak ku nu barodo!
[20] Buktina sakitu diutuh-etah, diperes, dipacikeuh, diangkuhan, jeung ditalipak ku nu karitu, aranjeun mah jongjon bae.
[21] Era-era ge rek waleh, simkuring sapara kanca mah pimanaeun kuat dikitu-kitu! Rumasa teu kaopan. Sabalikna, mun aya anu wani agul-agul, — ceuk pikiran simkuring anu bodo — simkuring oge wani agul-agul mah?
[22] Ari maranehna teh urang Ibrani? Simkuring oge urang Ibrani. Ari maranehna teh urang Israil? Simkuring oge urang Israil. Ari maranehna teh turunan Ibrahim? Simkuring ge turunan Ibrahim.
[23] Ari maranehna teh abdi-abdi Al Masih? Komo simkuring mah! Rek nyombong ge, simkuring mah pantes. Sabab ngabdi ka Anjeunna teh, estu tohtohan, nya eta nepi ka dipanjara, disiksa, sarta mindeng mehmehan ajal.
[24] Dirangketan ku urang Yahudi ge, mani lima rintakan: Masing-masing opat puluh kali ngarangket kurang hiji.
[25] Diteunggeulan ku gegendir, tilu rintakan. Dibaledogan ku batu sakali. Cilaka di laut lantaran kapal kalebuh, tilu kali. Kungsi sakali, awak ngangkleung di laut sapoe sapeuting.
[26] Sajeroning luluntaan, simkuring mindeng dipegat bahaya: Bahaya di walungan, bahaya dibegal, bahaya ti bangsa sorangan kitu deui ti bangsa deungeun, bahaya di kota, di alas kikisik, di laut, kitu deui bahaya ti jelema-jelema anu pura-pura midulur.
[27] Simkuring ge, mindeng kudu banting tulang, carang mondok, mindeng lapar, halabhab, sering teu manggih dahar, mindeng kabulusan, tur teu boga papakean anu bener.
[28] Mana ripuh ku urusan-urusan sapopoe, — anu ku simkuring teu kudu dicaturkeun deui — mana melang ka jamaah-jamaah!
[29] Upama aya nu nandang apes; naha kitu simkuring teu milu apes? Naha kitu hate simkuring tara remuk ku kasedih, upama aya dulur anu tigubrag kana dosa?
[30] Lamun simkuring rek agul, agul teh ku perkara-perkara anu tumali jeung kahengkeran sorangan.
[31] Enyaan, simkuring teu bohong. Allah, — Ramana Isa, Gusti Jungjunan urang, sembaheun salalawasna — uninga yen ieu lain akon-akon.
[32] Basa keur di Damsik, simkuring teh rek ditangkep ku gupernur di dinya, bawahan raja Aretas. Kota dikepung jeung dijaga sakurilingna.
[33] Tapi berekah, simkuring teh aya anu nulungan. Simkuring diulur dina karanjang ti luhur kuta; ku jalan eta, simkuring teh bisa salamet, henteu kacerek.